Getting the transcript
Reading the captions from YouTube. A video nobody has opened here before takes 10 to 30 seconds; this page fills in on its own.
Getting the transcript
Reading the captions from YouTube. A video nobody has opened here before takes 10 to 30 seconds; this page fills in on its own.

The Story of the Land of Sunda · @kisahtanahsunda
Words
6,314
Runtime
1:00:16
Speaking pace
105wpm
Reading time
26min
105 words per minute, below the 160 25th percentile of 349 measured videos. That distribution comes from the 349-video hook study.
Opening (first 30 seconds)
[musik] Bismillahirrahmanirrahim. [musik] Alhamdulillah. Asalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh. Sampurasun wargi dulur baraya sadayana. Tepang dangu dei sareng sim [musik] kuring nya Mang Ian Ki Demang Gunung Haluta. Geuningan anu manis anu kempot nu kasep sa Jawa Barat. Ceuk ema dina acara anu maneh nyaeta dongeng Sunda. Dongeng jaman kiwari ala kiwari anu nyarioskeun lalakon
53 words, the words spoken in the first 30 seconds at 105 words per minute.
Free, no signup. See how the first 30 seconds hold attention, with rewrites.
Sentence shape
| Measure | This transcript |
|---|---|
| Sentences | 522 |
| Average words per sentence | 12.1 |
| Longest sentence | 162 words |
| Questions asked | 35 |
| Sentences containing a number | 5 |
Most used terms
Free, no account. See where attention is likely to drop, with a rewrite for each weak line. The free check shows the scores and the one issue costing the most. Or run it on the words above first.
Free · No login · See a sample audit first if you prefer.
What this transcript is
Every word below is the caption track YouTube publishes for this video, pulled from the video itself and reproduced unchanged. It is not Prepublish's writing, not a summary, and not a re-transcription: it is the video's own published captions. Indonesian captions, generated automatically by YouTube, in the video’s original language. Source: the video on YouTube. A channel that would rather this page did not exist can ask for its removal through the contact page, and it is removed.
No Script X-ray for this video: YouTube shows a Most replayed graph only once a video has enough views.
[musik] Bismillahirrahmanirrahim. [musik] Alhamdulillah. Asalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh. Sampurasun wargi dulur baraya sadayana. Tepang dangu dei sareng sim [musik] kuring nya Mang Ian Ki Demang Gunung Haluta. Geuningan anu manis anu kempot nu kasep sa Jawa Barat. Ceuk ema dina acara anu maneh nyaeta dongeng Sunda. Dongeng jaman kiwari ala kiwari anu nyarioskeun lalakon kahirupan mangsa bihari atanapi kabaeulaan.
Kumaha dararamang para wargi sadayana? Tumugi aya dina ginanjar kawilujengan rahayu berkah salamet. Amin ya Allah ya rabbal alamin. Dina waktos ieu sim kuring seja neraskeun hanca nu katunda dina pedaran dongeng anu judulna si buntung jago tutugan bagian anu ka9 karya Bapak Sukandar. Hapunten latnya sim kuring teh ka bancen nya kamari teh teu damang teras nyebian maksakeun ngarekam nya wengi kamari teh efek teh 3 jam teh teu kacolokeun jadi teu karekam nina langsa nya jadi diulang deui ieu teh kumaha salajengna ieu lalakon si buntung nya saatosna tepang sareng Aki Musani di gembleng nya aduh sigana teh ieu awal caritana teh ngabentuk wujud e hiji jawara Garut anu pilih tanding teh.
Namung satacanna dilajeng kade ulah hilap anu teacan subscribe kana YouTube Kisah Tanah Sunda nya. Mangga di-subscribe heula supados tiasa kengeng notifikasi kanggo setiap jajer carita nu salajengna oge nu sanesna. YouTube simkuring aya tilu Ki Demang Gunung Halu nya nuju ngahanca Rajapati teras dongeng Sunda Mang Yan nya ngan mandog eta Dewi Sekartaji sareng Saninten emas abdi ge ngantosan nya ulah nyarekan ka abdi sami abdi ge mun aya dongengna mah ku abdi didongengkeun rek opat episode sadinten oge ari kamu model ayeuna si buntung nya tos aya dugikeun ka tamat teras rajapati tos aya dugikeun ka tamat kitu ulah hilap diike dikomen nya para wargi sadayana sareng ulah disip Klanada bageur kitu nya.
Atuh pamugia anu parantos sing tiasa janten rencang nu ngahibur nya ka para wargi sadayana kanggo ibu-ibu bari masak nyeuseuh gegerohna kanggo bapak bapa bari nyantuy nyiopay udud samsay ngabaheuhay ditepas nya heh bari ngabayangkeun nu oge dipadamelan di tempat konveksi bari ngajait matong brasna di tempat cukur asgar nya di pasar di pabrik di kantor di perjalanan bari nyupiran pokona mahkum ka dulu-dulu nu aya di lembur baraya nu aya di kota oge di pangumbaraan kumargi teu sakedik Wargi-wargi urang nu aya di luar daerah bahkan di luar negeri sok mararanco dina pedaran dongeng Sunda Mang Ian teh nya janten landong katineung rencang damel oge anu ngaros kahibur ku pedaran dongeng sim kuring da ieu mah nya etang-etang parodi sanes pendongeng sim kuring mah nya ieu mah ngahirup-hirup deui kitu malikeun katineung kamangsa kabaaheulaan e lewat dongeng Sunda tahumpamina ngaros kahibur teras hoyong apresiasi tiasa kana nomor dana ieu tah kanggo meser kuota da abdi Mah cicingna di sisi leuweung nya.
Em tiasa ngupload ungal dinten ari kamu nya. Da bageur eu jang mulih [musik] kopi udud pan urang teh. Heueuh. [tertawa] Sareng sakumaha biasana hayu urang sasarengan nga alfatihahan nya ngintunan hadiah ngagib alfatihah kanggo pengarangna. [musik] Pamugia ieu karya teh sing tiasa janten ladang amal kanggo Bapak Isukandar sebagai pengarangna oge kanggo pengarang-pengarang nu sanes Kang Cepi Setiawan Kang Rompis mugia karyana sing janten ladang amal pamuka panto rejeki nya estuning da sim kuring mah gratisan ieu dina ngadongeng teh sanes kanggo radio para wargi nya.
He kitu sareng di mana urang resep ngadoakeun batur eta doa teh Kang urang nyalira khusus ilaruhi ahlil kubur Bapak Sukandar Allahfirlahu warhamillahum alfatihahubillahiminasyaitanirjim bismillahirrahmanirrahim alhamdulillahiabbil alamin arahmanirrahimiki yaumiddin iyaka nabudu wa iyaka nastain ihdinatal mustaqimina Sok langkung ti R.000 nu biasana nya nonton si Buntung teh upami sadayana ngaoskeun alfatihah masyaallah nya R.000 Ibu aosan alfatihah dikintunkeun ka Bapak isukana ruh janten hiji hadiah nu luar biasa, kabungah nu luar biasa oge janten medan energi nya anu kaberkahanana bakal uwih deui kanggo urang sadayana.
Atuh pamugia anu usahana sing dilancarkeun, diberkahkeun, rumah tanggana sing sakinah, mawadah, warahmah nya. Nu milari jodona sing engal pendakeun serong jodona nu damelna sing lancar, sing dipikanyaah nya ku dunungan. Anu gaduh cita-citana sing dikabul hajatna nya. Amin. Amin ya Allah ya rabbal alamin. Kung raos disambungkeun kana speaker aktif atanapi Bluetooth ngageleger komo kana tua masjid mah. Supados teu nyangkolong ting kana waktos.
Hayu ah urang sami-sami ngalajengkeun ieu lalakon si buntung jago tutugan bagian anu ka 29. Manggaah kaparayun sadayana. Wilujeng ngadangukeun ah. [musik] [lonceng] [musik] Tadina mah Andi teh rekure heula sabulan wae mah moal waka indit-inditan. Tapi orokaya Ki Jantra mani geus kumejot hayang geura papanggih jeung nu jadi anak pamajikan. Nyaeta mah ijah katut ngitar sia peupeuriheun anu di cararomah lapur tara diteang lantaran nyaeta sok sieun bantrok jeung si jakalar baturna.
Ari dek ngajakan Andi heurin kuletah ngarasa karunya [musik] lantaran jauh jeung tangtuna moal bisa sakeudeung. Nya dina hiji waktu mah bral bae aruaan ka tilu siruyuk. Sakali ieu mah jalanna teh ka pasir banteng lantaran boga maksud bari rek nepungan mad tasim di kadungora. Ti dinya atuh rek terus ka Tambak Baya nepungan Aki Musani. Ti Tambak Baya mah karinegel we ngetan ka lembur Hujung. Moal kungsi ngaliwatan ka Cipancar heula anu pikeun Andi mah jadi ngarasa hoream.
Eukeur mah kapan bareto teh kungsi diributkeun [musik] ku Ki Badra jeung Ki Jalal dina peuting pangantenan Nyi Euis tea. Anu meh bae manehna ngarandapan dikarepu ku salembur. Lamun teu kurang-kurang akal mah moal bisa salamet. Rupana bae Andi teh kudu balitungan deui jeung Wijana. Harita teh kabeneran Wijana jeung Pamajid katut Widarma keur maju ka arah panenjoan. Biasa dina raraga maluruh si Jakalara jeung Karna. Maranehanana geus ngaliwatan pasir banteng.
Jadi Andi jeung Ki Jantra mah beunang disebutkeun teacan sakumaha jauhna ti panenjoan teh. Seperti biasa si ruyuk mah kakalayangan di luhur miheulaan geus rada anggang kakara ngadagoan nyengcle dina tangkal Johar. Di mana geus deukeut kakara manehna hiber deui kitu jeung kitu we tempo-tempo cicing di tukang mandeurikeun maneh lamun geus jauh kakara ngabelesat miheulaan. Waalaikumsalam B Guru Sarif Ceet teu sare wayah kie [musik] ih kamu gadang wae harita oge manehna mah geus ngablesat miheulaan hese harita oge manehna mah geus ngabelesat miheulaan puguh we jol-jol breh pamajid Wijana katut Widarma ku siruyuk harita kanyahoan ngaran sato atuh san Sanjan geus kacida iceusna oge tetep bae moal boga jejujehan sarta ijiran sagala-galana ngan nurutkeun naluri satona.
Saperti harita barang retiruyuk kawijana anu nyahona mah yen eta jelema teh musuh dununganana. Ku kituna seot bae si Ruyuk teh narajang. Puguh we pikeun Wijana Katut Widarma dalah pamajid pisan. Kabehanana geus pada nyaho yen eta heulang teh bogana Andi anu katelah si buntung jago tutugan. Wijana anu memang geus boga pangalaman lantaran geus aya dua kalina ditarajang ku si Ruyuk. Barang miung Si Ruyuk Nyirorot oge ngagentak nyabut ruyung kawungna.
Atuh Widarma nya kitu keneh ngagentak nyabut bedogna. Ngan pamajid anu teu pipilueun teh kalah nempukeun kawas nu ngahaja nanggap. Seot nyiroro terus nyabet ka Wijana anu maksudna mah rek ngagapruk kana sirahna. Tapi Wijana cukup ringe sakilat nyabetkeun ruyungna pikeun mapag heulangna nu dianggapna teh kacida kurang ajarna. Si Ruyuk ngalegot saterusna nyerepet ka Widarma nu maksudna mah sarua rek ngagaprugahna. Orokaya Widarma oge teu cicing rikat mapag ku bedogna anu pikeun sir Ruyuk mah kapaksa kudu ngajaul deui.
Ku kituna manehna kalakah terus narajang ka Pamajid anu katempona teu mawa pakarang. Seot si Ruyuk nyamer teu beda we tinu rek ngagapruk kana anak hayam. Oro kaya sanajan bener lemor tapi kapan ari dampa leungeun mah lewih-leuwih ti bedog bahayana. Waktu si Ruyuk rek nyabet sirah, pamajid ukur ngakilkeun sirahna sarta hiuk jubrod bae si ruyuk teh dibabuk ku dampa leungeunna anu geus muka sapinuhna. Teu loba deui codeka kedebut bae si Ruyuk teh meubeut kana taneuh.
Galaprak rek hiber tapi teu bisaun lantaran jangjangna ngadadak ngaplek sabeulah. Gancang ku pamaji diburu. Lain rek nanaon teu burung we manehna teh ngarasa reuwas mah. He sok sieun heulang teh terus paeh be bisa kumahaeun ngambekna Andi. Tapi si Ruyuk teh teu beunang ditewa manehna. Kalahkah terus aclog-aclogan bari teu eureun ngageulik kacida tarikna. Wijana terus ngudag tapi nya kitu maksudna mah rek ngilikan tatuna.
Naha jangjangna teh potong atawa ngan sakadar ngaplek bae? Geus kitu mah manehna oge ngarasa hariwang bisa kumaha amarahna Andi. Sedengkeun Andi jeung Ki Jantra anu keur jongjon laleumpang lain deui ngaranjugna barang ngadenge sora siruyuk anu sakitu tarikna teh anu pikeun Andi mah geus nyaho deui yen kukutanana teh keur ngarandapan kanyeri anu pohara. Geus teu panjang deui mikir, brecet bae manehna lumpat, leok mengkol, ana breh teh siruyu keur aclog-aclogan bari ditukangeunana aya nu ngarudag nu taya lian ti Wijana.
Eur mah ka Wijana teh memang masih boga kapanasaran. Turug-turug ayeuna aya pasal pisan. Ku kituna geus teu mikir deui komo kana papatahna Aki Musani mah sama sakali teu ingeteun teu anta parah deui. Ngan sebrut bae Andi teh narajang sakaligus ngagunakeun leungeun buntungna. Eh eh eh ke ke ke mangkelanan Andi. Wijana bari ngagentak ngolebat ka gigir maksudna mah rek mere penjelasan heula. Teu kudu loba omong Wijana. Memang kaula jeung Andika teh masih ken aya balitungkeun, tapi Andika teu perlu ngakaya kukutan kaula.
Atuh Andi bade saburut deui bae narajang. Peureupna mani bangbaraan ciciren manehna bener-bener ngumbar tanagana. Eh sabar heula Ki Andi. Kaula memang nu boga vna. Bongan heulang teh teu pupugujol narajang miheulaan. Pajid ngagorowok maksudna mah ngelingan ka Andi supaya ulah ngaberung nafsu. Alah satalin baru Anika jeung si Wijana mah pamajitus teu perlu loba alesan. Hayo geura bejadkeun dada si Andi lamun nyata Andika lalaki ulah ukur wani ngakaya sato hewan.
Andi males ngagorowok sedengkeun panarajangna terus teureun ngincer badan Wijana. Hadi ari teu beunang dibawa badami mah Andi bae geura ragap siruyung kawung Wijana ngagorowok pinuh ku tangtangan ceulina teu beda lir disebit ngadenge pokpokanana andi tadi. Memang eta nu dipikyang oge. Hayo urang patut tunggalan jeung kaula. Coba geura jajal ieu wewosen si buntung jago tutugan. Siap dius leungeun buntung Andi anu ti tatadi ngan pos-pos bae lantaran Wijana terus kokolebatan nyingkahan panarajang.
Bae Andi kaula oge moal mundur sanajan satunjang beas. Wijana bari rikat ngalelepkeun badanna dina gerakan monyet ngemil. Syarat maksuna dek disusul ku gerakan Cadinoktrok pikeun ngahanca iga burung nu jadi lawan. Tapi Andi anu ayeuna geus ningkat jauh pangabisana lamun dibandingkeun jeung samemehna digembleng ku Aki Musani. Mireungeuh gerakan Wijana kitu teh manehna sakilat ngajorelat ka gigir bari nyamberkeun dampal suku katuna dina gerakan Walang Sungsang.
Orokaya Wijana oge teu eleh kesit. Manehna ngagentak ngagilirkeun badanna dibarengan ku gerakna leungeun anu ngaheat teungulan gede pikeun ngahanca dampal suku. Tapi Andi anu memang pada-pada kesit sakilat narik deui sukuna sarta langsung ditempatkeun di satukangeun suku katuhu. Sedeng badanna ngagentak ngajorelat ngenca bari ngabarengan nyebrutna leungeun buntung dek ngahanca lawan. Tapi Wijana kaburu keneh ngagilirkeun badanna ka katu bari narik suku katuna ka tukang.
Sedengkeun suku kencana dina gerakan tejeh kuda beger ngaheat rek ngajejek ke kemplong Andi anu beulah katuhu. Orok kaya Andi kacidaringeusna ngagentak manehna ngahembatkeun leungeun katuhunna pikeun nimpuk dampal suku lawan ku gerakan malang Putung. Anu tumrapna ka Wijana lain deui matak ngaranjugna anu ngajadikeun manehna kapaksa ngajaul ka tukang dina gerakan jeler kasaatan. Naha make ngejat Wijana? Kitu peta geuning anu disohorkeun siruyung kaung teh.
[tertawa] Ucapan Andi Estuning matak ngahab kadengena. Wijana teu nembal manehna kalah ngareret ka Pajid anu teu beda we jeung manehna pada-pada ngandung kaget anu pohara. Lain kaget ku Sena Andi, tapi kaget ku gerakan dieu waktu Ani rek nimpug dampal sukuna. Lantaran eta gerakan teh persis seperti gerakan timpug miring dina jurus alif. Anu sakanyao manehanana mah anu ngabogaan pasangan jurus alif teh. Ngan duaan nyaeta Aki Siddiq almarhum anu saterusna diwiridkeun ka Gumilar sarta anu ayeuna geus dipiboga ku Wijana.
Sedengkeun anu saurang deui nyaeta guruna pamajid pribadi anu ku pamajid sorangan tacan kungsi kapiimilik lantaran kaburu nuturkeun anu jadi pamajikan ka kampung Cibalieur anu pernahna di Pakidulan. Ngan nyaeta Hanas guruna ditinggalkeun di Cirebon sarta eta jurus tacan kapimilik. Anakna lalaki anu munggaran bet teu kungsi wewelasan taun umurna. Anu saterusna teu kungsi lila dituturkeun ku maotna nu jadi pamajikan. Atuh geus kitu mah biur bae manehna nyungsi deui ka Cirebon.
Maksudna deuk neruskeun ku guru. Tapi matak hanjakalna teh guruna geus teu nyampak. Cenah geus pindah ka sejen daerah tapi teuing di mana-manana. Anu matak jadi kaget pikeun Pajid mah, naha ti mana Andi teh meunang guguruna? Kumireung ti heula jurus gelap ngampar oge geus matak helok. Lantaran eta jurus teh meunang nyiptakeun manehanana kadua dulur sapaguruanana anu nepikeun ka ayeuna oge teu kanyahoan di mana ayana.
Aeh nabet kalaka caricing sor sa nu rek maju puguh we tumrapna kaijana te beda we tiureud kalajengking manehna kakara eling yen harita teh keur nyanghareupan musuh ku kituna ngagentak manehna luncat ka hareupeun Andi bari nyamberkeun peureupna dina gerakan oray totog tapi kalah manehna anu mehmehan kabeunangan lantaran Andi anu memang geus nyaho kumaha gerak tipuna eta jurus kalah saburut bae Papag ku leungeun buntungna anu tumrapna kawijana geus matak ngaranyug deui bae.
Ku kituna euweuh deui jalan ngagentak Wijana ngagunakeun gerakan ulin besot. Tapi tetela leungeun buntung teh hese pikeun ditewakna mineng leungit tina sasaran anu dina mecenghulna teh langsung ngablesur mangrupa benturan anu matak pawur. Tapi Wijana teu kapetolan ngagentak manehna ngawangun pasangan Galura laut kidul. Tembong ayeuna mah leungeun buntung teh leungit kaampuhanana. Lantaran karasana ku Andi mah tonjokanana teh loba plusplos teu beda we ting ngahanca gulungan cai ombak.
Sabalikna benturan Wijana nu ayeuna mah datangna teu beda we ti hujan silantang nepikeun ka Andi mehmehan kawalahan. Ku kituna ngageak Andi ngawangun gerakan Jukut Riut masih pangleler ti Aki Musani. Giliran Wijana ayeuna mah anu teu puguh pamola. Lantaran tiap ngasupkeun teungulan teh kaona badan teh jadi ngariut. Ngaleikan deui bari jeung teu putus samet dinya bari ngariutkeun badan teh benturan leungeun buntungna mah terus nyebrut.
Anu antukna jadi manehna nu kawalahan. Anu akhirna mah seret bae Wijana teh nyabut ruyung kawungna. Geus bosen ngadu peureup teh euy. [tertawa] Andi satengah mah panas ret manehna ka Ki Jantra tembong ngarenyu. Ngarasa bungah dumeh Andi bisa ngungkulan anu jadi lawana. Baka tingkung ngarasa kataji nepikeun ka Ki Jantra teu pisan mali ka Sir Ruyug anu harita geus euweuh ti dinya. Dununganana keur patutunggalan teh manehna mah terus we ngureuyeuh aclog-aclogan balik deui ka panenjoan.
Hayo geura kaluarkeun pakarang Andika ayunan ruyung kaung kaula. Wijana nyorowok bari ka pamajid jeung Widarma anu tembong ngarasa hariwang. Pangpangna mah pamajid kumir teu mentalna gerakan besot jeung jurus galura laut kidul teh jadi pertanda yen musuhna teh lain lalaworakeun. Ulah-ulah Wijana nepikeun ka kudu ngalaman jadi pacundang Wijana. Ruyung kaung andika pasti ku kaula bakal diladenan. Ku ieu we yeuh. Ceuk Andi bari mesat haur koneng tina tonggongna.
Set dipaut tina lawona. Memang ku manehna teh disolobongkeun estuning dipupus tiner. Pamajid lain deui ngaranjugna barang ningali pakarang Andi. Malah ayeuna mah leuwih-leuwih. Da eta weh panona teu sirikna dipolotkeun. Kawas nu hayang leuwih sidik naha bener anu keur dicekel ku Andi teh haur koneng atawa lain kelanan Andi. Ceuk Pajid paparahna mah rek ngahulag tapi teu kaburuprak lantaran gerakan uyuyung kawung Wijana teh geus ngablesat manten rek ngahanca sasaran sorana mening ngahiung ciciren dieusi tanaga jero anu kacida rongkahna.
Hiuk ruyung gaung dina gerakan Nyila Bumi saah-olah rek meulahkeun badan Andi. Tapi Andi rikat ngakilkeun badanna bari nakis ku haur koneng. Pretrok diadu disangka ku Ki Jantra atawa Widarma mah moal teremuk haur koneng teh. Tapi jauh tina sangkaan. Haur koneng tetep belegger sarta badan Andi tetep pancuh dina kuda-kudana. Kalahkah siruyung kaung nepikeun ka ngoleweng malah badan Wijana oge kabawa nyanggeyeng. Akibatna Wijana lain deui ngaranjugna.
Pamajid mah komo beungutna nepikeun kapias. Mun teu sieun Wijana salah tarima mah manehna boga maksud rek misah lantaran geus bisa dipastikeun. Haur koneng teh lain pitandingeun ruyung kawung. Ulah-ulah Wijana sorangan bakal ngarandapan mamalan anu kacida hebatna. Tapi Wijana sanajan ngarasa kaget anu pohara. Saeutik oge teu matak sentar. Ngagentak manehna ngakunakeun gerakan kolecer muih meunang mulungan tinu jadi pamajikan basa di jero kamar.
Hebatna atuh lain di kieu. Tungtung ruyung teh nepikeun ka si Gabor atuh. Tapi ku and ukur dibabuk dua kali dibulangbaling nepikeun ka gerakan kolecer muih teh buyar teu mangga pulia. De Wijana ayeuna mah ngagunakeun gerakan lancah maung masih meunang mulungan ti ipah pamajikanana. Sorana ngahiung matak paur kawantu hiji gerakan nu lain heureuyuneun. Badan Wijana anu teu tembong lantaran katutup gerakan cah maung terus nyuruntul.
Tapi Andi tetep ayem. Manehna sagemlengna percaya kana kakuatan haur konengna. Yen pakarang naon bae oge bakal leungit kaampuhanana. Ngagentak maneh ngawangun gerakan turih wajib menang guguru timadasin buus haur koneng asup kana sela-sela gerakan lancah maung derekdek reg gerakan lancah maung ngadadak eureun sarta congona ruyung kawung teh nepikeun ka mareklek maruragan sedengkeun wijana nepikeun ka ngagedebut kasentak ku tanaga ruyung kawungna anu ngadadak eureun sedeng hauru konengna mah teu naon-naon eh mundur jang Ceuk pamajid ngagorok bari jleng luncat ka hareupeun And.
Heh kolot mah kudu jeung pada kolot deui atuh Ki Silah. Ngadadak di tukangeun Andika sora anu nyorowok. Sing horeng teh pamardaka kakara ngarong heap. Pangna datang teh dumeh mireungeuh siruyuk anu balik bari jangjangna ruksak sabeulah. Geus teug bae tangtu aya naon-naon anu keur karandapan ku Andi jeung Ki Jantra. Jeung pamardaka luncat ka hareupun pamajid. Tapi ari rek adu hareupan sarta dua pasang panon paadu teuteup ngadadak itu ieu riuk pasemona roboba.
[musik] Eh eh [berdehem] uga ieu teh pamajid nanya bangun asa-asa. Allahah ieu teh Kang Suangsa? Ceuk Pamardaka kalah malik nanya. Tapi nya kitu deui bangun anu asa-asa. Aduh ad Ki Adi ieu teh geuning dulur akang. Enya enya akang teh suangsa adi. Ceuk Pajid geus ter gagumag deui ngan gabrug bae ngaronto ka Pamardaka. Atuh pamardaka nya kitu keneh manehna nangkeup ti pepereket ka pamajit. Duanana paungku-ungku bari ngaluarkeun Cipanon ngarasa bagja nu lain di kieuna bisa tepung deui jeung [musik] dulur sapaguruan.
Sakur anu rarempokeun nu teu pating polohok lantaran anu disangkana bakal hebat padungdung teh. Buktina mah kalah silih rangkul nembongkeun di kasonoan. [musik] Sanggeus leler ngumbar ka sono, pok pamajid nyarita, gegelan adi pamajid bari ngalesotkeun rangkulanana. Ari itu teh saha? Pamajid bari ngareret ka Andi. Oh, Ki Andi eta teh inju abdi. Ceuk Pamardaka bari ret ka Andi. Aduh teu sangka. Paingan basa ti heula manehna ngagunakeun jurus gelap ngampar da geuning incu sorangan.
Ari itu Ki Adi Jang Andi teh ngabogaan haur koneng ti saha ta teh haur koneng. Pamardaka bari nelek-nelek. Bener weh kakara sidik Andi keur nyenyekel hawur koning anu rupana geus herang. Aeh aeeh bet siga kagungan P guru Kang Wangsa. Heuh. Puguh enya kagungan guru urang. Akang mah apal sareret oge. Pamajid bari te leupas mencrong ka Andi. Eh ke ke atuh e Andi ti mana hidep meunang eta haur koneng? Ceuk Pamardaka bari ngeteuyep nyampeurkeun bareng jeung Pamjid.
Oh. pamasihan ti Aki guru, Aki Uda. Ke ke ke naha Andi teh guguru deui kitu? Ira teh pamardaka kaget. Eh waktos kamari ieu basa abdi ngampleng tea. Aki saha jenengan? Aki Musani di Tambak Baya. Aki Musani? Ceuk Pardaka jeung Pajid meh bareng nanyana diung rasa kaget anu pohara. Sumuhun Aki. Aduh aduh syukur atuh Andi. Lantaran Bapa Musani teh nya guru aki pisan anjeuna teh pamardaka bari ngarangkul. Lain bae ngarasa bungah pedah Andi teh murid guruna pribadi tapi ngarasa bungah dumeh pamardaka bisa papanggih deui jeung nu jadi guruna.
Anu sasatna Aki Musani teh baheula ngadadak ngiles hantem diteangan ka ditu ka dieu teu kapanggih ari ayeuna ngagorehel turug-turug teu jauh deui ditambak baya Jang Andi Pamusani teh guru Aki teh pamajid nyarita bari ngusapan ka Andi [mendengus] Ki Adi ari Ari kitu mah Jang Andi teh leuwih punjul tibatan urang. Eh leuwih punjul kumaha eta teh Kang? Pamardakan nanya semu kaget. Leuwih punjul Ki Adi lantaran geuningan eta haur koneng teh kapimilikna ku Jang Andi.
Kapan saur pagur oge baheula haur koneng teh bakal diwariskeunana ka murid anu geus bisa ngawasa sakabeh elmu panemu nu jadi guru. Kapan urang mah teu kungsi ngamilik sakabehna. Aeh sumunya. Hm. Bagja temen hidep teh Andi. Bagja. Pamardaka bari ngusap-ngusap sirah Andi. Ebreh kanyaahna teh lain jijieunan. Aeh Jang Janaah. Geuning Kang Andi teh sarua incu aki keneh. Ku kituna hempek jaluk angguran mah silih hampura. Pamajid bari ngareret kawijana nu harita geus hudang sarta terus bae cinekul mireuh adegan anu ti disangka ti samemehna teh teu wudu kagetna teh lain lumayan wijana ngagugu saterusna manehna nguniang rek cengkat nyampeurkeun Andi tapi Andi ngagentak miheulaan sarta teu asa-asa deui gabrug bae manehna ngarangkul hapunten abdi Nya hapunten ceuk Andi bari dareuda.
Sami-sami Endi hampura oge Kang Jana nya teu sangka geuning urang teh kalakah riributan jeung baraya. Wijana bari males ngarangkul itu ieu pada-pada silih lubarkeun kasalahan. Heh. Hayu ayeuna mah urang kapanenjoan weh. Ceuk Pamardaka bari ngaleng kaduanana. Mangga mangga Kang Wangsa. Saterusna mah pamardaka ngahayukeun ka Pajid. Geus kitu mah bring bae sarerea muru ka panenjoan. Sajajalan teu petot-petot ngobrol bakuna mah boh pamajid, boh pamardaka.
Pada-pada hayang jelas meunang katerangan kumaha kaayaan Aki Musani ayeuna. Geus kitu disambung kana obrolan ngeunaan si Jaka. Beuki ebreh bae ayeuna mah yen bener si Jakalara teh geus mitnah ka Andi Ki Jantra anu nerangkeunana ngan hanjakalna teh teu nyahueun saha sabenerna si Jaka teh. Da lamun seug kanyahoan mah yen si Jaka teh karna tangtu sikepna Wijana oge bakal robah lantaran tetela karna teh boga maksud rek mateni nu jadi akina.
[musik] [lonceng] [musik] Teu dicatur kumaha anu ngaguar lalakon di panenjoan. Ngan anu jelas mah samemeh marulang teh pamajid mah kapaksa kudu ngubaran heula si Ruyuk anu kabeneran teu ngalaman tatu anu parna sarta sanggeus dibura bari diurutan mah jangjangna si ruyuk teh teu lila oge geus cageur saperti biasa atuh samemeh jungna deui baralik pamajid ngebrehkeun yen pasti bakal datang deui ka panenjoan nyaeta rek sakalian katak baya nepungan Aki Mus Sanggeus reureuh mah Andi jeung Ki Jantra neruskeun deui lalampahanana.
Nyaeta rek kalembur hujung sarta teu kacaturkeun di jalanna. Harita Andi geus nepi ka lembur hujung. Dina panggihna deui nu ayeuna mah jeung Nyi Tarsiah geus tembong sidik beuteungna teh anu meune teu bisa dibunikeun. [musik] Peutingna Andi cicing di luar handapeun tangkal sawo dibaturan ku si Ruyu. Kalila-lila ukur ngajentul bari pipikiranana mahsa ka tukang imut [musik] dipapai ti mimiti panggih jeung nyi eis sagala kaendahan anu harita pernah ka alam kiwari ukur ngaguratkeun raheut tina hate anu moal bisa diubaran deui.
[musik] Euis sanajan nepikeun ka dirurugan taneuh beureum. Katresna sinarengkan nyaah Kang Andi moal laas gambaran diri salira anu salawasna ngancik dina pigura hati Kang Andi. Moal bisa dipupus ieu takdir anu parantos dikotritkeun ti ajalina nu kudu ditampi ku urang. Andi ngagerendengna teh siga nu bari ngajak ngobrol ka si Ruyuk anu harita keur cineten dina taktakna. Ret kana panto imah anu melenge, Andi ngarasa kaget.
Lantaran sidik tadi teh dipeuneutkeun. Jung manehna jengkat maksudna mah rek papariksa. Baranggok kagolodog kasampak ngitar siah keur diu. A geuningan naha teu acan kulem? Teu acan palay. Ari Kang Ani mulih ti mana? di pengger niisapun tangkal sawo bari nyarios sareng siruyuk eh geuningan [tertawa] terang re beungut Andi karasa panas sok sieun we nyi itar ngadenge kana naon anu tadi ku manehna digerendengkeun memang ti tadi teh andi gerenendengan sorangan he sorangan we sanajan enya harita ngomongna teh dibaturan ku siuyu Kaleresan di waktos naroskeun ka abah kangur nuju di luar.
Ceuk Nyi bari ngom tungtung kabaya siga nu keur nengumkeun hate. Atuh kadangunya sagala gerendengna Kang Andi. Andi anu sasatna harita teh keur ngalilindeuk Nyi Tarsia rada reuwas oge sieun ngabalukarkeun akibat anu teu hade. Sok sanajan manehna teh lain rek ngubaran hate dina ngebrehkeun eusi hatena anu tiheula pernah ditepikeun. Lamun ti beurang mah tangtu bakal atra eceuy beungeutna lantaran sagala ucapanana teh kadenge ku Nyi Tarsia.
Atuh Andi dina ngebrehkeun eusi hate ka Nyarsiah teh lain keuna ku paribasa. Nyeri ku awewe mah kudu diubaran deui ku awewe. Lain lain kitu. Ieu mah samata-mata kurasa kanyaahna dumeh Nyitar sia teh nepikeun ka ngalaman nasib anu sakitu pikasedheunana. Sumuhun. Eh, kamari teh aya Pa Adria ka dieu saurna dipiwarangan ku Nyi Eu aya peryogi saurna teh. Nyiar siah kalakah nyalenggorkeun. Muhun [mendengus] kaleresan kamari sata acan mios ka dieu teh tepang heula di panenjoan.
Sayena mah Kang Andi nepangan ka Cipancar. Nah, kumaha kitu? Muhun. Kapan kamari sahur Paya? Anjeun ka dieu teh dipiwarangan ku Nyi Euis. Saurna mah Nyi Eis teh hoyong papendak heula sateu acan anjeun dicandak ka leles. Itar mah mung ningal geuning teu ngemutan kana mamalana. Asal panger we atuh. Ih sanaos kitu Kang Andi mah moal gauk nedunan. Sepertos anu tahan harga geuningan. Sanes tahan harga upami kengeng disebatkeun oge tahan gogoda [berdehem] margi ieu teh mangrupi hiji rencana gogoda anu balukarna bakal ngayabkeun diri Kang Andi.
Ah kadar mung tepang wungkul menakan istri anu tos dipimilik batur bari ku cara teu wajar itar. Tangtos hal eta teh bari kengeng bebendon ti Pangeran lantaran dina penakna oge pasti bakal paduan. Andi nyaritana pinuh ku kapastian. Spertos anu bade luluwasan geuningan. Teu bade luluwasan kumaha itar? Ayeuna Kang Andi tos teu benten sareng tangkal anu ngarangrah ngan teu aya daunan. Upami keukeuh Kang Andi ngagugu nafsu.
Teu benten weh sareng anjing ngagogogahan kalong. Dijawab kitu mah, jep ngitarsiah teu ngomong deui ukur tungkul bari ngomungtung samak. Bari lelembutana mah kuayang ngilik-ngilik tapak lacak nu geus lawas kaliwat teu kabawa ku nyurungkuina waktu. Tapi tetep pageuh maneuh lengket masket dina hate anu mangsa ayeuna ukur mangrupa gambaran nu moal musnah sapanjang bisa ngarenghap keneh gumlar di alam pawayangan. Bray bray ku Nyi Tarsiah kabayang dina implengan mangsa patepung anu munggaran jeung Andi.
Harita teh keur ngaheureuyan manuk di kebon disambung ku kajadian-kajadian anu matak ngagariskeun dina hate. Komo waktu paduduaan di Situ Cangkuang mun dirasarasakeun ayeuna mah asa jajauheuneun manehna kudu ngalaman nasib anu kurang-kurangna matak mondokeun pangharepan. Ras deui kana omongan Andi akhir-akhir ieu galinde kana ceuli teu beda we ti cikahuripan anu nyegurkeun sakujur badan teu beda jeung anu dibere cai nalika halabhab lantaran katiga anu entak-entakan.
Tapi ku manehna oge geus kasawang kitu petana Andi teh pikeun ngajaga supaya tangkal ulah nepikeun ka ngarang memeh usung. Anu ngandung harti ieu teh mangrupa pangorbanan Andi anu kacida beuratna. Lantaran ari jejeroanana mah Andi oge teu beda we jeung manehna. Ieu sababna manehna teu daek narima waktu Andi ngebrehkeun eusi hatena. Atuh Andi mireungeuh Nyi Tarsiah jempe teh manehna ukur ngabetem. Aya eta oge teretet hatena rek ngedalkeun deui eusi hate anu pernah diebrehkeun ti heula.
Tapi sanggeus dipikir deui asa kurang merenah eukeur mah geus peuting jeung sieun kadengeun ku Ki Jantra katut Maija. Ku kituna Andi jadi murengked deui. Nu antukna mah itu ieu ngabaretem bangun geus beak picaritaun. Mangsana Nyi Tarsiah ngoloyong ka pangkengna itu ieu teu ngaluarkeun deui ucapan sakecap oge ukur digalindungkeun dina hate sewang-sewangan. [musik] H [musik] Ceuk saha wae oge aki-aki anu geus katempona roropo sakalieun manggihan hahalang di jajalaneun tara ieu nyimpang malibir tapi blesat bae di luncatan koleangna awak teu beda jeung kalakay katebak angin atuh Dina celena deui kana taneuh tara ieu kadenge sora atuh dina nunggalna kana taneuh beyedug anu timbul ukur kebulna wungkul.
Pikeun anu geus wawuh mah taya lian ti pamajid. Di Cicapar mah taya nu nyangka sobat dalitna gumilar. Panyangkana mah dulur-dulur kapi-kapi weh rerehan ti Aki Salhapi. [musik] Harita teh pamajid kalawan dibaturan ku Wijana jeung Widarma. Ari inditna ti Cicapar teh rek nedunan jangji, rek nepungan nu jadi guruna. Nyaeta Aki Musani nu ayeuna geus kabuktian dumukna ditambak baya. Ku hayang geura nepi ka panenjoan. Lumakuna teh kacida rurusuhan.
Leumpangna teu bisa katuturkeun ku barudak ngora anu ngariclik ti babaranting tukangeunana. Eh, Aki. Waktos sareng Aki Musani teh nuju di mana, Ki? Heh. Ceuk Wijana nya bari Renghapanjung di di Cirebon Pasisian. Jelasna mah di kampung terus mi jangjana dupi aki oge sami ti ditu ti ditu aki oge ngan aki mah terus bubuara di Cibalieur nuturkeun pamajikan tapi sanggeus anjeun miheulaan mulih ka alam kalanggeungan nya aki teh jadi nunggeulis mimiti ditinggalkeun ku indung budak teu lila budak aki nu ngan hiji-hijina oge pondok umurna deui Nya saterusna Aki teh milu weh ka Abah hidep bari ngobrol mah rada lumayan leumpangna pamajid teh ngendoran.
Geuning waktos tepang sareng Aki Uda. Anjeun mah nyebut ka Aki teh e suangsa Wijana tetelepek. Enya eta mah ngaran aki keur ngora disebut Majid teh baheula kuu jadi anak. Ceuk Pajid bari semu ngahuleng. Dipake ngobrol mah teu karasa nyaho-nyaho geus anjog weh ka panenjoan. Kabeneran pamardaka aya keneh ngahaja can mulang ka tangulun lantaran rek indit babarengan ka tambak baya. Alusna teh ronghep Andi jeung Ki Jantra nu kakara datang ti hujung.
Memang geus dipasinikeun yen poe eta teh bakal mokrok di panenjoan. Atuh di imah Aki Surdi teh jadi haneuteun. Pamardaka jeung pamajid ngobrolna teu sirikna mani moho. Nembongkeun di kasono dieuyub-euyub ku Ki Jantra, Ki Jatma Kemed sarta si Bopeng anu ngahaja narepungan. Nu antukna kaayaan di imah Aki Surdi teh jadi jukut laut jampang karang. Sarerea ager-ageran ngawangun catur anu pinuh ku Sukabungah. Ngan Andi Wijana katut Wi Darma ngadarongengna teh misah di pipir tiluan dariuk dina batu ngadarongengna balikan.
Ngan Andi Wijana katut Widarma ngadarongengna teh misah di pipir tiluan dariuk dina batu. Sedeng si ruyuk cicingna teu jauh tinu tiluan. Sanajan kasebutna sato oge nalurina mah geus nyaho yen ieu anu duaan teh ayeuna mah geus lain deui musuh dununganana. Teu heran upama si Ruyuk jadi lindeuk tetelendenan weh bari sakapeung dungdak dengde. Ices pisan boga ingon-ingon teh Andi mah jeung eta weh bisa bebela kanu jadi dulungan.
Meni pohara pisan. Harita akang oge nepikeun kareuwas kana sirah ujug-ujug aya nu ngagapruk. Ceuk Wijana ngebrehkeun pamujina ka Si Ruyu. Enya bener. Komo deui kuring mah apan nepikeun ka ti Gorobas kana gawir teh halatan disameran ku si Ruyuk. Tah ceuk Widarma Mairan. Andi mah ukur mesem weh bari liang irungna mah asar beh dumeh si Ruyuk pada muji teh. Muhun Kang. Tapi sakapeung upami dibabawa teh sok matak ngaguyurkeun lembur anu diliwatan.
Eta atuh da hayam-hayam sok tingakatak. Meunang ti mana eta tendi? Dikuku, ti leuleutik atawa kumaha? Harita pendak di pasir ayakan manehna teh nuju nyelap sukuna dina batu. Rupina mah awalna oge heulang kukutan ieu teh. Temal Andi bari nyaritakeun asal muasal si Ruyu. Akang oge boga piaraan mah. Ngantara dibabawa ieuna mah geus kolot. Tapi itu mah monyet si rawun ngarana teh. Ke geura mun pareng mah he urang tepungkeun jeung si Ruyuk.
Sugan weh ngajodo urang kawinkeun urang bebesanan. [tertawa] Ceuk Wijana ngahaha poe eta mah anu rek indit-inditan teh kalakah marondok moek dipanenjoan meuntas lumaku terus dieusian antukna nungtun kana merelekna heuay hayang ngagoler and mahujeung wijana katutui darma sarengsena dalalahar teh terus ka tukang deui. Tapi di dinyana teh teu lila terus wae ka jalan buus ka jalan torobosan anu brasna kacisaat beh ditueun lembur batu gede.
Susuganan we kawenehan papanggih jeung si Jakalara. Tapi da puguh karena mah harita teh ngahekok di Gunung Kancing masih hantem di kulikbek oge moal panggih. Isukna rebun-rebun keneh pamajid saparakanca geus arindit. Si ruyuk mah teu dibawa ku Andi teh dikurungan deui. Pangpangna mah bisi ngaributkeun kanu rek didatangan. Bakuna mah bisi ngaganggu hayam-hayam bogana urang lembur. Mangkaning ditamak baya mah kacida pisan riabna hampir tiap imah miboga hayam.
Nyimpang ka kadungora nyampeur madasim. Ti dinya terus kajang kurang bangblas ka tambak baya. Jalan anu disorang teh lumayan netek matak ngareggeh pikeun anu nyorangna. Anjog ka imah Aki Musani kasampak teh pantona nutup ciciren anu bogana keur euweuh. Andi mah geus teg bae pasti keur ngalasulu. Ku kituna gewat Andi nyusul. Bener bae kasampak teh Aki Musani jeung si Medi keur pating aruking ngumpulkeun pangpung garing.
Alah Kang Ani Aki. Si Medi anu pangheulana ningali ngabejaan-eh, enya we tanginas geuning Jalu. Ceuk Aki Musani Malika Andi anu harita ngarong. Sumuhun Aki damang ki ceuk Andi nyolongkrong munjungan. Cageur Jalu. Sawangsulna hidep teu kurang naon-naon. Berkah Aki dina danget ieu mah aya dina hibar pangdua. Eh, syukur syukur nikmat anu pang gedena salian ti nikmat iman Islam teh nyaeta nikmat sehat awak. Komo dibarengan jeung bageurna mah eh hidep teh aya keperluan meureunan nya.
E kaperluan ka aki. Teu lepat aki. Abdi teh nyarengan kasepuhan ti panenjoan saurna teh bade nepangan pun guru. Kumaha aya nu rek nepungan aki? Eh, cuam-cuam meureunan maneh mah aya tepung jeung aki di dieu. Teu pisan-pisan aki. Mungur koning nu janten marga lantarana mah. Aih aih. N kumaha eta teh mimitina? Eta aki. Aya dua jalmi anu ninggal haur koneng. Teras aranjeunna teh naroskeun saurna teh di mana aki ayeuna? Eh eh saha nya?
Ceuk Aki Musani katembong semu [musik] kaget. Aki Mardaka sareng Aki saha Mardaka? Ceuk Aki Musani ayeuna mah bari semu ngaranjug sagala. Sumuhun Aki Uda. Saha Aki Uda teh? Aki Musani motong kalimah. Sumuhun Aki Uda teh. E maksad teh Aki Mardaka urang tangulun cenah ti paninjoan. Sumuhun rakana di panenjoan mah wire tadi teh miosna sareng abdi ti panenjoan. Oh enya enya terus kumaha wawuh jeung hidep kantenan we anjeuna teh guru abdi sata acan abdi diwujang ku aki di dieu aehutan eta teh ari eta aid teh saha cariosna mah ti cicapar namina mah pamajid pameunteuna teh bersih-bersih kitu tah.
Saha nya? Asa teu wawuh aki mah. Tapi lamun ka merdeka mah wawuh aki teh. Jadi hidep teh kungsi ngaguru. Nya kantos aki. Kumaha tah mun dibandingkeun jeung anu ti aki? Sapalih-sapaliheun mah aya nu sami. Aki nya tangtu. Tangtu eta mah. Kumaha cenah mimitina pangna wawuh jeung aki teh? Cariosna mah Aki teh guru anjeunna. Bener bener Andi teu salah saeutik oge nu matak aya hiji-hijieun anu sarua tapi Andi Ki Mardaka mah teu kungsi tamat seperti hidep memang eta oge diajarna mah lila ngan dina nampa naon-naon anu diajarkeun teh teu siga hidep manehna mah beunang disebutkeun teu pati lancar eta teh eh [musik] ari Ki Majid kumaha caritana pangna wawuh jeung aki teh Nyariosna mah sami weh sareng Aki Uda.
Saurna kantos diwejang ku aki. Mali sareng Aki Uda oge kantos sasarengan. Tah aranjeun pendak deui teh dilantarankeun ku abdi nu kantos patelak sareng muridna. Ke kumaha sing jelas ieu teh? Sok caritakeun. Sumuhun ti payun teh abdi kantos ngalaman patelak dugikeun ka dua kali sareng muridna Aki Haji anu jenengan Wijana. Ih, moal salah eta moal perebut ieu meureunan nya awewe nya. Eh, lepat atuh Aki. Sanes marbutkeun naon-naon.
Komo marebutkeun istri mah ieu mah mung akibatina salah paham. Ih, Penye teh merebutkeun Rahenda. Ih, sok ka mana wae Aki mah. Enya enya atuh. Terus kumaha? Dina patelak teh boh abdi Boh Wijana pada-pada ngaraos kaget. Abdi kaget waktos anjeun ngagunakeun teungulan kedet sareng ulin madi. Anjeun oge kaget waktos abdi ngagunakeun gelap ngampar. Be ambuing ambuing untung sia carilaka. Ceuk Aki Musani nepikeun kan nyebut siah sagala saking ku kagetna lantaran apal pisan kumaha akibatna tina eta jurus-jurus teh.
Sok teruskeun Andi. Teras wae abdi teh wawartos ka Aki Uda. Aduan siah rek ngadong masakeun guru atuh kitu mah. Teu pisan-pisan Aki mung abdi mah wawartos teh sok bilih anu patelak sareng abdi teh masih sarundayan. Ari jawaban Ki Uda harita kumaha? Ari saur Aki Uda mah lantaran elmu mah teu tiasa diha saurang atanapi hiji golongan. Malih dugikeun ka tilu kali abdi patelak sareng Wijana teh. Tah anu panungtung anu janten cukang lantarana kaguarahna teh yen antawis abdi sareng Wijana teh masih sarundayan sauluwotan.
Beh nepikeun ka tilu kali ari laing can saladar keneh eta teh. H kacida atuh nya kuat k pohara kitu terus kumaha kitu pangna jadi kaguar maranehna masih sarundayan teh. Aki Musani beuki panasar. Sumuhun waktos Wijana ngagunakeun pangarangpangarang pangerang pakarang kitu pangerang Mang Cepi itu teh jeung Mang Rompis anu ngiles. Sumuhun waktos [musik] si Wijana ngagunakeun pakarang anu mangrupi ruyung kawung ku abdi diayonan ku Harul.
Ih tong belel atuh ngomong nya. Sumuhun waktos Wijana ngagunakeun [musik] pakarang anu he pangorong meinanging cing atuh ki abdi [musik] tos balelo lepa teh kalaka ngacaukeun pakarang. Nah atuh tadi bongan pangarang atuh aki ditambahan ngaco jadi pangorong nya daun we geus subuh [tertawa] anjing baket teh euweuh nu nyawer. Sumuhun waktos Wijana ngagunakeun pakarang anu mangrupi ruyung kawung anu ku abdi diayunan ku haur koneng.
[musik] Tah kaleresan harita teh waktos patelak teh wijana nuju disarengan ku Aki Ajid. Anjeun langsung misalkeun abdi sareng Wijana tina patelak. Kaleresan dei harita Aki Uda sumping kitu tah Aki. Nya akhirna mah Aki Ajid naroskeun ka Aki Uda di mana cenah. Anu saterasna mah aranjuna ngahaja papendak. Andi nyaritakeun halwal kumaha mimitina Pamardaka jeung Pamajid anu ayeuna ngahaja rek nepungan Aki Musani? Eh saha nya lantaran Aki mah teu boga murid anu ngarana mayid kajaba mun ngarana diganti.
Ceuk Aki Musani bari tarangna kerung siga nu keur nginget-nginget. E leres aki namina tos digentos. Da anu kapungkur mah jenengan teh e saha nya? Ius. Eh eh Suangsa. I suangsa. Bener bener ari kitu mah sarua deui manehna oge teu nepi ka tamat eta teh kaburu kagodaku rana eta sius mah jadi e kitu pehul teh guguruna teh emang kantos gugurus naon eta nu namina ius teh kitu ki eta weh manehna mah ukur diajar jurus cabok gaplok tonjok colok degungkeun kabur we manehna mah kitu teh Andi Suka mana karep Aki mah?
Ehuh. Pamiarsa sadayana waktosna parantos teu nyekapan deui geuningan nya. [tertawa] Kabuka ayeuna mah Rusiahna nya. Hm. Andi jeung Wijana teh sing horeng sakocoran. Masyaallah beuki rame we nya. Kumaha atuh salajengna ieu lalakon Andi teh? Insyaallah k urang lajengkeun dina episode [musik] anu ka30. Sakali dihapunten dina alatna nya kumargi nya memang sim kuring nuju kabancen kitu ieu ge ngadongeng teh bari diganjel weh ku bandal.
He hese cengkat-cengkat acan teh ngajengha kamari teh nya kaligus kitu. Jadi teu tiasa ruku [musik] kitu. He e teras pas wengi kamari maksakeun da bakal sono nya ka para wargi hoyong tiasa ngupload. Eh, pek teh teu karekam emh katurug katutuh eta teh para wargi nya. Ulah hilap nya di-subscribe anu teacan subscribe YouTube Kisah Tanah Sunda. Sakitu anu kapihatur. Hapunten anu kasuhun bobot sapanon carang sapakan. Cag urang tuna dihanjuang siang.
Urang teuneun dihanuleum sieum paranti nyokot ninggalkeun mangsa datang kaur deui. Wallah muwafik ila akwami thorq. Wassalamualaikum. warahmatullahi wabarakatuh. [musik]
The words are the caption track's own and nothing is reworded or re-transcribed. Paragraph breaks are placed between sentences so the text reads as prose.
Free tools for your own script: paste a draft and see where it stands before you record it.
Paste your draft and see where viewers are likely to drop off, with a rewrite for each weak line.
Paste the first 30 seconds of your own draft for a hook score and rewrites.
Check your draft against YouTube's advertiser-friendly guidelines before you record it.
Read this channel's public videos and transcripts, and download a writing brief for it.