Getting the transcript
Reading the captions from YouTube. A video nobody has opened here before takes 10 to 30 seconds; this page fills in on its own.
Getting the transcript
Reading the captions from YouTube. A video nobody has opened here before takes 10 to 30 seconds; this page fills in on its own.

The Story of the Land of Sunda · @kisahtanahsunda
Words
5,253
Runtime
47:13
Speaking pace
111wpm
Reading time
22min
111 words per minute, below the 160 25th percentile of 349 measured videos. That distribution comes from the 349-video hook study.
Opening (first 30 seconds)
Bismillahirrahmanirrahim. Alhamdulillahiabbil alamin. Asalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh. Sampurasun wargi dulur baraya sadayana. Tepang dangu dei sareng sim kuring Mang Ian Ki Demang Gunung Halu tea geuningan nya anu manis anu kempot anu pangkasepna sa Jawa Barat. Ceuk em oge dina acara anu maneh nyaeta dongeng Sunda. Dongeng jaman kiwari ala kiwari nu nyarioskeun lalakon kahirupan mangsa bihari
56 words, the words spoken in the first 30 seconds at 111 words per minute.
Free, no signup. See how the first 30 seconds hold attention, with rewrites.
Sentence shape
| Measure | This transcript |
|---|---|
| Sentences | 413 |
| Average words per sentence | 12.7 |
| Longest sentence | 209 words |
| Questions asked | 13 |
| Sentences containing a number | 9 |
Most used terms
Filler phrases
2 in total: like 1 · uh 1.
A literal whole-word count of the same phrase list the Prepublish browser extension uses, so a phrase inside another word is not counted and a phrase used in its ordinary sense still is. It is a count and not a judgement.
Free, no account. See where attention is likely to drop, with a rewrite for each weak line. The free check shows the scores and the one issue costing the most. Or run it on the words above first.
Free · No login · See a sample audit first if you prefer.
What this transcript is
Every word below is the caption track YouTube publishes for this video, pulled from the video itself and reproduced unchanged. It is not Prepublish's writing, not a summary, and not a re-transcription: it is the video's own published captions. Indonesian captions, generated automatically by YouTube, in the video’s original language. Source: the video on YouTube. A channel that would rather this page did not exist can ask for its removal through the contact page, and it is removed.
No Script X-ray for this video: YouTube shows a Most replayed graph only once a video has enough views.
Bismillahirrahmanirrahim. Alhamdulillahiabbil alamin. Asalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh. Sampurasun wargi dulur baraya sadayana. Tepang dangu dei sareng sim kuring Mang Ian Ki Demang Gunung Halu tea geuningan nya anu manis anu kempot anu pangkasepna sa Jawa Barat. Ceuk em oge dina acara anu maneh nyaeta dongeng Sunda. Dongeng jaman kiwari ala kiwari nu nyarioskeun lalakon kahirupan mangsa bihari atanapi kabaheulaan.
Kumaha dararamang para wargi sadayana atuh mugi aya dina ginanjar kawilujengan rahayu berkah salamet. Amin ya Allah ya rabbal alamin. Kumaha salajengna ieu lalakon si buntung teh ulah ka mana-mana tetep manco di channel YouTube-na Kisah Tanah Sunda. Namung sateu acanna dilajeng kade ulah hilap anu teacan subscribe kana YouTube Kisah Tanah Sunda. Mangga di-subscribe heula supados tiasa kengeng notifikasi kanggo satiap jejer carita nu salajengna oge nu sanesna.
Anu parantos subscribe sim kuring ngahaturkeun rebu nuhun laksa keti bingahan. Atuh mugia sing tiasa janten rencang anu ngahibur ka para wargi sadayana nya. Kanggo ibu-ibu bari masak nyeuseuh gegerona. Kanggo bapak bapak bari nyantai Nyi Kopay udud samsai ngabaheu oge dipadamelan di tempat konveksi bari ngajahit motong brasna nya. Di tempat cukur asgar di pasar di pabrik di kantor di perjalanan. Pokok kum dulur-dulur nu aya di lembur baraya nu aya di kota oge di pangumbaraan.
Kumargi teu sakedik wargi-wargi urang nu aya di luar daerah bahkan di luar negeri sok mararanco dina pedaran dongeng Sunda Mang Yan teh. Janten rencang damel landong katineung cenah nya ka lembur. Oke. Ulah hilap di-like, dikomen sareng ulah diskip kelanada bageur nya pan eta e saweranana dina YouTube mah kitu pemasukanana. oge saumpamina ngaraos kahibur ku pedaran dongeng sim kuring teras hoyong ngaapresiasi tiasa kana nomor dan ieu nya sabaraha we saikhlasna kanggo meser kuota meh tiasa ngupload kitu tah para wargi sadayana sabarah we saikhlasna 2000 we etang-etang wewes parkir nya sakumaha biasa dina pedaran dongeng ieu teh nya kumargi pangarangna mah tos lami ngantunkeun atuh pamugia ieu karya teh sing janten ladang amal kanggo anjeunna urang ngagib ku aosan alfatihah da gratis nya gratis ngaoskeun alfatihah sok.000 Langkung anu nongton si buntung jago tutugan nya.
Upami sadayana ngaoskeun alfatihah. Uh kabayang eta bungahna Bapak Sukandar nya dipasihan hadiah nu luar biasa oge sing saha jalma nu sok ngadoakeun batur saestuna eta doa teh bakal uwih deui ka urang sadayana. Komo sasarengan kieu tangtosna janten medan energi anu luar biasa nya. Singga pamugia ku berkahna aosan alfatihah anu nuju usahana sing dilancarkeun sing dijembarkeun reizkina rumah tanggana sing sakinah mawadah anu milari jodohna sing saing dipendakeun anu teu damangna sing dishakeun sabihara-bihari deui.
Khusus ilaruhi ahlil kubur Bapak Sukandar. Allahumagfirlahu warhamhu wahi wafu anhu syulillahi lahum alfatihah. Auzubillahiminasyaitanirrajim. Bismillahirrahmanirrahim. Alhamdulillahiabbil alamin. Arahmanirrahim. Maiki yaumiddin. Iyaka na'budu wa iyaka nasta. Ihdinasirathal mustaqimathalladzina anamta alaihim giriril magdubi alaihim wadinigfirlana. Amin. Oke kanggo pengarang-pengarang nu sanesna Kang E Rompis, Kang Cepi nya anu sok e ngarencangan urang dina karyana sing dijembarkeun reizina pokona mah nya sing dibagjakeun supados tetap e berkarya kanggo ngahibur urang sadayana.
Supados teu nyangkolong tingkana waktos. Hayu ah urang sami-sami ngalajengkeun ieu lalakon Si Buntung jago tutugan bagian anu ka3. Manggaah kaparayun sadayana. Wilujeng ngadangukeun ah. Pamiarsa sadayana urang teraskeun hanca dina episode anu ka32 nya. Karena sama sakali teu nyahueun lamun Nyitar Siah oge geus euweuh di lemburna, malah keur ditareangan ku Andi katut Ki Jantra. Tapi nya kitu lantaran Nyitar Siah mah teu ngabogaan baraya.
Jadi bingung pikeun anu nareangan kudu ka mana nyungsina. Dina baralikna deui ka hujung teh bati meunang capena we burber ka ditu ka dieu. Tapi lamun nareanganana kaitu cangkuang mah moal teu kapanggih. Lantaran Nyitar Siah teh mangpretna ka lebah dinya pisan. Jelasna mah ka lembur lohlohan anu lokasina teu pati jauh ti Situ Cangkuang. Kumaha atuh P? Itar teh geuning bet matak pikaariwangeun. Cing kinten-kinten ka mana atuh?
Moal upami ka Ciaro kitu. Ongkoh kapungkur mah sering ka ditu anjeun teh. Andi nyaritana bari garo-garo teu atuh. Memang bener ngarasa bingungna teh pangpangna mah hariwang. Eukur mah pangawakan awewe katurug-turug keur kakandungan. Moal daekeun ka Ciomah Jang Andi. Ceuk taksiran mah moal eta teh. Leres kapungkur mah nuju bapa di ditu sering kapan ayeuna mah bapana oge di dieu. Manawi kitu ieu mah bilih weh nyumputi istri bapa nu sanesna.
Moal jang Andi moal daekeun margi bojo bapa anu dicaro mah beunang disebutkeun teu nyaaheun ka si Itar teh. Kitu tea. He ngaran-ngaran ka anak tere atuh. Oh sumuhunsuhun. Kedah ka mana atuh nya pa? Duka atuh Jangan. Ah sigana mah kanu jauhna weh. Pantesna teh saradak suruduk neangan haat. Gara-gara si Jaka we ieu mah matak si Itar nepikeun kaluluasan inc oge lantaran kanyunyurian ku si Jaka nu teu tanggung jawab. Sumuhun.
Padahal itarna deui sanajan si Jaka teu daek tanggung jawab oge. Andi teu kebat nyaritana asa beuratna keur rek ngebrehkeun kerteg hatena teh. Nya satadina manehna teh ngemutan kana jabang bay nu dikandungna Ki Jantra Surti kana naon anu dimaksud ku Andi sanajan teu dipokeun oge. Lantaran geus dibejaan ku Nyi Tarsiah yen Andi teh aya karepna. Tapi ku Nyi Tariah ditolak lantaran hal ieu teh hiji pangorbanan anu luar biasa pikeun Andi mah.
Muhun sa eta oge maksa ditarma. Ngan eta we si Jaka kacida pisan nu torogana teh. Nyaho pikieun mah tos we harita teh tong dibere ampun nya. Andi nyaritana bari kekerot nahan amarah anu ngagedur jero dadana. Bakuna mah ngarasa melang ku Nyi Tarsia. Muhun Jang Andi panginten tos kedah kieu weh takdirna. Ceuk Ki Jantra ngaheruk ti luar katingali siga nu sadar teh. Tapi ari jejeroanana mah saha nu teu balueng atuh ditinggalkeun kunu jadi anak bari jeung teu puguh ka mana-manana.
Geus puguh ma ijah mah gawena teh ngan ukur ceurik balilihan. Leres P upami ninggal ka dinyana mah. Tapi kieu we ayeuna mah wios perkawis itar mah ku abdi nyalira weh di pahuruhna. Bapa mah di bumi wae. Awatos kam ari pada ngantunkeun mah. Andi akhirna mah ngebrehkeun pamaksudanana. Muhun kitu sae atuh. Namung bade ka mana milarianana atuh Ujang? Ki Jantra ngageuri hatena nyeredet ku pokpokanana Andi anu ngebrehkeun kanyaah ka manehna sarta ka anak bojona anu lain dijieun-jieun.
Tecan tiasa ditangtoskeun ka mana-manana mah. Mung saheulanan mah bade kanu caket weerus Jang. Upami Bapa ngiring mah hawatos ka indung budak ieu teh, tapi Bapa oge tangtos moal cicingeun. Tah kitu we atuh nya e ieu teh abdi mah bade permios bae atuh bade nyilang heula ka Cipancar. Andi saterusna pamitan ka Ki Jantra. Muhun mangga atuh Jang. Bapa mah moal ngadoakeun mugi si Itar enggal kapendak. Sar Jang Ani oge ulah dugikeun bancang pakewuh.
Ki Jantra ngarasa nalangsa rek ditinggalkeun teh cipanuna geus mimiti murubut maseuhan pipi. Sami-sami Pah, Bapa Miwah M oge di dieu mugi ulah kakirangan nanaon sareng mugi dipaparin kasobaran sareng katawakalan. Andi bari ngojengkang ka pangkeng maksudna rek bebeja ka Ma ija. Teu lila geus noroj deui dituturkeun ku Majah anu rebay cimata. Geus kitu mah Andi ngaleos kalawan teu sumoreang. Leumpang ngagedig ngajugjug ka Cipancar bari dina ti korah karasa ngagenduk ku piceurikeun ras ku nasibna Ki Jantra saanak pamajikan.
Jakalara, jakalara tetela anjeun teh keuna ku paribasa nu asih dipulang sengit. Harita ku kaula dihampura Jaka. Tapi ke dei deui mah di mana papanggih ulah sambat ni aya anjeun jaka kaula baris nyieun balitungan ka anjeun. Kitu gerentesna hate Andi anu ngebrehkeun kabuleudan tekad di mana engke papanggih deui. Puguh antara hujung jeung Cipancar teh teu sakumaha jauh teu kungsi lila oge lembur Cipancar teh geus katingali.
Naha atuh jolter wae hatena ngageter sarta jajantungna ngadadak ratu bet ngadadak inget kabeb pamepes hate anu ayeuna geus jadi milik batur diwawaas kumaha lamun panggih jeung Nyi Euis najan diteger-teger oge tangtu moal tahan dina gokna paamprok mah piraku weh teu ninggang kana babasaan ekek lembut pupuntiran Cing seredet kana ati kageuing rasa bihari kahudang rasa baheula daun tuhurna tangkalna matak tambah rus ras hate di lain-lain oge Nyi eis teh kadeudeuh hate anu munggaran anu moal bisa dipopohokeun cag urang tunda heula anduna urang caturkeun deui Jang Husein Eukur mah Jang Husein teh ngabogaan sifat-sifat anu kurang hade.
Ngaran jalma anu kaancikan tabeat mata karanjang. Ka awewe teh babari ceehan perbawa kalakuan anu rucah anu geus ngadaki hese dipiceuna. Katurug nyanghareupan pamajikan anu teu weleh nyuguhkeun bubuden anu haleungheum ceudeum sarta taya pisan kahegaran anu matak narik hate. Teu beda ti tutuwuhan anu kurang cebor. Sok sanajan ari kuma kanu jadi salaki mah tetep saregep. Jauh tina paribasa ngijing sila bengkok sinembah.
Nya munasabah lamun lila-lila mah Jang Husein teh jadi bosen kanu jadi pamajikan teh. Karasana teu beda jeung ngagugulung boneka anu ukur beunang di kuah kieu sagala mangga taraha tapi bari taya hojah lelewa mawa guliga. Memang kitu kanyataanana Jang Husein bisa ngamilik Nyiis teh ngan saukur raga badagna badan bisa dipiboga tapi hate anu pinuh ku kageugeut kadeudeuhna mah geus sagemlengna dipasrahkeun kanu sejen. Jineukna mah geus dipiboga ku Andi.
Pikeun Nyi Eu mah ayeuna teh ngan ukur kariwaasna. Ongkoh deui gambaran Andi tetep pageuh maneuh ngeusian piguraha teh teu beunang disupadulang teu beunang dibebenjokeun. Paribasa belut sisit sabadarat kapiraray siang wengi. Culamping cau leuweung katingal kokolebatan. Komo mun kabeneran tepung sanajan ngan saukur dina impian dina lilirna teh Nyiuy sok terus ngajentul marengan jemplingna peuting tempo-tempo nepikeun ka beurang teu bisa sare deui anu tumratna kajang huse kaayaan pamajikan siga kitu teh karasana teu beda we jeung anu beungeut nyanghareup ati mungkir anu matak nungtun jadi tebah di imah eur mah kitu talajakna resep nganclong di pangulinan.
Ongkoh-ongkoh ngawin Nyi Euis teh lain karena hayang boga pamajikan tapi teu lewih tingan saukur hayang ngicip-ngicip kareutna madu. Ngan malulungan nafsu sahwat wungkul. Teu sirikna saban tempat jeung pengkolan raya purut pamajikanana anu dikawinan sakadar keur kaulinan. Tapi sanajan kitu ari Pak Haji Qodir mah sama sakali teu nyahueun kumaha talajakna Jang Husein teh. Lantaran lamun kawin teh sok rerencepan paling ukur dibaturan ku Ki Jalal.
Ukur kanyei eis manehna terus terang kanu jadi bapana. Matak ayeuna rada hese rek ditokerna teh lantaran geus tangtu moal diijinan. Lantaran tea pisan codekan Nyi Euis mah. Dina hiji waktu Jang Husein geus saged rek indit. Ari biasana mah mun teu ngalantrah neangan anu herang-herang teh manehna mah sok ideek lieheur weh di imahna Ki Jalal sok diajar main po ayeuna mah ka Ki Badra lantaran keukeuh manehna aya maksud anu teu hade ka Andi biasana lamun si Husein memeh indi teh sok dahar heula di imah biasana mah sok rada beurang antara jam atawa jam 10an.
Tapi harita mah isuk-isuk keneh nakur lantaran di imah Ki Jalal teh kabeneran keur aya Pajagra nyaeta guruna Ki Jalal katut Ki Badra ngahaja meunang neang Ki Badra ti ngontong sajaba dek ngajar si Husein oge deuk dipajukeun pikeun nyanghareupan Andi dumeh ceuk caritaan Ki Badra ka guruna mah moal nepi si Andi teh mana euy Geus asak sangu teh kebluk teuing hejo teh euy. Ah buru-buru atuh. Ceuk si Husein teu sirikna sentak polotot ka Nyi Eu anu keur ngeprek di dapur.
Sanes kebluk da sanguna mah tos asak kantun angun teu acan ngagola. Ceuk Nyi Euis nembalan ti dapur bari ngareret ka salakina anu keur ngajaga di lawang. Bubudena jamotrot haseum alah batan cukabibit. Eh, boy teuing atuh eis masa kitu-kitu wae mending ngampleng euy. Ke atuh sakedap apa biasana oge angkat sok rada siang eluh kalakan nembal sia. Ceuk si Husein molotot siga nu rek ngerekeb. Puguh we tumrapna ka Nyi Euis teh lain deui matak geumpeurna.
Mangka-mangka angeun teh kakaracur di Cipatian. Dumadakan deui pes teh seuneuna pare neangan songsong hesena keur teu kapanggih atuh kepoh kepoh bae ditiupan tapi tibatan guru hurung mah suluh teh ieu mah kalakah meledug kaluar haseup atuh panun Nyi eis teh ramisa ku cimata balas kapuput ku haseup aeh diburu-buru teh kadon dipareuman dei sia mah nah kumaha sia teh hey kumaha ieu teh lelewana si huse kalakah nambah rampang reumpe Teu puguh pola sanes dipareuman Kang Huseen suluhna teu patos garing.
Ceuk Nyi Euis terus niupan hau bari ingsreuk-ingsreukan. E aya ku biko-biko teuing sia teh nya. Make songsong atuh make songsong. Nu mawi teu kapendak songsongna. Eh dasar belug siah teangan atuh make mata. Ceuk si Husein bari ngagejlig ka dapur sarta teu asa-asa deui jeekuk bae bobokong Nyi Eis teh ditajong. Untung leungeun Nyi Eis ngagentak muntang kana tarang hau cacakan. Mun teu kitu sirahna moal teu asup kana katelu dieusian ku angeun.
Tapi ari tuurna mah sabeulah teu burung weh asup kana hawu. Atuh jerit Nyi eis teh ngagurubug sarta ngejetkeun sukuna. Sedengkeun dua leungeunna masih nyepengan taneuh. Na atuh ari seureuleu teh labuh nepikeun ka nangkarak sukuna sabeulah ngabadug biwir katel nepikeun ka kaseblokna ku angeun panas. Sing horeng leungeunna anu sabeulah teh ngadampal songsong anu ti tatadi aya di bujureunana. Atuh songsong teh ngagorolong anu ngajadikeun Nyi Euis nangkarak bengkang.
Jaba suku ngadadak panas kaseblok angeun. Sanajan taan ngagolak oge teu burung neretep. Aeh-aeh dasar urang kampung nya. Kalah loba codek sia teh euy. Ah kabina-bina teuing sia teh euy. Ceuk si Husein lain kadua nulungan anu keur kusah koseh bari aduh-aduhan. Ieu mah kalakah jekuk dei najong keuna kana taktakna. Geus kitu mah manehna ngojengkang asup deui ka tengah imah. Aduh ampun Gusti nasib teh kieu-kieu teuing. Ieu deui songsong nu haram jadah teh tadi teu kapanggih bari kerewek kana songsong maksudna mah rek dibubukeun pikeun ngalampiaskeun kake keuheul.
Tapi ras inget kapan manehna teh keur ngaburu-burungan atuh teu tulus antukna mah kepoh-kepoh bae dipake niupan ruhay. Teu lila guru wae seuneu teh hurung. Duh, Kang Husein nah abdi teh bet kakaya rasang Nyi Euis bari ngarongkong Uya. Heug suku anu kaseblok teh dibaluran Uya. Tembong tuurna anu beureum balas ti gebrus kana hawu. Ngan masih untung katuruban ku sampingna. Jadi teu langsung keuna ku ruhay. Teu lila angeun ngagolak, gentak diwadahan kana panci.
Geus kitu ngedug sangu terus regeyeng dibawa ka tengah imah dijagragkeun dina samak. Ingkud ingkud manehna nyokotan piring jeung sendok. Sok sok ditunda hareupun salakina anu tetep jamotrot. Mangga Kang geura tuang mung panas keneh ieu teh. Ceuk Nyi Euis bari terus nyician cangkir jang nginumna. Teu kudu dibejaan. Kadeuleu ku aing oge yen angun teh panas keneh. Ceuk si Husein ngomongna keding nak taya pisan siruaneun daun.
Ngaran jalma anu keur ambek atuh dina ngedug sangu teh teu jeung adeuh nepikeun ka piring teh mentung nyiuk angun kitu deui. Nyi eis mah teu milu dahar. Cicing we bari emok cabok semu tungkul. Teu wani jauh sabab sieun lamun salakina aya pangabutuh teu hese ngawulaan. Teuing memang bener geus ngarasa lapar. Teuing memang keur rusuh Jang Husein teh. Na atuh sangu panas jeung angeun panas sanggeus diceduk sendok ambay dihuapkeun.
Puguh we Jang Husein teh ngagurubug teu beda we jeung ngasupkeun seuneu kana sungut. Sebrot bae diutahkeun beneran pisan ka Nyi Eis anu keur manco teu jauh si Husein teh beda jeung anu muriang. Atuh puguh we lain deui reuwasna Nyi Euis teh eukeur mah satengah ngalamun joljol aya nu nyebrot kana sirahna ngagentak nyengkatkeun sirah ari breh salakina keur ngahuhu bari nungkupan sungut kapan sengem abdi oge tadi kade akang angeun teh panas kene nyi eis nyaritana kituna teh bari ngeprukeun remeh anu narapel dina buukna na pacampur jeung bukur angeun.
Ah anggeas ah anggeas atuh day yah aesah. Ceuk si Husein kalah siga nu walahwah weuleuh weus sarta teu anda parah deui kerewek kana piring alas sewur bae diawurkeun kana beungeut Nyi Eulis. Aduh ampun Kang Husein ka abdi teh meni kabina-bina teuing. Nuhun Gusti ditambi pisan ganjaran ti Gusti teh Kang upami tosa, upami tosuka mah abdi teh tong diakaya kieu Abah ema abdi tumut kasep teh geuning kie buktosna Gusti nu agung Nyi euyis teu sirikna koceak dengek bari msihan beungeutna anu pinuh ku sangu jeung bukur angeun.
Alah tong loba omong siah. Ka ditu rek mantog mah. Jor mantog ka ditu. Si Husein bari gejlig turun kaburuan terus ngabengbeos maksudna ka imah Ki Jalal. Puguh we sasat imahna Jang Husein teh teu jauh ti imahna Haji Qodir. Ngadenge ribut-ribut sarta koceak dengekna Nyi Eis teh teu burung kadengeun ku mitohana. Ku kituna gentak Pak Haji Qodir katut ibuna nyampeureukeun. Ku kituna mah hariwang meureunan bisi aya naon-naon.
Ari Breh teh teu kira-kira ngaranjugna mireungeuh Nyi Euis keur nyuuh di tengah imah bari sirahna pinuh ku kejo jeung Bukur Angeun. Ai ae. Nah kunaon ieu teh Nyahi? Ka mana ari akangna? Mahajina nya hari weusweus heg sirah Nyiis teh dicengkatkeun emah bruk bae Nyi eis nyuuh kana dada mitohana nya kunaon Nyai teh atuh dipahala ku salaki ye ceuk mah haji bari ngeprukan kejo anu masih narapel dina sirah Nyi Euis tapi bat nembal mah Nyi Euis kadon ngukguk bangun anu kanyunyenyerian keur Cipanun Jibrg maseuhan kabayamaha Haji.
Astagfirullah. Moal teu perbuatan si Husein ieu teh yeuh. Ceuk Haji Qodir bari ngojengkang ka kamar. Maksudna mah rek nempo anakna. Tapi euweuh da ti tatadi oge puguh geus indit. Teg bae moal salah anakna teh keur ka imahna Ki Jalal. Ku kituna gejlig bae P Haji turun langsung muru ka imahna Ki Jalal. Ari jol teh bener weh Jang Husein aya di dinya keur ngariung opatan teuing kumaha ambekna Pak Haji harita da eta we meni tutunjuk bari beungut eceuy ngembangwera mimiti jolma Pak Haji teh ngajak balik rek engke wae di imahna nyana na kunaon sabab nu sababna bet aya kajadian kitu di imahna tapi si Husein mugen teu daekeun dirihan bedang diwelehna Nambalang nu antukna Pak Haji teh jadi latu weh poho.
Si Husein teh beak bersih dicarekan malah nepikeun ka diancam sagala. Yen lamun ayeuna teu balik manehna rek diusir moal beunang cicing di imah. Diancam kitu mah kakara nurut kincid bae nuturkeun ka imahna Pak Haji Qodir. Waktu ditanya naon anu jadi sabab teh? Manehna ngajawab, "Padu jeplak weh bari ngajejeleh, Nyi Euis majarkeun teh nukang nonggong ka salaki mah dititah ka hau kalekeed daekna ge bari jejebris. Ah pokona mah bebeakan weh ngagogoreng pamajikanana.
Puguh weh lamun Pa Haji jeung Ibu Haji teu nitenan petalakuna Nyi euy sapopoe mah tangtu percaya weh kana wawadulna si Husein teh. Tapi pan ieu mah kasaksian lamun Nyi Euis teh bangun kumrebna kanu jadi salaki. Atuh kamito sakitu hurmatna cindekna mah euweuh codeka tea cawadeunana. Teu carekeun deui. Atuh Jang Husein ngadon direntog diceceleh ku duaan bari dipapatahan yen kasalahan teh aya di manehna sorangan. Saharitaeun mah memang si Husein teh siga nu saregep.
Sarta saterusna mah bari jeung lumah lemeh menta dihampura kanu jadi pamajikan. Memang saterusna mah si Husein teh tara nembongkeun budi keding haseum deui. Tara deui kadenge haok kolotot sentak porongos. Tapi edas ayeuna mah manehna teh jadi aranglangka aya di imah. Beurang peuting teh ngulayaban weh teu beda jeung anu murag bulu bitis. Mun teu megog di awewe piaraanana di kadungora, manehna sok ideek liher di tempat pamaenan.
Hal kitu komo pikeun Nyi Eis mah matak ngadatangkeun katunah kana hate. Mangka-mangka ayeuna mah manehna teh geus mimiti sare. Sate kapolah nyanghareupkeun hatena gembleng kanu jadi salaki. Puguh geus takdirna manehna teh kudu jadi pamajikan si Husein. Atuh gambaran Andi teh saeutik-saeutik disieuhkeun. Lantaran sadar manehna oge kangaranan anu geus boga salaki ari hate nukang nonggong bari masket kanu sejen. Apan ieu teh hiji dosa nu kacida gedena.
Sanajan teu langsung mangcinakeun oge tapi tetep we dosa. Malah kitu peta teh bisa disebut jina hate. Ari beungut nyanghareup kanu jadi salaki. Ari hate ngolembar kanu sejen. Dina waktu Jang Husein aya di imah, pok bae Nyi eis nyarita, yen cenah dina sawatara waktu mah hayang titrah di lemburna. Sugan bae dirina pinanggih deui jeung kamarasan. Kitu komo atuh pikeun Jang Husein mah teu beda we jeung anu ditonjok congcot haget pisan nya tujuan.
Najan ari dina hatena mah teu burung ngahlas mireungeuh kaayaan nu jadi pamajikan ayeuna oge mun ditilik waktu pokpokanana bebeja Nyi Euis teh siga nu bener-bener madep ka manehna. Ku kituna manehna boga angkeuhan. Lamun engke di mana Nyi Euis geus cageur sabihara-sabihari sarta geus tembong bubudena madep ka manehna. pasti bakal dibawa deui ka leles. Memang ari duriat mah kacida gede ka Nyi Euis teh. Atuh dina bralna Nyi Euis miang ka Cipancar.
Teu wudu anu nganteur teh meni ngaleut. Sajabana ti Haji Qodir jeung bojona. Jang Husein oge merlukeun jajap. Atuh tatangga ngahaja ngabring. Pak Haji Qodir anu ngajejeran nya eta ngajaga bisi kolot nyie salah tarima. Ongkoh lain deui hariwangna lantaran mireungeuh waruga Nyi Euis teh pan sakitu ruksakna. Hal eta teh boh Pak Haji Sobana, boh bojona geus nyaraheun lantaran sok ngalongokan ka leles. Tapi perlu weh ari di jejeran mah pikeun ngajelaskeun maksud anu sabenerna.
Naon sababna pang Nyi Eis datang ka Cipancar? Kituna mah Haji Qodir teh teu tinggaleun tina temah wadi anu dijaga teh bisi aya mamala anu teu dipikahayang. Waktu rombongan daratang kabeneran jangdana mah keur teu kasampak lantaran manehna mah keur indit maturan Adria ka Cikemulan nguruskeun pesenan bako. Atuh dina waktuna balikna teh semah-semah geus baralik. Jangdana lain deui ngarasa kagetna ningali waruga anu jadi adi sakitu ruksakna.
Ongkoh deui ari manehna mah atah anjang keur kanu jadi dulur teh tara piraunan ngalongokan atuh indung bapana tara piraunan cacarita lamun tos ngalongok ti leles teh ti dituna mah ngaragangan bisi aya kategenah anu katampana ku jangdana dek jang dan nanya ka kolotna ngeunaan kaayaan nu jadi adina tapi teu meunang jawaban anu nyugemakeun atuh dek nanyakeun ka jinisna sarua deui Nyiis oge ngabige teu daek nerangkeun anu sabenerna cukup nyebutkeun gering weh.
Ayeuna balik soteh maksudna mah ngadon rek titira. Tapi dijawab kitu teh keukeuh we jangdana mah kurang sugema dumh eta bakuna mah mireungeuh bubuden Nyi Eu waktu nyarita teh bangun kacida nalangsana beda tina keureutan beungeutna. Najan disumput-sumput oge ebreh tina juru-juru panona anu ngagarendang. Kumireungeuh kitu oge geus teg bae jangdana teh boga sangkaan yen anu jadi adina teh tangtu dinyenyeri ku salakina. Nyul bae atuh Jangdana teh jadi keuheul.
Rasut kana caritaan si Husein baheula waktu mikahayang ka adina teh kapan ari pokpokanana mah sakitu haripu sarta totorosol bari jeung kekereweut. Kasurung kurasa panasaran isukna kalawan teu bebeja heula ka kolotna. Bleyeng bae jangdana teh indit kaleles maksudna rek ngadatangan imahna si Husein. Tapi barang jol kasampak Jang Husein keur euweuh malahan imahna ge dikonci. Belunyeng disusul ka imahna Ki Jalal. Teu wanieun ngadatangan imah Haji Qodir.
Datang ka imah Ki Jalal meunang beja yen cenah Jang Husein teh keur kakadungora jeung Ki Badra. Kapalang lengkah biwur bae dijugjug kau ngora. Kabeneranana teh aya nu nuduhkeun masih kawawuhan manehna. Yen si Husein keur nganjang di hiji imah. Ari heg teh didatangan lain deui matak ngaheabna kasampak teh si Husein keur megogwe piaraanana. Turun sia Husein paingan adi aing sakitu ruksakna siah. Da geuning ku sia dinyeri.
Turung sia Jang Dana Jol ngagantawang we. Ke heula dan sungut teh ulah diumbar teuing siah. Sing sopan deuleu di mana ieu teh euy? Ceuk si Husein bari ngajorelat kaburuan. Alah sopan-sopan mata sia. Lantaran sia mah teu beda we jeung binatang deuleu. Lantaran ku geus teu kuat naha nafsu sebrut bae Jangdana teh ngirimkeun tonjokan. Tonjokan anu bolos rong kosong kitu atuh da puguh manehna mah taya kabisa. Alah rek ngajag sia ka aing.
Ka dieu ari hayang dipiteskeun mata beheung sia. Ceuk si Husein anu ayeuna mah geus aya pangabisa. Ngagentak manehna malik nyerong sarta beletak pigeulang Jang Husein teh dike jerot peureup kenca Husein nyayang kana gado. Jangdana kontan ngagero bari ngalenggak hiuk peureup katuhu si Husein teh nyuruntul jebrod ngahanca kana careham. Puguh weh ku sageprakan oge jangdana teh jol-jol ripuh anu antukna manehna ngageblag nangkarak bengkang.
Getih merebei tina sungutna tayohuhna bae aya huntuna anu coplok. Tah kitu si akibatna nu kurang ajar teh. Montong dikira keyeup apu si Husein teh ayeuna mah euy. Hayo sia hudang. Lamun nyata sia lalaki kop tah rek tukang rek gigir awak aing geura ragap yeuh. Ceuk si Husein bari nulak cangkeng bari irungna rebeh lantaran kareret Ki Badra unggeuk ngebrehkeun pamujina kang Jang Dana hudang bari hate mah lain deui ngarasa kaget lantaran si Husein teh ayeuna mah tetela aya pangabisana tapi sanajan kitu manehna teu ujug-ujug kapok sarta teu antapah deui.
Urut bae manehna ngarontok atuh. Jang Husein rikat ngagilek ka gigir bari ngahembatkeun leungeunna. Jubrod teu mis deui ngahanca punuk jangdana ku dampa leungeun anu disangigirkeun. Habek beuteungna dibeset ku tuur borolo utah jekok iga burungna ditajong. Hah? Aduh. Jangdana ngagurung deui bari ngagerebut labuh deui sarta ayeuna mah bari gogorentelan adug songkol. Modar siaana. Ceuk si Husein bari jleng maksudna mah jangdana teh rek terus dilulu.
Geus teu mikirkeun deui yen eta teh dawanana lantaran geus kapikiran. Sanajan kumaha oge manehna jeung pamajikanana teh tangtu bakal papisa. Sabab tangtu kalakuanana piraku teu dibejakeun ka Nyi Eukohjan pegat oge teu nanaon teu beurat eusing. Ti baheula oge lamun teuuras kanu jadi bapa mah Nyi Euis teh meureun geus diserahkeun deui. Tapi maksud Jang Husein rek nyiksa teh teu kalaksanakeun lantaran ujug-ujug aya nu ngajorelat ka hareupeunana.
Saterusna ngaberga ngahalangan jangdana. Sing horeng madasim anu ti barang prung oge nyaksian. Kabeneran manehna teh ngaliwat ka lebah dinya oge sahan oge apaleun yen ieu teh Jangdana anakna Haji Sobana urang Cipancar. Sabar Ujang, sabar teu saing ngalaju nafsu. Sabar. Ceuk Madasim ngelingan. Eh saha ieu teh nu rek Anon suka bebela ka sidana? Ceuk si Husein morongos ka Madasim. Eh eh punten teu pisan-pisan Mang mah ngimutan weh teu sae nyiksa jalma teh.
Komo deui ieu mah lawan Ujang teu aya pisan pangabisa. Ceuk Madasim keukeuh ngelingan. Paduli siah nu sejen teu perlu ilu biung deuleu n di dinya teh bade gana sidana kitu. Ceuk si Husein petana teh peupuleuk nak. Lain bade g lain dulurna kaula mah ngelingan we ngelingan ieu teh. Jangdana mah tea pangabisana. jeung tibatan bisa ngelawan mah kalaka binasa. Ceuk Madasim nyaritana rada heuras ayeuna mah ngarasa geuleuh ku pepetaanana si Husein asana teh umaing pisan.
Heeh. Sor atuh maju. Ari ngarasa aya pangabisa mah keur ngaganti sidana. Si Husein kalah kah nangtang. Pamikirna ieu jalma teh sakali dibere jurus ti Manganten anu kahiji oge moal teu ngajongkeng. Ae nangtang ka saha Andika teh? Asa suaban teuing. Madtasim geus mimiti naik getihna. Asa teu ngeunah dihampas ku budak satepak. Sok padahal manehna teh dikadu ngora mah beunang disebutkeun saehuna. Jore-jore oge ngamuridkeun.
Aing teh kolot na teu diwarah tatrama ku kolot sia. Heh. Ceuk Madim deui. Heuh. Nyaho kolot. Tapi sabay anu rek pipilun nganu ngaharti sarua jeung sosoroh diri. Ceuk si Husein mani asa jumago pokpokanana teh meni matak ngahudang Amara. Eh teu sangka anjing babaung dungus maung. Madtasim nyaritana pinuh ku kecap panycele anu matak ngahudang amarah si Husein. Atuh lain di kieuna ngentabna si Husein. Manehna ngarasa diceceleh.
Teu apaleun yen manehna teh muridna Ki Jagra ti ngontong. Kitu anggapanana harita. Aduh aduh. Gagah abah sia nya capek teh sugan hayang dibebekeun tah sungut teh mau ompong ka dieu sia bari antap parah deui manehna nyeburutkeun peureupna dina jurus timanganten anu teu kurang hebatna lamun digunakeun kunu geus mahir mah tapi da ieu mah cacak digunakeun kunu kakara lelengka halu anu pikeun mantas mah manehna ukur ngagileukeun badana weh saeutik bari kuda-kudana mah tetep dina tempatna hiu buta bae peureupna di tekuh we si husein teh nepi pikeun ka kontan ngerepeng bari ngagurubug reuwas tapi peureup kencana mah terus nyuruntul rek ngahanca careham madasim rikat mapagu peureupna dua peureup diadu na atuh ari goat teh si husein ngoceak teu beda we ti bolon anu disureudure engang goleang gedebut bae badanna labuh kadorong ku tanaga benturan leungeun madasim aeh aeh jeung aing sia mah pilawanunana deu ceuki badrak ngajorelat ka hareupeun Madasim bari nga ngahembatkeun peureupna hiukna angin geus miheulaan ciciren dieusi ku tanaga nu kacida hebatna barangna keur kisilah ceuk madasim nyorowok bari ngagentak jingkrak hiuk peureupna rek dipake ngababuk peureup lawan tapi ki badra rikat narik leungeunna ngabarengan kileukna awakan jadi lawan sebrut heureup kencana ngirimkeun jurus ti manganten madtasim ngabalieurkeun sirahna bari ngalegot ka gigireun ki badra orok Kaya Ki Bard kacida kesitna malik ngenca ngabarengan gerakan nu jadi lawan.
Sedeng leungeun kencana ngahiuk ti luhur rek mepeg sirah ngabarengan peureup katuhu anu rek dipake notog dada. Ngan bae gerakan madasim teh tetela matak ngagetkeun nu jadi lawana. Manehna ngagentak ngangsrodkeun suku katuhuna ka hareup. Ngabarengan dua leungeunna dipake nakis sakaligus tukah dua leungeun Ki Badra bantrok jeung dua leungeunna Madasin ku lawit. Sakilatna keur dua leungeun Madtasim teh ngaheat ka handap nu maksudna mah rek ngayakeun teunglan kepang kana dua gigir Ki Badra.
Tapi sabot kitu karasa ku madasim hiukna bedog anu moal salah deui dihembatkeun ku si Husein. Memang teu salah harita teh si Husein ngahiatkeun bedogna rek ngabongohan rek dipake narok sirah lawan anu keur nongan ka manehna. Mantasim anu geus legok pangalaman surti kana naon-naon anu bakal karandapan ku dirina. Ku kituna kalawan teu loba pamola keentak narik deui dua leungeunna ngabatalkeun pamaksudanana nu rek ngahanca cangking Ki Badra anu memang harita geus nyantong lep saterusna Madasim ngareundeuk marengan malikeun awakna 180 darajat manehna teu ngayakeun gerakan naon-naon ku kitu oge geus cukup pikeun nyalametkeun dirina ku kituna mah Tasim teh geus legok tapak genteng kadek teu sakali nyanghareupan lawan tempo-tempo anu tingkat pangabisana aya di saluhureun manehna.
Jadi teu luput-luput ku pangalaman, teu suda ku gerak tipu. Nayeun dua lawan bari si Huse mah bisa disebut leleng ka halu keneh. Anu kurang-kurangna rancing geus mah matak nyilakakeun baturna sorangan. Seperti harita waktu Madim ngalelepkeun badanna, lain deui rewasna Ki Badra jeung si Husein teh. Boro tadina mah Ki Badra teh ngarasa waktu lawan narik deui leungeunna teh bari jeung teu apal naon anu jadi sabab. Pamiarsa sadayana waktosna parantos teu nyek geuningan nya.
Cagurang tunda ieu lalakon si buntung jago tutugan episode ka-32 nya. Aduh luar biasa gelut teu jeung gelut kuat ka ngacai balelol ngomong ge. Heueuh kuat kara racleng eta udud. Heueuh. Heueuh. Eta mi karunya diciuman wae. Kitu balelol. Janten di antawi sadaya dongeng nya nu paling sesah didongengkeun teh karya Pa Sukandar. Kahiji he karya kapungkur pan nya tahun 1960-an. Ejaan-ejaan kapungkur, seratan-seratan kapungkur.
Hah? Soak macana ge nya. Heuh. Tapi da sim kuring teh heuh sono nya kana dongeng-dongeng lawas kapungkur teh. E terutami waktos tahun 905-an. Lah sim kuring e ngupingkeun dongeng si buntung teh kapungkur nya zaman Mang Barna. Eh heh asa teu karasa nya nyarereekna waktu asa cikene SD ayeuna geus kolot. Ah Gusti nu Agung jeung abdi teh kacandak baper ieu teh dina dongeng episode 32 mah asa ngalaman. kitu naon nu aya dina jero dongeng teh he dina bab rumah tangga he kitu tea lah para wargi nya lalakon kahirupan urang sok kabobodo tenjo ka samarantinga urang teh sok kabobodo ku parasaan sorangan heuh marah anu dianggap hirup nu sabenerna teh naon nu karasa padahal mah heueuh rasa mah menipu kabeh oge lit ibarat urang lalajo film nya film India epikeun ka adegan lucu kabawa seuri adegan Sedih, romantis, kabawa ceurik nya urang teh padahal padul eta teh nya.
Ngan saukur carita ngan saukur lalajo bade jeung ningali jeung ngadenge kitu sora jeung gambar. Tapi urang asa bisa kitu nya bisa larut, bisa kabawakeun suasana eta film. Tah kitu dina kahirupan teh disangka nyata ieu perasaan teh. He boh cintana, boh bencina nya boh resepna, boh ngewana siga nyata. Padahal mah wadul kabeh ge ieu lalakon teh bakal beres antara urang jeung manehna, antara urang jeung anu dipikangewa nya ku urang bakal beres dina lalakon hirup di dunia teh nya bakal aya akhir nyaeta maot.
He carita baheula karuhun-karuhun urang nu musuhan kiwari ngan saukur tetenger we nya tutunggul masyaallah kitu oge urang jeung musuh urang hiji saat ngan saukur batu nisan siga wadul nya cag urang tuna dihanjuang siang urang teuneun dihaneuleum sieum paranti nyokot ninggalkeun mangsa datang ka sampeur deu wallah Wasalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.
The words are the caption track's own and nothing is reworded or re-transcribed. Paragraph breaks are placed between sentences so the text reads as prose.
Free tools for your own script: paste a draft and see where it stands before you record it.
Paste your draft and see where viewers are likely to drop off, with a rewrite for each weak line.
Paste the first 30 seconds of your own draft for a hook score and rewrites.
Check your draft against YouTube's advertiser-friendly guidelines before you record it.
Read this channel's public videos and transcripts, and download a writing brief for it.