Getting the transcript
Reading the captions from YouTube. A video nobody has opened here before takes 10 to 30 seconds; this page fills in on its own.
Getting the transcript
Reading the captions from YouTube. A video nobody has opened here before takes 10 to 30 seconds; this page fills in on its own.

The Story of the Land of Sunda · @kisahtanahsunda
Words
4,719
Runtime
44:48
Speaking pace
105wpm
Reading time
20min
105 words per minute, below the 160 25th percentile of 349 measured videos. That distribution comes from the 349-video hook study.
Opening (first 30 seconds)
Bismillahirrahmanirrahim. [musik] [erangan] Alhamdulillahiabbil alamin. [musik] Asalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh. Sampurasun wargi dulur baraya sadayana. Tepang dangu dei sareng sim kuring [musik] Mang Ian Ki Demang Gunung Halu tea geuningan nya anu manis anu kempot anu pangkasepna sa Jawa Barat. Ceuk em oge dina acara anu maneh nyaeta dongeng Sunda. Dongeng jaman kiwari ala
53 words, the words spoken in the first 30 seconds at 105 words per minute.
Free, no signup. See how the first 30 seconds hold attention, with rewrites.
Sentence shape
| Measure | This transcript |
|---|---|
| Sentences | 408 |
| Average words per sentence | 11.6 |
| Longest sentence | 232 words |
| Questions asked | 17 |
| Sentences containing a number | 5 |
Most used terms
Filler phrases
6 in total: uh 5 · like 1.
A literal whole-word count of the same phrase list the Prepublish browser extension uses, so a phrase inside another word is not counted and a phrase used in its ordinary sense still is. It is a count and not a judgement.
Free, no account. See where attention is likely to drop, with a rewrite for each weak line. The free check shows the scores and the one issue costing the most. Or run it on the words above first.
Free · No login · See a sample audit first if you prefer.
What this transcript is
Every word below is the caption track YouTube publishes for this video, pulled from the video itself and reproduced unchanged. It is not Prepublish's writing, not a summary, and not a re-transcription: it is the video's own published captions. Indonesian captions, generated automatically by YouTube, in the video’s original language. Source: the video on YouTube. A channel that would rather this page did not exist can ask for its removal through the contact page, and it is removed.
No Script X-ray for this video: YouTube shows a Most replayed graph only once a video has enough views.
Bismillahirrahmanirrahim. [musik] [erangan] Alhamdulillahiabbil alamin. [musik] Asalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh. Sampurasun wargi dulur baraya sadayana. Tepang dangu dei sareng sim kuring [musik] Mang Ian Ki Demang Gunung Halu tea geuningan nya anu manis anu kempot anu pangkasepna sa Jawa Barat. Ceuk em oge dina acara anu maneh nyaeta dongeng Sunda. Dongeng jaman kiwari ala kiwari nu nyarioskeun lalakon kahirupan mangsa bihari atanapi kabaheulaan.
Kumaha dararamang para wargi sadayana atuh mugi aya dina ginanjar kawilujengan rahayu berkah salamet. Amin ya Allah ya rabbal alamin. Dina waktos ieu sim kuring seja neraskeun hanca anu katunda dina pedaran dongeng anu judulna Si Buntung jago tutugan bagian anu ka-33 karya Bapa Sukandar. Kumaha salajengna ieu lalakon si buntung teh ulah ka mana-mana tetep manco di channel YouTube Kisah Tanah Sunda. Namung sate acan dilajeng kade ulah hilap anu teacan subscribe kana YouTube Kisah Tanah Sunda.
Mangga di-subscribe heula supados tiasa kengeng notifikasi kanggo satiap jejer carita nu salajengna oge nu sanesna. Anu parantos subscribe sim kuring ngahaturkeun rebu nuhun laksa keti bingahan. Atuh mugia sing tiasa janten rencang anu ngahibur ka para wargi sadayana nya. Kanggo ibu-ibu bari masak nyeuseuh gegerona. Kanggo bapak bapak bari nyantai Nyi Kopay udud samsai ngabaheu oge dipadamelan di tempat konveksi [musik] bari ngajahit motong brasna nya.
Di tempat cukur asgar di pasar di pabrik [musik] di kantor di perjalanan. Pokok mah kum dulur-dulur nu aya di lembur baraya nu aya di kota oge di pangumbaraan. Kumargi teu sakedik wargi-wargi urang nu aya di luar daerah bahkan di luar negeri sok mararanco dina pedaran dongeng Sunda Mang Yan teh. Janten rencang damel landong katineung cenah nya ka lembur. Oke. Ulah hilap di-like, dikomen sareng ulah diskipelan nada bageur nya pan eta saweranana dina YouTube mah kitu pemasukanana.
Oke saumpamina ngaraos kahibur ku pedaran dongeng sim kuring. Teras e hoyong ngaapresiasi tiasa kana nomor dan ieu nya sabaraha we saikhlasna. kanggo mes share kuota meh tiasa ngupload kitu tah para wargi sadayana. Sabarah we saikhlasna 2000 we etang-etang [musik] wewes parkir nya. Sakumaha biasa dina pedaran dongeng ieu teh nya kumargi pangarangna mah tos lami ngantunkeun atuh pamugia ieu karya teh sing janten ladang amal kanggo anjeunna.
Urang ngagip ku aosan alfatihah da gratis nya gratis ngaoskeun alfatihah. Sok Rp10.000 Ibu Langkung anu nongton si Buntung jago tutugan nya. Upami sadayana ngaoskeun alfatihah. Uh kabayang eta bungahna Bapak Sukandar nya dipasihan hadiah nu luar biasa oge sing saha jalma nu sok ngadoakeun batur saestuna eta doa teh bakal uwih deui ka urang sadayana. Komo sasarengan kieu tangtosna janten medan energi anu [musik] luar biasa nya.
Singga pamugia ku berkahna ya aosan alfatihah anu nuju usahana sing dilancarkeun sing dijembarkeun rezekina rumah tanggana sing sakinah mawadah anu milari jodona [musik] sing saingal dipendakeun anu teu damangna sing dishakeun sabihara-bihari deui khusus ilaruhi ahlil kubur Bapak Sukandar [musik] Allahumfir lahu warhamhu wahi wafu anhuillahumillahir [musik] Bismillahirrahmanirrahim. Alhamdulillahiabbil alamin arrahmanirrahim.
Maliki yaumiddin. Iyaka [musik] na'budu wa iyaka nasta ihdinasirathal mustaqimathalladzina anamta alaihim giril magdubi alaihim wadolinfillana. [musik] Amin. Oke kanggo pengarang-pengarang nu sanesna Kang E Rompis, Kang [musik] Cepi nya anu sok e ngarencangan urang dina karyana sing dijembarkeun reizkina pokona mah [musik] nya sing dibagjakeun supados tetap e berkarya kanggo ngahibur urang sadayana. Supados teu nyangkolong tingkana waktos.
Hayu ah urang sami-sami ngalajengkeun ieu lalakon Si Buntung jago tutugan bagian anu ka3. Mangga kaparayun sadayana. Wilujeng ngadangukeun ah. [musik] Atuh si Husein waktu ngahembatkeun bedogna teh geus ngarasa guligah, geus ujub lantaran pasti sirah lawan teh geus moal salamet tina pangadekna. Tapi buktina Ki Badra kalakah ngeja teu sirikna ti babaranting lantaran ari lep badan Mad Tasim ngerelep ari lol teh congo bedog si Husein nyuruntul sarta moal salah deui bakal ngade kana sirahna sedeng Jang Husein geus teu bisa ngerem gerakanana nu geus katalanjuran nyurudug sarta saterusna mah gebut bae si Husein teh labuh lantaran Mad Tasim ngageserkeun awakna bari nunjel suku si Husein teu pira ukur ditahan ku curuk kunaon Cuna ieu teh euy.
Ceuk Madasim nanya bari ngaggakagak. Jelas lelewana matak ngentab hate anu jadi lawan anu tumrapna ka Ki Badra asa dihina antep-antepan. Alah montong loba pamola siah. Ki Badra Morongos bari sabrut deui narajang. Leungeun kencana nyilang dihareupikeun dijieun cadangan ngabarengan jurusna anu ngahiuk bangbaraan. Lucu ari bangbarungan nafsu teh aing mah euy. Ceuk Madasim bari rikat ngagilek ngenca serog suku katunang serod ka hareup habek jurus timanganten Ki Badra teh dikepang ti gigir du wah leungeun Mantasim anu tos ngepang teh sakilat ngadagor gado Ki Badra Ki Badra ngagerung sarta ngalenggak gado karasa asa nyengsol di badug siku srog madasim ngangsodkeun suku kencana ka hareup bari ngagileukeun badanna ka katuhu du wah Ah punduk Ki Badra dihanca ku teunggeulan kepang.
Puguh weh sirah Ki Badra nu tadi ngadanghe teh kontan balik deui ka hareup. Anu antukna bluk bae nangkuban. Cungurna nyunghid kana taneuh jaba eusi kadut ngaborolo. Ki Badra Umarurung bari ngajurung kunung. Sugan teh moal aya hojahna deui na atuh. Ari gabruk teh ngadon ngarawuh suku. Ngejatna mah ngejat madasim teh. Tapi teu kaburu lantaran suku kencana nyampe kanu keur ngudupung. Antukna madasim ngageroas bari badanna ngoleang ngedebut nangkarak bengkang.
Leungit budi ilang daya da bongan make jeung cileureun. Hiji-hiji sia bedul. Ki Badra bari gentak ngakurinyel hudang. Kumarurung diganti ku ngaha dumeh ningali musuhna anu teu beda we ti tangkal kaya anu dituwar. Hah? Ngabungohan sia keed. Ceuk Madasim nyarekan bari ngakeun takudang sedeng nafsuna geus mimiti ngagedur sabab meunang hadiah endog meri dina sirahna. Sarua weh siah. Sia oge tadi ngabongohan deuleuh. Tadu mungkuk karang dempak atuh.
Aing kudu kabeunangan ari lain dibongohan mah. Nah sia bebeja heula waktu rek leutik buduk aing deuleuh Ki Badra ngahualkeun puguh bae pikeun mantasi mah lain di kieu matak jengkelna puguh asa kakara manggih lawan lamun rek ngetig punduk teh kudu bebeja heula [tertawa] punten kengeng teh upami punuk sia ku aing bade diketig kudu ngomong kitu sia teh aing teh euy koplok siah ceuk madasim bari ngahaha asa ngalayanan nu burung gerentes hatena tapi ari diwarah mah perlu supaya Teu song-song teuing.
Seburut bae mah dasim ngirimkeun jurusna. Puguh we tumrapna ka Ki Badra estu matak seber. Ku ngadenge hiukna oge geus matak kukurayeun sarta muriding bulu punduk. Leb ku sia bure aing gorowok manttasi marengan hiukna peureup. Ait wah [tertawa] ki badikat luncat ka gigir bari ngahaha. Ari bebeja heula mah moal be. Aduh [berteriak] anjing goblog teh muntung carehamu Ki Badra ngagero lantaran carehamna beunang digedrig ku peureup buleud tadi teh basa luncat ka gigir tonjokan Madasim ngageblosumag angin tapi basa madasim ngagentak malik sarta terus nyusul tepus ngajorelat bari nyamberkeun peureupna anu sama sakali teu katiten ku Ki Bard anu calawak mumbar sungut antukna peureup madasim teis deui ngahakan carehamna [tertawa] ceuk aing oge Lebok t peureup aing ku sia bangongan.
Mantasim nyak kakakak bari nyebrutkeun peureup kenca. Rek careham Ki Badra anu geus ngaburial ngaluarkeun getih tina sela-sela biwirna. Tapi sanajan cileupeung oge Ki Badra teh sanguk ari kudu kabeunangan deui mah. Najan bari nyeri oge manehna keuntak ngageserkeun suku katuna ka tukang jeung luncat ka belah kenca. Breh kekemplong mantasi molongpong. Tayya aling-aling anu ngahalangan sarta badanna semuudoyong lantaran tonjokanana teh poos leungit sasaran teu miceun tempo bae Ki Bad ngirimkeun jurusna anu sama sakali ieu mah hasil oge najan ngejat oge Madasim teu burung igana katotog beureup lawan heh ceuk Madasim bebeten duk duk duk Ki Badra ngasukeun deui teungulan kembarna ditoron kitu mah teu wudu madasim ripuh oge katurug waktu keur ngoleang teh sukuna dikait anu antukna gedeblak bae nangkarak saehu kadu ngora teh sakali ieu mah ngalakon ragrag di pakalangan naha geuning eta bet peureup aing anu direbok ku sia teh Ki Badra ngagakak bari seret masang kuda-kuda teu wani narajang lantaran lawanna geus nguniang hudang hah alah [erangan] ah [berteriak] deh mtong w kabur si abang barungan mata si menyorowok Bari sinar panuna meni hurung manco kanu keur cacalawakan.
Lebok deui yeuh. Ki Badra dina tanda nguntup-nguyup ngagentak luncat bari ngasupkeun deui peureupna meungpeung lawan can sayaga bener. Maksudna rek digedrigarehamna supaya teu loba hoja. Si jurig. Ceuk Madim rikat ngajengkatkeun suku katuhna ka hareup. Sedeng suku kencana ditarik ka tukang marengan badan anu malik sapinuhna kakenca. Hiuk peureup kenca rek dipake ngahanca iga burung tapi Ki Badra rikat mundur du leungeunna dipake nakis leungeun lawan anu rek nyasar igan oro kaya ayeuna mah madasim teh cingus naker sakilat leungeun kencana dihembatkeun ka luhur dipake mapag panimpug lawan maksudna rek ngadukeun tanaga bareng jeung eta srog majukeun suku katuna ka hareup pikeun ngadeukeutkeun badanna kanu jadi lawan du leungeun kencana awor jeung leungeun Ki Badra hiuk gejrot peureup katu madim dina jurus Kiara Dodo teh ngahanca wah Ki Bard ngagerung bari ngalenggak ah Ki Bard ayeuna mah terus bebetun lantaran hulu angunna dibeset tu uradasim hiuk jedak disusul ku peureup kencana nu ngahanca taktak jot jurus Kiara Dodo teh geus mindo deui bae ayeuna mah gaduh Ki Badra nu jadi sasaran Anu tumap ukur bisa ngagerung lamat sarta bae badan di bant sarta saterusna ngajoprak bari teu usik malik deui ukur napasna we empes-empesan nandakeun masih keneh hirup si huse anu geus hudang deui manehna ngagentak nyokot bedog anu ngagoler dina taneuh sarta teu anta parah deui sebrut bae narajang mantasim bari ngahiukeun bedognac [tertawa] asa keur siah madasim ukur nyerongwe bari serog ngasupkeun suku kencana ka hareup sakali dikaelkeun sukuna oge si Husein teh teu loba pamola gedebut bae manehna nangkuban ulah sorot teuing atuh Jaluk [tertawa] Madasim ngeyehkeun bari ditungtungan ku ngaheheh sangeuk ngalawanana oge kacape-cape lantaran lain taningan manehna [tertawa] Urang layanan ku abdi Pak Guru.
Ngadadak ujug-ujug aya nu ngagorowok ti pongpok imah si Uhhe muridna Madasim anu kakara taram-taram. Kabeneran harita manehna keur ngaliwat ka dinya. Ti tadi oge ngajengjen we nyaksian guruna Padungdung. Atuh salian ti manehna aya dua tiluna anu nempokeun. Kangaranan di lembur kitu atuh jalma teh teu euweuh-euweuh teuing. Sanajan enya di dinya teh rada nenggang ti tatangga. Ngan nyaeta ukur narempokeun we ti anggangna bari teu ieu geru.
Urang lembur teh percaya sapinuhna yen madtasim anu bakal unggul. Puguh dikadung ramataya nu birreuk deui ka Madtasim teh anu minangka saeuna guru sararea di kadung rama. Saha? Madasim bari ngareret. A geuning maneh we atuh ka dinya icip-icip ngan kadewe sing ati-ati lantaran manehna mah mawa si itu geus kitu mah koloyong bae mantasim nyampeurkeun jangdana anu keur pupuriisan nahan kanyeri. Upami tepat mah tianjar Ujang teh nya.
Madasim nanya ka Jangdana. Sumuhun leres Pak. Jangdana rada rungah ringeuh lantaran manehna mah teu wawuh. [berteriak] Ieu teh putrana Pak Haji Sob. Mantasim nanya deui. Sumuhun geuning mamang Uninga. Jang Dana bari malik nanya ngarasa kaget oge lantaran ieu jalma teh bet apal ka manehna sarta bapana. Padahal panggih oge kakara ayeuna. Ari terang mah henteu. Mung kantos we Mamang ka Cipancar. E ka saha kitu, Mang? Ka Jang Andi.
Ka si Andi Jang dan nanya bari kaget oge lantaran ieu anu nulungan teh tetela sobatna Andi sasat anu ku manehna mah dipimusuh. Sumuhun Jang Andial Madasi bari ngagiler ka si Uhe anu harita geus adu hareupan jeung Jang Husein. Hariwang oge lantaran si Uhe malemor. Sedengkeun lawan mah sakitu garangna bari nyepengan bedog. Sanajan geus nyuhid oge ari lelewana mah tetep we pikaideun. Pohakna siga nu heueuh. Sakitu anu jadi guruna geus ngajoprak oge teu ieu nembongkeun kasieun.
Harita barang Jang Husein mireungeuh anu nyampeurkeun teh teu anta parah deui hiuk bae nyabetkeun bedogna ngan untungna tetela si Uhede Cingung oge gentak manehna luncat ka gigir bari leungeunna geus ngahiat rek ngetig pigeulang. Orokaya Jang Husein ngarobah gerakan bedogna bari ngangsrodkeun suku kencana ka hareup. Kirek nyero ngatuh bari heat bedogna disamberurkeun rek ngabeset beuteung. Tapi ngan ukur nyabet angin lantaran si Uh kaburu luncat ka tukang.
Bahaya oge yeuh. Madasim ngagerentes dina hatena. Kacida ngarasa hariwang ari bedog dilawan ku Lemor mah. Sanajan bener si Husein teh masih keneh ata si Uhe oge masih bisa disebutkeun balata boloto keneh. Wani teh bane wae lantaran aya guruna. Ari rek dialungkeun bedog deui sarua weh jeung ngahucukeun kana teu bener. Leuheung mun si Uhe teh ngan saukur boga maksud ngabela diri wungkul. Kumaha mun seug kaleupasan? He ngaran patelak atuh komo bari ngagunakeun pakarang.
Sanajan teu nepi ngababatang oge ari bocok mah kudu salah saurang atawa duanana. Ari diantep lemor deui ulah-ulah si Uhe anu boborot Retmad Tasim kana gantar pamoean. Awina geus kolot sarta katingalina teh teuas. Teu loba mikir deui gewa tilanan. Kepas bae ditigas aya meureun sadeupa mah panjangna. Geus kitu keleweng bae dialungkeun ka si Uhe. Boga pakarang si aing oge ayeuna mah. Sok sia lah. Ceuk si Uhe bari melong ka si Husein.
Alah dibabar sia jeung kokod-kokodna ku aing mah. Ceuk si Husein bari ngagentak nyabetkeun bedogna mani ngahiuk rek ngalabeuheung. [tertawa] Coba-coba wae baraya. Ceuk si Huhe bari ngareuneuk. Beleutak bae bedog teh dibabuk ku awi. Koleweng bedog si Husein. Saangeus dibabuk teh ngadon nyerepet deui kana sira. Prek si Uheng ngedeprek jubrod bincurang si Husein teh dibabuk ku Awi. Ah [berteriak] jadol siah. Naon ari sia ngababuk cokor goblok?
Kanana naon wae sia keunana sok lah paeula-heula we jeung dewek beh. Ceuk si Uhe bari ngahembatkeun paneunggeulna ngabarengan badan anu ngajurung kununung. Bletak bedog jang husein teh beunang deui di hanca sarta sakali ieu mah nepikeun kamecleng lantaran si Uh make tanaga sapinuhna kulawit awi teh dikulawitkeun. Nah eta mah si Uh dedegelerna gejos wae conga awi teh ditojoskeun kana beuteungna si Husein masih untungna teh lain kunu mencosna [berteriak] kontan Jang Husein ngajek sarta ngaborolo ngaluarkeun eusi kadut lamun si Uhe te rikat ngejat piraku te lamokot kabura ku utah si Husen cukuphe cukupus madasim nitah eureun lantaran manehna apal kumaha dedeg Erna si Uhhe.
Sakalina lamun keur latihan wae manehna mah sok nyaan. Komo mun gelut beneran. Ngadon ngabura siga oray geura pak guru. Ceuk si Uh bari nyampeurkeun madasim leumpangna ngagegag semudangah teu beda we ti jenderal anu balik ti pangperangan bari mawa kaunggulan. Ki Badra anu kakara sadar tina ngajehjerna. Kuniang hudang terus rucangiceung ret ka Madasim anu keur ngariung tiluan ret ka si Huseen anu masih babalongkengan utah uger koloyong disampeurkeun bari terus diurutan pundukna ah nyinggah ceuk si Husein bari ngepeskeun leungeun Ki Badra kunaon ari Ujang ceuk Ki Badra melong semu kaget alah kalah kabongotna we sia teu bisa diandelkeun hah ceuk Ceuk si Husein nyentak.
Eh, adatna atuh Ujang. Ceuk Ki Badra bari ngareret ka Madim. Adat-adat kumaha ieu teh? Eh, Sun Gelut mah aya unggul aya asor atuh. Ki Badra suarana harosos satengah ngaharewos ti dituna mah mepersangkan si Husein ambekna teh teu katutuluyan. Enya pan di dinya nu medokna oge. Apan Ujang oge sami kawonin. Heueuh. Da nu diajarkeunana maen popodol sero siah. Ceuk si Husin kalakah beuki sewot ngarasa geuleuh atuh da diuleh teh kadon ngahualkeun.
Ki Barditukeun mahluk wae tungkul teu nembal deui ngarasa rumasa teu bisa dijagokeun ku si Husein. Kalahkah omongna we anu harus batan goong. Geus kitu mah si Husein ngabengbeos ninggalkeun Ki Badra. Lain deui ngarasa wirangna kujangdana nu geus mergo kalakuan teu ecereugna. Katurug ngalaman ngajongkeng bari utah uger sagala. Harita oge seueul sarta murelna mah masih karasa. Ngan maksakeun indit soteh lantaran geus teu wani nembongkeun beungeut kajangdana sarta ngarasa geuleuh deui ku pamolahna Ki Badra nu siga heueuh we jago.
Ari buktina mah ngadon nyopos euweuh nanaonan. [musik] Cag urang tunda heula kaayaan si Husein. Ayeuna urang caritakeun deui Andi. Sadatangna ka Cipancar, Andi teh ngadedempes bae di imah Ki Sahudi. Pikiranana pajjeut teu beda we ti bola kusut. Puguh pikiranana teh cuscos ka ditu ka dieu di beda ku hal anu teu kurang matak bingungna. Raska Nyi Tarsiah anu keur kakaburan mangka-mangka keur kakandungan. Plengles teaya beja-beja acan leungit tanpa lebih ilang tanpa karana teh saenyanyana atuh anu matak jadi hariwangna teh sok sieun luas ikhlas bibilasan.
He kangaranan awewe deut deuleu pondok Lengkah ari kabisa ngan ceurik dina dekna sagala pugag teu bisa ngungkulan katunggaraanana. Sok teu mustahil lamun manehna nepikeun ka poho kana dirina. Ngaleungitkeun karudet hatena teh antukna teh make jalan sasar. Poho ka Pangeran cindekna sok sieun tega nelasan pati. Ras deui inget ka Bah Rowi anu geus jadi musuh bubuyutanana. Maksud rek males pati teh tacan keneh kalaksanakeun.
Sok padahal kasempetan mah teu kurang-kurang manehna. Geus sababara kali bantrok. Ngan nya kitu tea weh. Hangan jeung harungan teh aya bae. Bakuna mah kahalangan ku si Jaka anu teu kurang matak nimbulkeun pugagna pamaksudan. Harita weh basa kajadian di Jangkurang lamun teuuras ku si Jaka anu perlu dibawa ka hujung mah Bah Rui teh geus tangtu diobrot moal dibere kasempetan pikeun mabur. Ayeuna katambah ku datangna Nyi Euis ka Cipancar.
Sanajan bener geus lain-lain deui. Tapi teu burung weh hatena mah nyeredet barang ngadenge beja ti Bina. Komo bari diimplik-implikan yen cenah kaayaan Nyi Euis ayeuna anu kacida ruksakna awak begang lir anu keur gering nangtung ngalanglayung. Sanajan teu dicaritakeun sabab-sabna oge ku manehna geus bisa dipaparah tangtu pangna Nyi eis nepikeun ka ngaranapan kitu teh pasti nguluwut hate lantaran boga salaki kanu lain dipikahayangna.
Ulah-ulah hatena mah masih inget ka dirina. Ku kituna mah teu jauh jeung rasa nu aya dina hatena. Andi oge nya kitu. Sanajan dijanglarjanglar oge ebreh wae pasemona alum alatan nemu katineung. Gambaran Nyi Euis teh teu leupas ngongkolak ngalangkang dina biwir panon. Reup peureum angger katempo, rap beunta angger kacipta. Sumarambah kana bayah lengket masket dina hate. ti [musik] [musik] Sakalieun ngaran Nyi Euis disebut-sebut [musik] jajantungna ngadadak motah teu beda we jeung anu dioyagkeun ngendagkeun dada anu nimbulkeun hese ngambekan.
Komo lamun Andi ningali di [musik] kieuna juntrungan Nyi Euis ayeuna bubuden hegar anu baheula teh geus musnah tina ragana. Nu kari [musik] ayeuna ceuk paribasana mah ukur kulit pamungkus tulang anu rangkebong. [musik] Hiji mangsa keur waktu Andi Cindekul di dapur bari diuk dina jojodog. Panon anteng neuteup kaluar ngaliwatan panto dapur anu ngageblang. Pamandangan mayak pakna pasawahan anu keur sumedengay pateun teh bet terus ras nimbulkeun ka inget kasuat mangsa nu lawas waktu ulin samemena jeung si manehna sok leumpang mapay galengan bari ngalajarami keur nyieun ole-olean anu dibungkus ku [musik] daun kalapa bray kajadian waktu keur ngabedahkeun balong nya ti harita mimiti wawuh bener jeung nyi eis Waktu Nyis [musik] diganggu ku si Husein ditambahkan balong surungkuyang paduduaan peuting-peuting handapeun tangkal buah gigireun imenge inghakna sarta tiisna Cipanon anu nyelecep maseuhan dada.
Pang akhirna waktu imah Pak Haji dijora goomplotan si Jaka teu sirikna harita Nyi Eis montel muntang ti pepereket karasa he napas Nyi Eis haneut hareuheuy ngabadug kana kulit beuheung deh ayeuna mah geus lain-lainna deui manehna geus dipiboga deungeun ngan ceuk beja manehna teh ayeuna kacida pikawatireunana Andi ngagerentes dina hatena ngabarengan napasna anu jero sarta beurat. Gambaran hate anu peunggas bari panon mencerong kalawang panto anu molongo.
Oh. [musik] Punten. Kadenge di hareup aya nu pupuntenan. Gebeg les jirim-jirim anu narembongan teh ngadadak laleungitan. [berdehem] Gancang cengkat bari nutupkeun heula panto dapur. Kojengkang ka tengah imah langsung muru ka panto hareup. Ari bray teh dibuka. Horeng madasin geus manco digolodog. Ae mangga linggi mang. Ceuk Andi giakna keur umakuna. Alah mangga Jang Andi kalerusan nuju di dieu geuning. Ceuk Mantasim api-api siga nu can nyaho.
Sok padahal mah geus meunang beja yen Andi aya di Cipancar. Ieu sabab anu matak manehna ngahaja datang ka imah Ki Sahudi. Sumuhun Mang. Teu acan lamin di dieu oge Andi bari ngamparkeun sama gek duanana dariuk pahareup-hareup siantenan geuningan mang ceuk Andi nyarita deui bari neuteup rada kaget oge kadatangan ku Madasim teh. Ahungan we Jang sakantenan ka Cipancar dupi tuang rama nuju ka mana Jang Andi? Nuju angkat-angkatan kitu.
Ceuk Madim saterusna mah nanyakeun Ki Sahudi [musik] teu acan mulih nuju milarian dagangan. Atuh pun Bibi mah masih di bumina Pa Haji tadi teh dihiras nutu teh Andi. Oh leres tuang ibu mah tadi oge tepang di bumina Pak Haji Sobana. Har mang teh mulih ti Pak Haji Sobah kitu. Andi nanya pinuh ka kaget. Muhun Jang Andi eta Mang teh wangsul nganteurkeun putrana. Putrana saha Mang? Jangdana maksadna Andi beuki kaget ebreh dina paneuteupna nu nanceb teu ngiceup-ngiceup.
Sumuhun Jangani jangdana teh mentas riributan di kadung ngura sareng budak ngora sapantaran. Ceuk Madim bari derekdek bae nyaritakeun naon-naon anu geus kajadian. Kitu Barukan nu terogan pisan si Husein teh. Kitu we geuningan rerebu teh ngadon rekinyeri bener-bener kudu diwarah manusa teh. Eta dupi nu saurang deui saha? Andi nyaritana kitu teh bari ti kekereket. Saurna mah Ki Badra. H teu tebih tina sangkaan memang manehna teh masih neuteuli ka abdi.
Wartosna mah manehna teh ngadongkapan guruna ayeuna teh. Harantos riributan kitu sareng Jang Andi. Muhun Mang. Si Husein nu jadi lantaran mah manehna ngata-ngatakeun ka abdi. Numawi matak ayeuna si Husein ngadongkapan guruna oge kanggo mayunan abdi eta teh. Walah kuning kumaha atuh Jang Andi? Nya teu sawios mah. Tangtos ku abdi bade dipayunan we ari enya mah butuh kana awak abdi. Komo ayeuna aya jalan. Ngan kade we jangani sing atos-atos bilih ngaborongohan ke muhun Mang.
Hatur nuhun tos ngemutan. Geus kitu mah obrolan teh jadi museur ka si Husein. Lamun enya bener teh ngakalakeun ka Andi bari jeung make minang saraya ka guruna. Madtasim teh nyogrogkeun maneh rek nyobaan ngajajal guruna. Teu lila Madasim pamitan rek terus [musik] mulang ka kadungora. Ngahaja manehna kaleles heula. Anu dimaksud sugan we pareng papanggih deui jeung Ki Badra. Mun keur tadi dipahing pisan hore mun panggih deui teh da geus tangtu bakal nimbulkeun riributan.
Tapi ayeuna sanggeus ngadenge beja ti Andi yen Ki Badra teh sasata ngata-ngatakeun ka Andi manehna jadi nyongsrong nafsuna. Lantaran pamikirna ayeuna mah geus puguh anu dibelaan. Musuh Andi sarua jeung musuh manehanana anu kudu disanghareupan. Sanajan kudu kumaha oge balukarna. Ngan alusna teh si Husein jeung Ki Badra teu kalaluar. Anggur keur ngariung weh nyawalakeun kajadian di Kadungora. Bakuna mah si Husein teh keur dipeper ku Ki Jagra.
Pokna teh teu kudu hariwang lantaran anu geus nyieun wirang ka manehna bakal dijorag ka kadung ngora. Moal ieu sabaraha tanagana dalah ditengtengkeun oge sakadu ngora pasti ku manehna teh bakal diayonan. Iraha kitu Pagera? Ceuk si Husein nanya bangun anu geus teu sabar. Wah iraha bae. Sadaos ayeuna pisan oge mangga atuh ku Bapa tangtos didodog kauung ngora. [tertawa] Petal Pajagra estuning ujubna. De terang-terangan kitu Pajagra.
[tertawa] Mun jeb urang tangtangan weh teuing. Ah kayang mah sing we pak paur kauninga ku Abah ieu oge mun kauninga mah pasti atuh nyanyana kaep. Ceuk Pajagra bari ngareret ka si Husein. Ulah nyabit-nyabit ka kuring kumaha ieu teh? Ya sumuhun. Bapa mah seulah-ulah bade mangeskeun we yeuh Ki Badra. Tah kitu we atuh. Tapi tong wakusu-rusuh engke bae atuh soalna araheun teh lain eta hungkul. Har naon deui Je? Ceuk Pajagrananya semu heran.
Kapan perkara si Ani mun bisa mah hayang geura diheulakeun? Moal sud rasa ning ati lamun manehna teacan ngababatang. Si Husein ngebrehkeun kaceuceubna ka Andi. Wah urang cecel we hiji-hiji Cep. Kapan si Andina oge duka di mana? Numawi urang garap we nu dikadu ngora heula weh. Nu tos kantunan. [tertawa] Ki Jagra bari ngareret menta saluyuan si Husein. Eh nya kitu we atuh. Ngan omat kuring mah ulah dibabawa nya. He maksud teh ulah kanyahoan ilu biung weh paur kauningan ku Abah.
[tertawa] Moal atuh Cep ence pauningan beres we lah. Mugi sing jongjon-jongjon weh ngantosan di bumi sing raos-raos calik. Mungeta ieu teh Cep. Bapa teh meulang ka barudak anu mangkuk di lembur. Pantesna teh bangkoreakan weh. Har n teu aya nu maturan kitu. Aya eta oge indungna. He mung nya eta Cep pantesna teh tos lengo deui. Lengo deui ngarep-ngarep bapa. Naha bade mulih heula kitu nya. Sumuhun Cep. Mung nyaeta wangsul oge upami lengo mah matak katir weh Cep.
Pajagra ngomongna bari tungkul teu wani neuteup. E butuh duit Bapa teh. Ngomong atuh tatadi lain pabolit ka ditu ka dieu. Ceuk si Husein Surti. Aya yeuh sakalieun jangri mah. Si Husein ngomong kituna teh bari ngusiwel ngaluarkeun duit saringgi [musik] tina sakuna. Song dibikeun ka Pajagra. Nuhun atuh Jep. Langkung dicegukab sakieu mah. Ceuk Pajagra harina keur nampanana teh. N kitu we atuh nya omat sing bisa nyepeng Rusiah.
He atuh Pajagra kuring rek balik heula nya. Kalawan teu nunggu jawaban gejlig bae si Husein turun ti imah Ki Jalal bari mawa hate anu guliga. Manehna percaya lamun Madasim anu geus ngawiwirang ka manehna teh pasti bisa dipangmaleskeun ku Pajagra. Komo lamun nitenan pokpokanana mah teu mustahi lamun si Ani oge moal mahi ka Pajagrama. Ongkoh deui ceuk katerangan Ki Badra mah yen di nagara tengah mah geus euweuh lawan pikeun Pajagra teh.
Kuitu tea mah kangaranan murid teu eum-eleum nabeuh nu jadi guruna malah sok bari dileuleuwihan. Komo ieu mah ngahaja ditabeuh sangkan harus malar si Husein udulan duitna. Pamiarsa sadayana nu pararegek, aya alusna madasim nulungan jangdana teh lantaran ebreh lamun Andi teh kancana madasim. Ku kituna jangdana ayeuna aya oge robahna kaceuceub ka Andi teh beunang disebutkeun ngurangan. Ongkoh deui ayeuna mah kageuleuhna sasat museur ka si Husen.
Sajabana ti ngarasa nyeri hate teh manehna ngarasa kaget oge lantaran si Husein teh ayeuna mah boga pangabisa. Ku kituna jorojoy bae manehna bet hayang guguru sangkan boga pangabisa. Kahayangna mah dek ngaguru Kad Tasim. Okaya tempatna jauh. Ras inget ka Mang Amir nyaeta badegana nu jadi bapana nu geus kanyahoan aya pangabisana. Dek bae manehna meredih hayang diajar ku guru. Ngaran-ngaran ka anak dunungan, Mang Amir teh teu hese beleke langsung nyanggupan.
Malahan Adria oge pipilueun ngajar, da puguh manehna oge diperekesel. Eur mah memang getol diajarna katurug Jangdana teh ngabogaan bakat sarta kacida calakan dina narima kabeh pangajaran teh. Ku anehna teh sakali ngajar jurus teh teu kungsi ngadua kalian ngajarkeun teuing pedah ku perbawa hatena nu hayang males kanyeri. Teuing memang otak jangdana anu encer. Sabab dina diajar bela diri mah antara otak jeung anggah badan teh kudu singkron teu tojaah cindeukna mah.
Ulah ari otak nitah nonjok ari pek teh curug kalakah nyolok. Atuh dina dipecak pangabisana teh Jangdana mah estuning matak nyugemakeun kanu ngajarkeun. Waktu dicoba ku Adia mukaha jangdana teh mata gede hate anu jadi guru. Tetela hasilna teh jauh tina panyangka. Eta we peureup-peureup Adria nu sakitu ting belesur teh taya hiji oge anu keuna. Boh dina nakis, boh dina luncat nyingkahan panarajang kacida tapisna. Malah dina waktu malik narajang Estuning matak helok anu nempo anu antukna Adria teh ampir-ampiran kawalahan.
Ku kituna mah teu saimbang dina tanaga. Jangdana mah keur meujeuhna buta tulang buta daging. Sedengkeun Adia mah tanagana teh geus kaang ku jaman kasurung ku umur anu teu bisa dibohongan. Aduh Cep hebat lah bet bapa y anu ripuhna yeuh. Ah aduh. Ah ceuk Adria ngebrehkeun pamuji anu teu dijieun-jieun sedengkeun napasna mah mening ngahegak. Ah sumuhun Cep. Cekap sakieu mah. Ah calakan Cep ma euy. Duh ceuk Mang Amir milu nembrong.
Nuhun Mang. Saeula atuh guruna moal ngisinkeun sakieu mah. Nya Mang Jangdana Malik muji bari liang irungna mah rebeh-rebeh weh meunang pamuji teh. Cekap, cekap kasep. Mung upami hoyong langkung hebat kedah ngaguru deui kanu sanes. Ka saha kinten-kinten Mang Amir? Sok kapalang abdi mah lah bari diajar dugikeun ka jucungna. E kajang eluh pamiarsa sadayana waktosna geuningan teu karaos parantos seep nya. Emh. Hah. [menghela napas][terkesiap] Cag urang tunai lalakon si buntung jago tutugan teh nya.
Insyaallah kin urang [musik] lajengkeun dina episode anu ka3 eh 34un berarti nya. He teu karaos ieu lalakon teh panjang keneh para wargi sadayana nya. Panjang keneh pisang. He tah kitu lalakon kahirupan mah. Heueuh peurih peh peurih kitu ya ujian hirup teh. Sabar sabar sabar. Di mana niat urang hade mah da moal pahili kitu peurihna dina kahadean mah pasti aya buah nu manis. Beda jeung niat goreng mah nya. Sanajan amis teh awal ka dituna peur bakal hukum urang teh.
Raja tara nyiksa, ratu tara ngahukum, ang kulah lampah sorangan. Tah kyataanana euweuh musuh nu pangurat-beratna, euweuh musuh nu pang bahaya e bahaya-bahayana. Iwal ti nafsu urang sorangan, laku lampah urang sorangan. Nya i kahayang anu matak ngajah, anu matak nyiksa. Tungtungna ieu kahayang nafsu teh dituturkeun. Sanajan salah dilakukeun tungtungna urang bakal dihukum ku laku lampah urang. Ih urang diajar tobat ngabebunah diri nya.
He da bungan saha atuh? Matak ayeuna rupek kahirupan teh. usaha ancur-ancuran, rumah tangga, paburantak teh pan gara-gara laku lampah urang sorangan nya ulah neangan e kasalahan batur, teangan ti diri urang sorangan. Bobot sapanon carang sapakan, cag urang tunda dihanjuang siang, urang teuneun dihaneum sieum paranti nyokot ninggalkeun mangsa datang kaur deui. Wallah muwafik. Wasalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.
[musik]
The words are the caption track's own and nothing is reworded or re-transcribed. Paragraph breaks are placed between sentences so the text reads as prose.
Free tools for your own script: paste a draft and see where it stands before you record it.
Paste your draft and see where viewers are likely to drop off, with a rewrite for each weak line.
Paste the first 30 seconds of your own draft for a hook score and rewrites.
Check your draft against YouTube's advertiser-friendly guidelines before you record it.
Read this channel's public videos and transcripts, and download a writing brief for it.