Getting the transcript
Reading the captions from YouTube. A video nobody has opened here before takes 10 to 30 seconds; this page fills in on its own.
Getting the transcript
Reading the captions from YouTube. A video nobody has opened here before takes 10 to 30 seconds; this page fills in on its own.

The Story of the Land of Sunda · @kisahtanahsunda
Words
4,619
Runtime
44:49
Speaking pace
103wpm
Reading time
19min
103 words per minute, below the 160 25th percentile of 349 measured videos. That distribution comes from the 349-video hook study.
Opening (first 30 seconds)
Bismillahirrahmanirrahim. Alhamdulillahiabbil alamin. Asalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh. Sampurasun wargi dulur baraya sadayana. Tepang dangu dei sareng sim kuring Mang Ian Ki Demang Gunung Halutia Geuningan anu kasep anu manis anu kempot nya ceuk ma eta oge dina acara anu maneh nyaeta dongeng Sunda dongeng jaman kiwari al kiwari anu nyarioskeun lalakon kahirupan mangsa
52 words, the words spoken in the first 30 seconds at 103 words per minute.
Free, no signup. See how the first 30 seconds hold attention, with rewrites.
Sentence shape
| Measure | This transcript |
|---|---|
| Sentences | 334 |
| Average words per sentence | 13.8 |
| Longest sentence | 312 words |
| Questions asked | 9 |
| Sentences containing a number | 6 |
Most used terms
Filler phrases
2 in total: like 1 · uh 1.
A literal whole-word count of the same phrase list the Prepublish browser extension uses, so a phrase inside another word is not counted and a phrase used in its ordinary sense still is. It is a count and not a judgement.
Free, no account. See where attention is likely to drop, with a rewrite for each weak line. The free check shows the scores and the one issue costing the most. Or run it on the words above first.
Free · No login · See a sample audit first if you prefer.
What this transcript is
Every word below is the caption track YouTube publishes for this video, pulled from the video itself and reproduced unchanged. It is not Prepublish's writing, not a summary, and not a re-transcription: it is the video's own published captions. Indonesian captions, generated automatically by YouTube, in the video’s original language. Source: the video on YouTube. A channel that would rather this page did not exist can ask for its removal through the contact page, and it is removed.
No Script X-ray for this video: YouTube shows a Most replayed graph only once a video has enough views.
Bismillahirrahmanirrahim. Alhamdulillahiabbil alamin. Asalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh. Sampurasun wargi dulur baraya sadayana. Tepang dangu dei sareng sim kuring Mang Ian Ki Demang Gunung Halutia Geuningan anu kasep anu manis anu kempot nya ceuk ma eta oge dina acara anu maneh nyaeta dongeng Sunda dongeng jaman kiwari al kiwari anu nyarioskeun lalakon kahirupan mangsa bihari atanapi kabaeulaan. Kumaha dararamang para wargi sadayana?
Atuh mugi aya dina ginanyar kawilujengan rahayu berkah salamet. Amin ya Allah ya rabbal alamin. Dina waktos ieu sim kuring seja neraskeun hanca nu katunda dina pedaran dongeng anu judulna si buntung jago tutugan bagian anu ka-28 karya Bapa Sukandar nya. Namung sapertos biasa sateu acan dilajeng hayu ah urang sami-sami ngintun giip nya ka pangarangna nu tos lami ngantunkeun ieu karya oge karya lawas tahun 1960-an nya pengarangna ngantunkeun tahun 1990 sareng hapuntenna sim kuring elat sabar dinten kumargi kapatenan nya e emang ngantunkeun kumargi kitu nyuhunkeun ikhlas nya e naon kintunan alfatihahna ti para wargi sadayana nu biasa manco insyaallah Allah nya satiap urang resep ngadoakeun nu sanes nya resep ngadoakeun papada muslim Allah bakal mikanyaah ka urang seueur ge teh nu dihadirkeun ku Allah kanggo ngadoakeun urang sadayana khususon ila arwahi abaina wa umahattina waadina wa ihwina wawatina waqba waqwamina wa ashabina wahbabina wa auladina wa talamidina waina waina wajatina wa ahli qoratina wa ahli baladina wa mashina wa ulama Muslimat ahlil kubur Bap Sukandar pengarang dongeng si Buntung Suson Mang Harun Arasid bin Haji Daudillahum alfatihahubillahiminasyaitanirjim bismillahirrahmanirrahim Tah kumaha salajengna i lalakon si buntung jago tutugan teh?
Ulah ka mana-mana tetep manco di channel YouTube Kisah Tanah Sunda. Namung satacana dilajeng kade ulah hilap nu teu acan subscribe kana YouTube Kisah Tanah Sunda. Mangga disubscribe heula supados tiasa kengeng notifikasi kanggo satiap jejer carita nu salajengna oge nu sanesna. Anu parantos subscribena sim kuring ngahaturkeun ibu nuhun Laksake bingahan atuh mugia sing tiasa janten rencang nu ngahibur ka para wargi sadayana nya.
Kanggo ibu-ibu bari masak nyeuseuh gegerona. Kang Bapak-bapak bari nyanti, Kopay, udud samsay ngabaheuhay ditepas bari ngabayangkeun nya oge dipadamelan di tempat konveksi bari ngajahit motong berasna di tempat cukur asgar di pabrik di pasar di kantor di perjalanan bari nyupiran ah pokona mah kumul-dulu nu aya di lembur baraya nu aya di kota oge di pangumbaraan kumargi teu sakedik wargi-wargi urang nu aya di luar daerah bahkan di luar negeri sok mararanco dina dongeng Sunda Mang Ian teh nya ulah hilap di-like, dikomen pokona mah wajib komen Nya e ikuti heula alur caritana kumaha pendapatna nya.
Heeh. Anu teu komen burut pokona mah ulah diskip iklanna da bageur. Sareng kumargi sim kuring mah da ngadongengna sanes dina radio ieu mah nya live TikTok sareng YouTube. Saumpamina ngaraos kahibur ku pedaran dongeng sim kuring teras hoyong apresiasi tiasa kana nomor dana ieu teh nya. Ah sabaraha we saikhlasna kanggo meset kuota. Pan abdi mah sisi leuweung lain di kuota nya para wargi supados te nyengkolong teuing kana waktos.
Hayuah urang sami-sami ngalajengkeun ieu lalakon Si Buntung jago tutugan bagian anu ka-28. Mangga kaparayun sadayana. Wilujeng ngadangukeun prung ah. Tol silaing mah Sudinta. Ceuk Karna anu tadi ningalikeun Sudinta nu hampir bisa narok sirah Ki Jantra. Ngan lantaran dada manehna oge bakal kabeunangan disabet ku bedog. Enya manehna ngejat deui. Heh. Tolol-tolol mata sia teu sudi teuing ari dada aing kudu beulah mah. Temal surinta ukur dina jero hate kituna teh.
Di sejen pihak mad tasim anu keur dikarep ku Jumantta sarja dulmanan katut jimpo. Teu kurang hebatna. Bedog madasim terus ngubeng dina jurus turih wajib. Tungtung bedog teh jadi siga anu ngalobaan sarta sorana meni ngahiung matak nyentarkeun hate. Geus teu kadeuleu jirimna ukur kokolebatan siga kalangkang. Tapi lamun keuna kana sasaran geus moal matak menye. Ayo Mang Jumanta piraku opatan teu bisa ngelehkeun jelema hiji.
Hayo hayo. Ceuk Karna gogorowokan mere parentah. Lantaran ditingali teh anak buahna ukurus subat sabet teu puguh. Sedengkeun bedog madasim beuki dieu teh kalakah beuki hebat. Sanajan teu diceplak pahangkeun oge omongan kana kadengena ku jumanta jeung kunu sejenna teh karasana teu beda we jeung ngaweweleh dumeh maranehna teu bisa nalukeun jalma saurang. Ku kituna bari teu nembal sekecap oge jumantta ngagentak misahkeun diri nguliwed ka tukangeun Madtasim anu maksudna rek ngayakeun panarajang ti tukang.
Hal eta teh ti tadi oge geus sabaraha kali dicoba tapi gagal wae lantaran gerakan Madasim teh kacida lingasna. Malah harita oge kitu barang miung jumantta nguliwed ka tukangeun. Madasim ngagentak malik bari ngalelepkeun awakna. Sedengkeun bedogna teureun rek ngarampalkeun suku-suku nu jadi lawan anu keur nyampeu. Puguh weh tumraapna kadulmanan jeung nu sejena lain dikieuwasna. Lantaran jelas suku maranehna teh rek dibuntungkeun ku kituna rikat kabeh ti babaranti ngarejat ka tukang bareng jeung eta Sudinta geus narajang deui.
Madtasi malik ka tukang bari nutupkeun badana ku gerakan bedogna. Terang bedog jumanta anu keur nyuruntul teh dipapaslik leupas tina cepengan. Ah ampun nedah hirup ampun. Ceuk Sudinta bari peureum baka ngarasa paur ningali bedog mantasim anu rek nisahkeun sirah tina beheungna geuningan sia oge sieun modar mah euy aduh madtasim nyaritana bari ditungtungan ku ngagoak leungeunna ngadadak ngulape sartaik bae bedogna teh murag naha teu diteruskeun ngadek teh euy ceuk karna ngagorowok bari seuri pamiarsa sadayana nu pararegek waktu tadi bedog Sabekun rek nigas beheung sudinta sakilat karna maledogkeun batu.
Sanajan teu gede ukur sagede muncang tapi dina maledogkeun teh karena ngagunakeun tanaga jerona. Anu balukarna pikeun madasim kacida hebatna nepikeun ka manehna ngarasa leungeunna komper sarta bedogna murag tina cepengan. Sabot keur kitu, bedog-bedog dulmanan sarja katut cimpo geus ting hariuk rek ngahanca awak mad tasim ti arah tukang kolebat kolebat ujug aya kalangkang jb jb jeb tilu bedog meh bareng datangna ting galaber sarta nyepot kana tangkal cau anu malang tukangeun madtasim mana horeng anu tadi ngolebat teh tangkal cau waktu bedog-bedog ting hariuk kabeneran Aki Musani kakara ngarong heap tina tungtung gawir barang breh ningali jalma nu rek diacak-acak tonggongna bari sasatna dibongohan kalawan teu mikir deui gentak ngarabut tangkal cau anu kabeneran aya di gigireun sarta bwer dialungkeun ka tukangeun madtasim anu akirna bedog teh ngahanca tangkal ca nu masira ngagak ku dauna teu hade lur ngahamo nyawa teh euy ceuk Aki Musani ngaheheh bari neuteup kanu tiluan anu tumrapna kadulmanan sarja katut cimpok Ngadadak surser teu puguh rasa ningali seukeutna panon Aki Musani anu karasana matak serab maranehna ukur hareugeueun siga nu kasima bari leungeunna masih keneh nyekelan bedog anu nyepot kana tangkal cau aeh-aeh aki-aki peh cekrek ti mana ieu teh nyingkah ka ditu hayo nyingkah bisi dibalangkeun ka gawir euy nyingkah ceuk karna ngagorowok sarta matana muncerreng siga nu rek ngerekeb bari Ari hatena mah ngarasa kaget ti mana jolna ujug-ujug aya di dinya sarta najan katingali geus rarempo tapi tanagana mah kacida rongkahna teu kudu dibalangkeun oge kaula mah bakal balik deui kana gawir a mana ieu teh anu baladna jang buntung teh Aki Musani nanya bari ngargo lantaran manehna can apaleun kana ngaran Andi kaula Aki Mading bari ngagentak nyampeurkeun kagigireun Aki Musani pokpokanana anu nyebutkeun Jang Buntung teh tangtu ieu aki-aki teh aya patula patalina jeung Andi anu memang harita jadi bahan pikiranana oge datangna teh tangtu lain rek maksud goreng lantaran geus kabuktian nyalametkeun jiwana saurang deui cenah duaan mana ceuk Aki Musani Anu cempreng teh ngomong deui bari panona museur ka Ki Jantra anu masih keur dihur ku Bah Rowi sabaturna.
Ieu kaula Ki. Ceuk Ki Jantra anu keur ditarajang ku Bahrowi. Nyilang ngagorowok nembalan terang nakis bedogna Bah Rowi bari langsung ngajejekeun dampal sukuna kana kekemplong. Wah Bah Ring ngagerung sarta badanna ngadangheuak. Sabot kitu bedog Wigena jeung Ardasim geus ting hariuk menta wadal. Ki Jantra ngajaul ngajauhan anu saterusna ngagentak cicing gigireun Madasim. Napasna renghap ranjug kacida ripuhna dihur ku tiluan teh ngalawan Wigena jeung Bah Rowi anu pangabisana sabanding geus kacidaripuh.
Ari ieu sakaligus tiluanana ngahuruk masih untung bisa nyalametkeun diri oge. Cing Mang Dasim, Mang Kawi. Gusur tah aki-aki teh. Ceuk Karna, Nita Ardasim jeung Sarowi anu tadi ukur lalajo. Mangga, mangga Jang Jaka. Ceuk Ardasim Rikat cengkat terus ngeteyep ka Aki Musani dituturkeun ku Sarowi. Mireungeuh kitu, Madasim jeung Ki Jantra rikat rek ngahadang. Tapi gancang dihuit ku Aki Musani bari dititah mundur. Sergog Arda Sim jeung Sarowi ka hareupeun Aki Musani.
Teu anta parah deui. Kerewek leungeun Aki Musani teh digenyang ti kenca katuhu. Maksudna rek digusur ka hareupeun karna. Moal sapira ieu tanagana pira kadar aki-aki pecekrek. Kitu ceuk pamikirna. Tapi lain deui mata kagetna. Sanajan Sarowi jeung Arda meakeun tanaga satakerna. Aki Musani teu regrogreg tong borok kagusur uget wae henteu? Aki Musani tetep ajeg dina tempatna sukuna saah-olah siga nu nanceb kana tane eh hayu sia milu daing kalkah ngaj weh.
Ceuk Sarow Totojer bari narik leungeun Aki Musani tapi anu digusur ngadon nyerengeh bari teu ngised saeutik-eutik acan. Sedengkeun anu maretotna mah geus mimiti kaluar kesang badag kesang lembut. Eh eh lain diajak heureuy atuh Mang Lasim buruk gusur ka dieu. Ceuk Karna ngagorowok teu sabar jang Jaka. Aduh eh. Tibatan bisa ngagusur maardasim kalakah medut bari ti bebergeg teh napasna ngahegak baka ting ku cape bari hatena mah geus mimiti miris lantaran ieu aki-aki teh tetela lain jalma samane aih na kalakah ngawelu kisilah.
Ceuk Aki Musani bari ngepeskeun leungeun anu keur dibaretot. Akibatna lain deui hebatna. Barang Aki Musani ngepeskeun leungeun, Sarko jeung Ardasim langsung ngajengkang nepikeun ka nangkarak sarta nu pangheulana datang teh sirahna pisan. Eh sugan aki-aki edan karepuk ka dinya euy. Ceuk Harna marentahun deui ka sakabeh anak buahna. Lantaran geus kajuri yen ieu aki-aki teh lain ipis-ipis pangabisana. Geus kitu mah rob atuh kabeh ngaronom.
Tapi bener-bener Aki Musani teh matak ngagetkeun anu ningali kalawan sakilatna keur manehna luncat ka luhur. Duk duk duk nyaho-nyaho aya nu ting beletu kana sira anu rek ngarepuk. Sanajan teu matak bahaya tapi teu wudu we ari pating garwak ngarasa reuwas. Sedengkeun Aki Musanina mah geus cuy kana tempatna. Aeh-aeh nya bener ngajago aki-aki teh. Nyingkir kabeh nyingkir. Ceukita anak buahna. Maksudna Aki Musani teh deuk disanghareupan ku manehna sarta sanggeus kabeh anak buahna nyaringka, jorelat bae manehna narajang ngagunakeun jurus badak jihea.
Tapi Aki Musani mah ongkoh-ongkoh weh ngajaga sarta teu aya tanda-tanda sayaga. Nepi ka Ki Jantra ngagerongelingan lantaran manehna mah nyaho kumaha kahebatan jurus badak Ciheaut awak Aki Musani ditubruk gejrot dua dampa leungeun karna dina teungulan ujungan teh ngahanca sira Aki Musani kabeh anak buah karna nepikeun ka ngarenjag komodi Thasim jeung Ki Jantrama nepikeun ka peureum atuh baka ting ngarasa paur ku akibat anu bakal karapan ku Aki Musani.
Anu ceuk pamikirna mah moal teu ngudupung. Tapi bukti anu katingali teh kacida matak helokna. Aneh bin ajaib awak Aki Musani teu robah tina tempatna. Angger teu cecel teu bocel. Sedengkeun karena sorangan manehna ngajeblag ka tukang aya kana 5 metern. Korejat karna hudang deui ari sugan teh rek narajang deui. Ari jeregjeg hudangat bae manehna lumpat teu sirikna ti babaranting mapay jalan satapak anu malibir ka sisi lembur.
Bahrowi jeung balad-baladna ningali gegedugna kabur teh teu make mikir dua kali. Beengbeung bae kabeh lumpat nuturkeun karna nu keur meleteng ka arah lebak. Sedengkeun Aki Musani mah ukur melongkeun bari ngaheheh. Ki Jantra jeung Mantasim ukur bisa olohok. Maranehna asa teu percaya kana naon anu bieu kasaksian. Sing horeng si mana horeng ieu aki-aki teh lain jalma samano samanoa. Ki Jantra jeung Madasim ukur bisa olohok maranehina asa teu percaya kana naon anu bieu kasaksian.
Sing horeng si mana horeng ieu aki-aki teh lain jalma samane ih aya ku teu pararuguh nya ari manusa zaman kiwari te can oge nanaon geus kabur weuh cageur ayu ah urang turun karunya itu si Ujang buntung ceuk Aki Musani bari ngaleos rek muru ka tempat Andi anu keur dibaturan ku si Medi leumpang Mapai gawir anu nangtawing teh pikeun manehna mah teu beda we jeung leumpang di jalan anu datar. Tapi pikeun Madasim jeung Ki Jantra anu tara biasa mah karasana ripuh pisan.
Meusmeus Aki Musani ngadagoan bari teeleh nyerengeh we ningali peta Ki Jantra jeung Mantasim anu kakarayapan. Pamiarsa sadayana nu barolotot pikeun Andi mah lain deui mata kacida untungna papanggih jeung Aki Musani teh lain wae manehna bisa salamet sarta diubar-aber nepikeun kasehat deui sabihara-bihari. Atuh dina sanggeus nasehat Andi teu waka diijinan balik. Geus kitu we Aki Musani teh bet jorojoy aya rasa nyaah. Nu akirna mah Andi teh digembleng lahir batina dijejelan elmu panemu jampe pamake katut pangawasa lahiriah anu lain handap-handap tingkatanana.
Ku Andi sorangan karasa yen elmu pangaweruh Aki Musani teh jauh aya di saluhureun pamardaka. Tiheula teh waktu Aki Musani pairing-iring jeung Ki Jantra katut Madasim. Saanggeusna nepi ka tempat Andi digolerkeun, regeyeng wae Andi teh dipayang dibawa ka imah Aki Musani lantaran kaayaanana teh kacida pika hariwangeun. Nya Andi teh sina cicing heula rek diubaran. Sedeng Ki Jantra jeung Mantasi mah disina baralik. Sajeroning digemleng teh Andi ngarasa kaget lantaran aya sababaraha gerak sarta jurus anu sarua jeung anu katarima ku manehna ti pamardaka.
Upamana gelap ngampar ulin madi katut semu gunting anu ayeuna mah diterapkeunana teh dina dampal suku sangkan bisa dikombinasikeun jeung jurus walang sungsang anu inti sari gerakanana mah aya dina suku. Tapi sanajan kitu Andi teu loba tatanya. Manehna ras inget kana caritaan pamardaka anu cenah yen elmu mah lain milik sagolongan. Meureunan ieu mah ngan saukur kabeneran. Andi teu wani tanya sabab dina ngajarkeun teh Aki Musani estuning ngomong saperluna ngucap saayana.
Atuh dina gaul sapopoe oge langka ngobrol anu teu karuhan. Teu munasabahna sapopoe teh ukur jeung si Medi we anu cenah incuna. Ari Aki Musani ayana ditambak baya teh ceuk katerangan tatanggana mah kira-kira 5 taunan ka tukang duka ti mana asalna mah saurang oge teaya nu nyaho jeung pirajuneun tatanya pangna kitu teh lantaran Aki Musani mah tara loba ngobrol jeung tatangga hal eta teh lain harti teu hade dina gaul da ari kana tutulung mah tara pernah kapheulaan kuu sejen.
Andi, dina hiji peuting Aki Musani ngajak nyarita ka Andi, harita teh keur dariuk di tengah imah. Sedengkeun si Medi mah keur lalangiran sisi Bili. Ceuk rasa Aki mah geus cukup hidep ngahiji jeung aki teh. Ilmu panemu sarta pangabisa aki geus diragragkeun ka hidep. Aki peupje jalu. Omat ulah gana-gana ngagunakeun anu matak mateni ari teu perlu-perlu teuing mah oge isukan hidep bisa mulang. Ongkoh karunya deui ka Ki Jantra nu sakitu nyaahna kah hidep teh guningan.
Aki Musani nyaritana ancad laer. Panona teu leupas neuteup Andi anu keur sila andekak bari tungkul. Janten enjing mah abdi teh tiasa wangsul Aki. Enya Jalu. Tapi nya kitu umat ulah rek ujubria takabur dumeh ayeuna hidep geus nambahan pangabisa. Lantaran sifat kitu teh bisa ngadatangkeun kaancuran pikeun diri sorangan. Seperti anu kaguar ku akidina salah sahiji pidawuhna Rasulullah anu kieu unggeulna teh aya tilu perkara budi parangi anu bisa ngadatangkeun kabinasaan pikeun manusa nyaeta saperkara anu ngukuhan kana kakoretanana, anu ngukuhan kana hawa nafsuna sarta anu ngukuhan kana ujubria sarta takabur.
Ku kituna yeuh jalu takabur teh kacida pisan dilarangna ku agama lantaran bisa nimbulkeun rasa umaing asa aing. Aing pang jagon aing pang bisana aing pang duuhurna sarta rasa aing nu sejen anu kacida dibenduna ku pangairan. Pangeran panginten ki ih tah eta maksud teh Pangeran. Duh maklum geus kolot mah pan sok balelol geuning. Yeuh urang mah Andi geus sakuduna handap asor ka sasama sacara wajar nyaeta ulah ngarasa leutik batan cingir leuwih gede batan gunung.
Geus aya ringkelna dina Al-Quran oge mun teu salah mah dina surat Bani Israil ayat 37 kaharti ku hidep jalu. Kahartos Aki, namung kumaha upami aya nu ngahina ka diri urang? Ih eta mah wajib atuh dilawan. Lamun cicing mah atuh urang teh leuwih leutik batan cingir atawa leuwih handap batan kekesed. Cindekna mah dina enguning ngajalanan hirup mah ulah hareup teuing. Kudu siger tengah. Wani dina bener teh sacara wajar. Lain wani anu saperti paribasa.
Tunggul diarud catang dirumpak. Eta mah kalap ngarana. Kahartos aki jeung peupuje di Andina dina nyanghareupan musuh teh lamun manehna geus tunduk taluk omat ulah nepikeun ka di binasa. Sabab lamun urang ngabinasa lawan atawa musuh anu geus teu walakaya komo bari jeung geus minta ampun mah ngandung harti urang teh geus ngarumpak papagon agama. Eta kitu andya Allah Subhanahu wa taala oge anu maha sagana. Di mana aya makhlukna anu dosana salaput sirah satangtung gunung heug manehna tobat menta dihampura kalawan tobatna secara tobatan nasuha.
Pasti Allah teh baris ngahampura. Malahan Allah teh kacida mikahna ka makhlukna anu tobat menta dihampura. Sanggeusna milampah dosa kaharti Andi. Kahartoskahartos aki. Tah kitu nya. He ngarti tobat teh naon? Tob toko obat sanes. Ih lain lain tobat teh lain toko obat sok ka mana karep nya. Ieu dengekeun Andina nya pamungkas ieu mah omat Andi hidep teh ulah nepikeun ka wani ninggalkeun anu lima waktu. Lantaran di mana hidep geus wani ninggalkeun, tangtu hidep teh bakal rugi dunia akhirat.
Sumun Aki tangtos baris diestokeun pisan nedapuana we eta mah teu kudu dipentah jalu. Aki rido dunia akhirat. Sakabeh elmu anu geus digubragkeun ka hidep dipake ngabelaan sarta nanjurkeun bebeneran. Oe sabalikna aki teu rido dunia akhirat di mana hidep nyalahgun gunakeun eta elmu pikeun ngalayur nafsu ngumbar amarah. Aki Musani tandes dina nyaritana, "Aki teh can nanya bener-bener ari padumukan anu sabenerna teh di mana?" "Dih Cipancar, Aki, Ibu Rama masih araya." Tos teu araya.
Abdi mah nunggul pinang teu dulur-dulur acan aki. Teu sanak teu kadang. Temal Andi bari ngadadak panuna ngarasa panas ras ku kaayaan dirina. Ari Ki Jantra eta mah anu haat we ka abdi. Sarua atuh ari kitu mah jeung aki. Aki oge hirup nu geulis. Dupi itu Medi. Lain incu pribadi eta mah. Ceuk Aki Musani ngomongna meh ngaharewos sieun kadenge ku si Medi anu boa harita teh keur ngimpi. Oh manawi teh sarua we jeung hidep Andi manehna teh teu indung teu bapa, teu dulur-dulur acan eta teh bisi aki indi tiheula omat nya mi HP si Medi karunya eta teh.
Eh dupi aki bade angkat ka mana kitu Andi? Ari ngarana umur mah gaib. Ceuk sareat mah moal lila deui Akiendang di alam pawayangan teh. Sumuhun mangga. Sawios si Medi mah ulah janten emutan. Kaleresan abdi oge teu gaduh dulur. Ceuk Andi bari ngareret ka si Medi anu keur nyegrek tiba. Mung panginten dina danget ieu mah abdi nuju riweuh Aki. Masih seur perkara nu kedah dilereskeun. Janten moal waka tiasa nyandak si Medi.
Ceuk Andi bariluk tungkul ras kana nasib diri anu nepi ka ngalaman reuntas harepan. Kelangan, ulah si Medi mah ulah waka dibawa atuh aki anu keung meureunan. Lamun bisa mah hidep weh atuh cicing di dieu. Ari nyata-nyata di Cipancar geus taya sanak baraya mah. Kitu saha aki. Namung dina danget ieu mah abdi masih keneh kedah ngabereskeun sababara sualan. Ceuk Andi, ngan inget we nya Jaluk lamun sakirana naon anu rek disanghareupan teh samata-mata pikeun muaskeun nafsu leuwih hade montong.
Teu pisan-pisan aki. Abdi teh aya niat kanggo ngalajur nafsu ngumbar amarah. Namung ieu mah aya patula patalina sareng cukang lantaran pupusna pun bapa sarta buntungna panangan abdi oge deui abdi teh seja mereskeun hiji jalma nu tos ngahina martabat hiji istri. Ceuk Andi bari saterusna mah ngabarabat nyaritakeun sakabeh pasoalan anu ayeuna keur disanghareupan. Nya hadi atuh ari kitu mah ngan omat sing inget kana papatah aki anu tadi nyaeta lamun musuh geus taluk ulah dibinasa omat teh sumuhun ki tangtos ku abdi diestokeun pisan jeung ieu yeuh jalu lumayan aki teh boga pikeun ieu yeuh e pibekeleun hidep ceuk Aki Musani bari kuniang cengkat muru pangkengna teu lila geus ngurunyung deui bari mawa haur koneng panjangna kira-kira satengah deupa mening ngagclang sigana teh umurna geus aya puluhan tunah ieu Andi tampanan sok sanajan bener sifatna teh ngan saukur haur koneng tapi ieu teh bisa nandingan pakarang sanajan sakumaha ampuna oge pakarang lawan insyaallah haur Koneng ieu mah moal nepikeun kaboleh.
Ibu-rebu nuhun laketika bingahan aki kud diwujangan elmu panemu oge abdi teh tos kalintang bingahna ayeuna deui diwuwuh k maparin jimat alhamdulillah aki kumaha abdi kedah mulang tarimana ih aki mah teu hayang dipulang tarima andi ngan omat we si ku hidep teh kudu diaku dulur lahir batin ngadadak panon aki musim Murubut waktu manehna nyebut ngaran si Medi. Insyaallah Aki ongko abdi oge nu enggeulis. Andi teu bisa kebat nyaritana kasurung kunu ngagenok dina ti koromang rupa piceurikeun anu teu bisa ditahan-tahan.
Gep kana taktak si Medi nu harita cicing gigireunana. Terus sirah si Medi dirangkul kana dadana. Medi ti mimiti poe ieu Medi geus jadi Andi Kang Andi urang babarengan manis nepikeun ka diurugan beureumbe Cipanon Andi geus teu bisa ditahan deui murubut ngclak maseuhan sirah si Medi. Ngadadak kaayaan teh pinuh ku pamandangan anu matak nyeredet kana hate. Syukur Jalu incu aki a nambahan jadi duaan. Sok atuh geura ampih-ampih bisi isukan kabeurangan.
Ngan wayahna weh si Medi mah ulah waka dibawa nya. Lantaran si Medi teh tinggal satahap deui ngasakeun jurus comot dage. Bisi hidep hayang nyobaan kumaha hebatna jurus comot dagge mah. Sok we lamun aya kasempetan jajal tah si Medi. Ceuk Aki Musani bari neuteup si Medi anu harita katempona siga nu alum pedah poe isuk teh rek papisah jeung Andi. Pamiarsa sadayana nu baru Dayut puguh oge Andi teh geus teu kuat ku pitunuheun sarta emosi piceurikeun anu terus nyurungkuy.
Andi teu nanduk. Jung wae nangtung nyampeurkeun si Medi anu keur nangkuban. Kadenge inghakna sanajan teu pati tarik. Memeh ngagoledag teh haur koneng disarandekeun heula dina siraheun. Teu ujug-ujug greup lelembutana teh kalakah ngalanglang ku malayang ka lembur Cipancar. Breh kabireungeuh Nyi Euis keur direndengkeun jeung Jang Husein. Breh deui beungeut cepdana katempo meni baketut haseum taya siruaneun daun. Lesungit breh rupa Nyi Tarsiah keur cari nakak bari ngusap-ngusap beuteungna anu kabireungeuh dina implenganana teh meni geus mendeyang kawas anu sabroleun.
Reup Andi peureum bareng jeung ngilusna gambaran Nyi Tarsia. Berebei cipanona kabijilkeun ku ngalingkupan biwir panon terus nyurudut ka handap mapay handapeun ceuli anu muarana maseuhan kana anggelna. Ayeuna urang nyaritakeun karna anu sanggeusna mangpre ti tambak baya teh manehna anjog ka Gunung Kancing. Terus bae caricing di dinya saheulaan mah heureuh teu wanieun terus k gajah ngambung. Ngarasa curiga bisi terus diobrot ku aki-aki nu sakitu hebatna.
Lantaran lamun didengekeun ucap-ucapan tangtu Andi teh ditulungan ku manehanana. Teu mustahil lamun nepikeun kabisa ditulungan teh pasti langsung ngobrot ka gajah ngambung dibarengan ku aki-aki anu ku manehna geus dipikagigis. Memang bener turupan karena teh sajungna ti tambak baya teh Andi langsung kagajah ngambung kadua Ki Jantra. Madtasim mah teu milu anjog kanu diseja puguh weh euweuh sasaha. Saterusna Andi ngambah ka Cisaat anu maksudna rek tuluy ka panenjoan.
Ngarasa geus sono ka Aki Surdi sarta ka Siruyuk nu harita dipihapkeun di imahna. Nyimpang heula ka Cisaat bisi weh si Jaka teh keur megog Nyi Enoh anakna Arda Sim. Tapi kabuktian di dinya oge si Jaka teh euweuh. Geus karuhan kitu mah tuluy muru panenjoan teu sumpang-simpang deui. Puguh weh anu dipanenjoan teh ngarasa bungah. Utamana mah Aki Surdi jeung nini Uti. Si Ruyuk mah komo barang ningali dununganana datang teh teureun gagalaprakan bari disada.
Sono maneh teh ruyu. Ceuk Andi bari muka panto kurung. Kakara panto engab oge si Ruyuk geus nelenden sarta cle bae euntreup dina taktak bari ngagelik minangka ngabageakeun kadunungan. Eh, Sato oge boga kasono mah geuningan Andi. Nu matak ari Indi teh ulah sok ngampleng atuh. Ceuk Aki Surdi satengah ngaweweleh. Sumuhun. Hapunten we Aki. Sanes teu emut nanging kumaha geuning seur pisan sesekelan? Hapunten we parantos tambelar temal Andi.
Ih teu nanaon ari aki mah. Ngan eta weir ku Aki Uda geus mineng ka dieu tapi hidep can aya keneh terus balik deui ka Tangulun. Aduh awatos teuing Aki. Ah bade dibujeng bae ka ditu atuh. Andi ngebrehkeun maksudna. Enya engke wae atuh geus reureuh ongkona. Aki teh masih sono keneh heun ulah waka udarider. Sumuhun e maksana oge moal waka ayeuna. Sawios enjing pageto manawi bae Aki Uda sumping ka dieu nya hade atuh lantaran aki oge minung ipat-ipatan sangkan Aki Uda teh mineng ka dieu supaya hidep lila di dieu.
Aki Surdi bener-bener siga nu emung ditinggalkeun deui. Pamiarsa sadayana kawasna bae kahayangna Aki Surdi teh kabiruyungan ku milikna. Da te kungsi lila torojol teh pamardaka. Memang pikeun pamardaka mah lain ngahaja-haja teing rek nepungan Andi. Puguh geus karepna bae nepungan anu jadi lanceug anu geus sakitu rerempona. Gok jeung Andi teh lain deui bungahna. Atuh Andi dina ngobrolna teh teu ieu nyabit-nyabit perkara pangalaman ditambak baya.
Ngunaan patelak jeung si Jakalaram mah teu matak jadi soal. Ngan anu diragangan teh eta tina perkara manehna anu guguru deui ka Aki Musani bisi aya matakna anu teu genah ka pamardaka sasat guruna anu munggaran. Malah haur koneng jeung pecutna Bah Rowi anu ayeuna geus aya dina leungeunna ku manehna ngahaja disumputkeun dibeulitkeun kana cangkengna. Sok sieun Pamardaka tatanya anu papanjangan. Maksudna tadi mah Andi teh moal waka ka mana-mana.
Rekureuh weh heula sabulan mah. Tapi Ki Jantra geus kumejot hayang geura papanggih jeung anak pamajikanana. Peupeuriheun ka Ciaromah geus tara dilongokan. Nya dina hiji poe mah Arinit jeung Ki Jantra katilu siruyu. Sakali ieu mah ngaliwat ka pasir banteng lantaran aya maksud rek nepungan Madasim di Kadungora. Terus katak baya nepungan deui ka Aki Musani. Ti dinya mah langsung ka lembur hujung. Jadi teu kudu ka Cipancar heula.
Hoream meureunan ku kituna mah. Ongkoh-ongkoh harita teh geus nyieun riributan. Harita teh samemehna indit kahujung torojol Adria nu ngahaja datang ka panenjoan. Derekdek wae manehna teh nyaritakeun kaayaan Nyiuis ayeuna. Piraku pat apanan ayeuna mah Nyis teh tos kapimilih ku batur. Naha bet masih emut keneh ka abdi? Eh Jang Andi nikah oge kapaksa pan eta mah. Ari emutanana mah tetep we ka Jang Andi. Ayeuna mah Nyi eis teh ibarat pepelakan anu tara kaceboran.
Nya sanaos kitu atuh P. Tetep weh teu sae nu Kang Nonggong ka caroge teh. Allah pasti kalintang benduna ka bojo anu beungut nyanghareup ati mungkir kacaroge ke oge moal panginten ari tos senang mah boa emutan ka abdi anu sasatna jalma munjang-munjung teu puguh hulu buntut pokpokanana andi teh siga nu megat laratan lahirna kitu soteh tapi ari batin mah naon anu dicaritakeun ku adria teh ngorehkeun deui tatu hatena pating sereset ngageurihan deui hatena Ah teu kitu Jang Andi eta mah saur emutan Ujang weh.
Ceuk K Payah ayeuna mah sebatkeun wae naon kaperyogian Nyi Euis teh. Eh kieu Jang Andi anjeunna teh bade dicandak ngalih ku caroge kaleles. Tapi sateu acanna hoyong pendak heula sareng Jang Ani salolo wae mah cenah. Wartoskeun we moal tiasa kitu P. Teu sae deui menakan istri anu tos kagungan caroge Allah teu misuka kanu kitu teh. Awatos atuh Jang Andi sanes hawatos atuh anu kitu mah P tapi ngagebruskeun komo deui upami Pak Haji atanapi Jang Husein uninga ih bisa kumaha atuh sareng kumaha engke pandangan tatangga ceuk Andih pamiarsa sadayana waktosna geuningan parantos teu nyekapan deui nya tah masyaallah tah ieu gogoda teh nya sakumaha Urang bogoh nya sakumaha urang cinta.
Ari geus ditikah batur mah wayahna wayahna ulah nepikeun ka ketemuan nya urang teh. Heuh. Kitu nu geus-engus mah nya. He atuh cicing weh nya doraka eta teh nya keur istri-istri anu geus boga salaki tapi masih keneh aya weh mikiran mantan nya. Komo deui nepikeun kamakeun ketemuan nya bebejana mah balanja ka pasar. Ah eh dicilakaeun paingan nya e paingan lah kitu gogoda akhir zaman. He tah ieu para wargi sadayana lalakon si buntung jago tutugan teh tos ngawitan nya rame kumargi memang tos ngawitan gagah nya saatosna pendak sareng Aki Musani teh.
Uh, pokona mah jadi pilih tanding. Kamari mah pan eleh nya si buntung jago tutugan teh ku si ruyung kawung. Tah engke mah lamun patelak deui tah panasaran naha eleh atawa meunang kitu. Soalna geus lain Andi nu baheula geus puluhan tikel atuh kamampuanana oge kagagahanna oge nya. Cag urang tuna dihanjuang siang, urang teuneun dihaneuleum sieum paranti nyokot ninggalkeun mangsa datang kaambeur deui. Wallah muwafik ila akwami thorq.
Wasalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.
The words are the caption track's own and nothing is reworded or re-transcribed. Paragraph breaks are placed between sentences so the text reads as prose.
Free tools for your own script: paste a draft and see where it stands before you record it.
Paste your draft and see where viewers are likely to drop off, with a rewrite for each weak line.
Paste the first 30 seconds of your own draft for a hook score and rewrites.
Check your draft against YouTube's advertiser-friendly guidelines before you record it.
Read this channel's public videos and transcripts, and download a writing brief for it.