Getting the transcript
Reading the captions from YouTube. A video nobody has opened here before takes 10 to 30 seconds; this page fills in on its own.
Getting the transcript
Reading the captions from YouTube. A video nobody has opened here before takes 10 to 30 seconds; this page fills in on its own.

The Story of the Land of Sunda · @kisahtanahsunda
Words
5,686
Runtime
51:39
Speaking pace
110wpm
Reading time
24min
110 words per minute, below the 160 25th percentile of 349 measured videos. That distribution comes from the 349-video hook study.
Opening (first 30 seconds)
Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh. Sampurasun wargi dulur baraya sadayana. Tepang dong dei sareng sim kuring Mang Ian Ki Demang Gunung Halu tea geuningan anu manis anu kempot anu pangkasepna sa Jawa Barat. Ceuk ma eta oge dina acara anu maneh nyaeta dongeng Sunda. Dongeng jaman kiwari ala kiwari anu nyarioskeun lalakon kahirupan mangsa bihari atanapi k
55 words, the words spoken in the first 30 seconds at 110 words per minute.
Free, no signup. See how the first 30 seconds hold attention, with rewrites.
Sentence shape
| Measure | This transcript |
|---|---|
| Sentences | 399 |
| Average words per sentence | 14.3 |
| Longest sentence | 223 words |
| Questions asked | 11 |
| Sentences containing a number | 3 |
Most used terms
Free, no account. See where attention is likely to drop, with a rewrite for each weak line. The free check shows the scores and the one issue costing the most. Or run it on the words above first.
Free · No login · See a sample audit first if you prefer.
What this transcript is
Every word below is the caption track YouTube publishes for this video, pulled from the video itself and reproduced unchanged. It is not Prepublish's writing, not a summary, and not a re-transcription: it is the video's own published captions. Indonesian captions, generated automatically by YouTube, in the video’s original language. Source: the video on YouTube. A channel that would rather this page did not exist can ask for its removal through the contact page, and it is removed.
No Script X-ray for this video: YouTube shows a Most replayed graph only once a video has enough views.
Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh. Sampurasun wargi dulur baraya sadayana. Tepang dong dei sareng sim kuring Mang Ian Ki Demang Gunung Halu tea geuningan anu manis anu kempot anu pangkasepna sa Jawa Barat. Ceuk ma eta oge dina acara anu maneh nyaeta dongeng Sunda. Dongeng jaman kiwari ala kiwari anu nyarioskeun lalakon kahirupan mangsa bihari atanapi k baheulaan. Kumaha dararamang para wargi sadayana? Tumugi aya dina ginyar kawilujengan rahayu berkah salamet.
Amin ya Allah ya rabbal alamin. Dina waktos ieu sim kuring seja neraskeun hanca anu katunda dina pedaran dongeng anu judulna si buntung jago tutugan bagian anu ka30 karya Bapa Sukandar. Kamari teh raramena nya heuh si Ruyung Kawung e jeung si buntung teh adu hareupan deui tah. Tapi si buntung jago tutugan teh tos guguru di Aki Musani. Tungtungna eleh si ruyung kawung teh. Heueuhoh raramena ieu teh. Kumaha atuh salajengna nya lalakon e si Buntung jago tutugan teh?
Sing horeng nya Aki Musani teh guruna pamajid jeung Pamardaka. Beuki rame weh yeuh. Ulah ka mana-mana tetep manco di channel YouTube Kisah Tanah Sunda. Namung sateu acanna dilajeng kade ulah hilap nu teu acan subscribe kana YouTube Kisah Tanah Sunda. Mangga di-subscribe heula supados tiasa kengeng notifikasi kanggo satiap jejer carita nu salajengna oge nu sanesna. Ieu dongeng si buntung mah tos aya dugikeun ka tamatna insyaallah nya janten moal ngabuntut bancet nya kitu tah para wargi sadayana e YouTube sim kuring aya dongeng Sunda Mang Ian aya e Demang Gunung Hal dina Ki Demang Gunung Halu oge dongeng Rajapati tos nampi dongengna dugikeun ka tamatna nya janten moal ngabuntut bangkong kitu heh ulah hilap diike dikomen nya para wargi sadayana sareng ulah diskip iklanna da eta pamasukanana atuh pamugia nu parantos subscribe Nya sing janten rencang anu ngahibur ka para wargi sadayana, kanggo ibu-ibu bari masak nyeuseuh gegerohna, kanggo bapak-bapak nya bari nyantai Nyi Kopay, udud samsay, ngabaheuhay.
Tah ibu-ibu mah bari ngariung jeung ibu-ibu ngobrolkeun deui ibu-ibu oge di padamelanana di tempat konveksi bari ngajahit motong brasna, di tempat cukur asgarna, tukang cilokna di pasar, di pabrik, di kantor nya di perjalanan bari nyupiran. Ah pokona mah kum dulur-dulur nu aya di lumur baraya nu aya di kota oge di pangumbaraan. Kumargi teu sakedik wargi-wargi urang nu aya di luar daerah bahkan di luar negeri sok mararanco dina dongeng Sunda Mang Yan teh nya janten rencang damelan dong katineung nya.
Tah kumargi sim kuring mah dang ngadongengna di jaman kiwari sanes dina radio ieu mah nya etang-etang ngahibur weh malikeun katineung ka mangsa kabaheulaan jadi we rusras kagas inget nya ka karuhun-karuhun urang ka kolot aki nini aki urang nya he pamugia atuh e sepuh-sepuh urang anu kiwari nya tos aya di alam kalanggeungan sing aya dina alam ee iliin taman-taman surga nya di alam kabagjaan oge Bapay Sukandarna sebagai pengarang ieu.
Dongeng pamugia karyana sing janten ladang amal seueur nya pituah-pituah kitu papatah nilai-nilai dakwah dina ieu carita teh. Sakumaha di zaman kiwari upami ngagib teh nya e gaib tapi dugi nilaina tahaosan alfatihah oge urang niatkeun nya giipkeun da gratis alfatihah mah khususona kanggo pengarang dongeng nya wabil khususna nya kanggo urang sadayana upami ngariung nu nongton aya Rp10.000 Bu heug sadayana ngaoskeun alfatihah kabayang medan energina luar biasa. atuh sing kakecretan kaberkahan anu rumah tanggana sing sakinah mawadah warohma nu usahana sing lancar nya sing jembah reizina teh sing seueur artos kalayan berkah anu teu damangna sing engal disehatkeun disabihara-bihari deui nya pokona mah diijabah sagala doa wasilah kautamaan nya e ka e kaberkahan ieu surat alfatihah khususon ila ruhi ahlil kubur bapak Sukandar allahumagfirlahu warhamhu wahi wafu anhu Illahir bismillahirahmanirahim alhamdulillahiabbil alamin arahmanirrahimiki yaumiddin iyaka nabudu wa iyaka nastain ihdinatal mustaqimadina anamta alaihim giriril magdubi alaihim wadinfillana amin.
Supados teu nyangklong ting kana waktos. Hayu ah urang sasarengan ngalajengkeun ieu lalakon si buntung jago tutugan bagian anu ka30. Mangga kaparayun sadayana. Wilujeng ngadangukeun ah. urang lajengkeun Pamiarsa, Andi nyaritakeun halwal kumaha mimitina Pamardaka jeung Pamajid anu ayeuna ngahaja rek nepungan Aki Musani? Eh saha nya? Lantaran Aki mah teu boga murid anu ngarana Majid kajaban e mun ngarana diganti. Ceuk Aki Musani bari tarangna kerung siga nu keur nginget-nginget.
Eh leres Aki namina tos digentos. Da anu kapungkur mah jenengan teh e saha teh nya? E suangsa. E suangsa. Bener bener ari kitu mah. Sarua deui manehna oge teu nepikeun ka tamat diajarna teh. Sanes lantaran ngiring ka bojona Aki. A heueuh nuturkeun bojona ka Pakidulan Garut. Ceuk Aki Musani, "Aaya keneh ayeuna di ditu." "Sumuhun, Aki nuju ngarantosan." "Heug ah heug hayu atuh Medi geus dibeungkit teteh Sulu teh." Ceuk Aki Musani ngareret ka si Medi anu keur ngahenggoy buah kaweni.
Sawios aki suluh mah urang panggul ku abdi. Andi bari kana sulu anu baris dipanggul ku Aki Musanih. Geus karot meureunan Andi. Aki Musani bari ngareret ka Andi anu keur ngabengkot manggul suluh. Digireunana meyekeh si Medi anu sarua deui taktakna di momotan suluh pangkung garing. Digigireunana meh si Medi anu sarua deui taktakna di momotan sulu pangpung garing. Sapertosna mah sami weh sareng aki. Tapi da kolot Aki Andi komo jeung Ki Mardaka mah.
Ceuk Aki Musani bari malik deui ka hareup terus ngungkug pangaruh jalma pe cekrek meureunan leumpangna teh meni nirilik lengkahna kerep naker serog ka hareupeun imah bener weh anu ngadaraguan teh keur dariuk dina golodog sawareh deui bari cari ngogo handapeun panyaweran pamardah jeung pamid barang heap aki musani diiringkeun ku andi jeung ku si Medi ngagentak duanana maruru brukk tarpak deku rek ngarawu dampal suku Pak Guru.
Duanana meh bareng ngagero nyaritana teu kebat lantaran kaburu aya nu nyekeek kana ti koro deh wangsa uka bagea teu sangka urang bisa patepung deui. Kudang wangsa uka hayu angguran mah urang kajar jarero enam urang ka jero. Ceuk Aki Musani rada ngageuri oge ku kituna mah aya puluhna taun tet tepung dina patepungna deui teh teu wudu matak ngahudang kelar jeung kagagas. Komo deui ieu antara murid jeung guru anu dina seuseuhanana mah teu beda weh ka anak.
Geus kitu mah blasblus ararasup ka jero imah. Sedeng Andi jeung si Medi mah ka pipir nunda heula suluh. Geus kitu mah bus wae asup terus dariuk dina samak. Si Medi mah terus ka dapur rek naheure cai hideng ku kituna mah teu kudu dititah deui. Lain ieu teh naha ayeuna suangsa teh ngumbara di bawahan Garut kitu. Ceuk Aki Musani bari melong ka Pak Majid. Sumuhun Pak Guru. Saleresna mah di Cicapar tong weuheunang pahit. Ngiring ka ieu yeuh ka abahna Jangjana.
Tembal pamajid bari ngareret ka Wijana jeung bojo di ditu teh. Eh e saleresna mah pun bojo sareng pun anak teh tos lami ngantunkeun. Harita abdi teh kantos nepangan ka panglinggihan pak guru, tapi tos teu aya nan naroskeun oge teu aya nu uningeun. Atuh teras we abdi teh wangsul deui ka Cibalieur. Inna lillahi wa inna ilaihi rojiun. Kutan bojo Ki Wangsa teh tosah ti dunya nya. Ceuk Aki Musani saterusna komat kamit babacaan ngadoakeun anu geus aya di alam kalanggeungan.
Atuh anu sejenempling bari dina hatena ngaaminkeun. Geus komo pamajid mah bari tungkul teh dibarengan ku ngeclakeun cimata. Kasuat-suat deui rusras kana lalakon jaman ka tukang anu geus jauh tingaleun ukur ngenda tina hate anu moal bisa leungit. Waalaikumsalam. Haturan nu nembe sumping ya. Tong hilap nyalalawer a kamu. Kamari ge nu teu nyawer kasi kasurupan nyaan ku juriga nu datangna teh tina tangkal muncang di pipir imah aya tangkal kaweni.
Heh ngaharuleng nyawer-nyawer kasurupan langsung. Terus awewe nu lalajo nya teu nyawer-nyawer isukna teh salakina teh bebeja rek nyandung. Kaula teh harita terus lunta ti paguron wangsa indit ngan sakadar rek ngikhtiaran takdir anu baris tumiba kana awak. Tapi sagalana geus aya titis tulis ti ajalina ikhtiar kaula ngan ukur samet tarekah teu nimbulkeun hasilna. Kitu tah Aki Musani sanggeus ngadoa neruskeun deui cacaritana sorana beuki jero gambaran hate anu dilimpudan ku kasedih.
Sanajan bener kajadianana geus jauh kaliwat ku mangsa. Tapi ari kakoreh deui mah teu kudu matak nyiar kana hate anu enyak matak seuseuiteun keneh. Tina perkawis naon tea, Pak Guru? Ah aya we suangsa keun engke oge ku kaula bakal didongengkeun. Eh meureun saruanya Ki Uka oge harita teh deudeupeun. Sumuhun Pak Guru. Kapungkur teh abdi ka paguron. Namung ka sampah Pak Guru teu nyondong. Teras we abdi teh malira. Ah teras we abdi teh milarian.
Rumasa we kuring teh geus ngadoresakeun ka sararea. Hampura Ki Uka Ki Wangsa. Hampura kuring. Ceuk Aki Musani bari rutret kadanana. Sami-sami Pak Guru. A dupi tuang putra di mana ayeuna teh Pak Guru? Pajid saterusna mah nanyakeun anakna Aki Musani nya ieu pisan sababna teh Ki Wangsa manehna ti Indi tanpa pamit lunta tanpa bebeja. Kula lunta ninggalkeun padepokan teh sejuruh nu jadi anak. Tapi nya kitu geuningan takdir tinu maha kawasa.
Kula teh kudu papisah jeung nu jadi anak. Lebeng teu kapanggih raratan. Tapi geus weh eta mah Ki Wangsa Ki Uka teu kudu digugat. Angguran. Ayeuna mah urang muji syukur kanu maha kawasa. Yen ayeuna urang bisa patepung lawung, paamprok, jongok sarta pada-pada aya dina kaayaan sehat. Ceuk Aki Musani bari melong kanu duaan. Geus kitu mah saurang oge teaya deui anu wani nyabit-nyabit anakna Aki Musani bari dina hatena mah pinuh ku tanda tanya naha naon anu jadi sabab.
Tapi kawuwuh kurasa sono atuh dina ngobrol teh jadi uplek silih guar lalakon sewang-sewangan. Ngan Ki Jantra Wijana katut Widarma. Ngan Ki Jantra Wijana katut Wiarma anu ukur ngadedengekeun. Sedengkeun Andi mah keur di dapur mantuan si Medi anu keur kuprak-keprek nyadiakeun susuguh. Kira-kira panon poe geus lingsir ngulon kakara sarerea amitan. Anu pikeun pamardaka jeung pamajid mah kacida beuratna. Tapi maranehna geus jangji yen rek mineng nepungan ka tambak baya.
Andi mah teu milu lantaran diandeg ku Aki Musani sina cicing heula. Atuh harita teh ngan ukur nganteurkeun weh nepikeun ka jangkurang bari jeung Jangjian rek nepungan Wijana ka Cigasti atawa Wijana anu nepungan Andi dipanenjoan pikeun babarengan Maluruh si Jakalara katut Bah Rowi kapan Wijana mah boga tujuan anu mandiri nyaeta rek neangan karna ku kituna Wijana jeung Widarma mah terus nganjerek di Cigasti ngan pamajid weh anu pulang anting ka Cigasti jeung ka Cicapar.
Sakapeung rek nepungan Aki Musani ka tambak baya. Nu marulang geus naronggong jauh, Andi jeung Ki Jantra mah baralik deui. Kabeneran Gok teh jeung Odi nyaeta muridna Madtasim kapaksa atuh nyimpang heula. Lantaran Ki Odi teh keukeuh hayang dianjangan. Ngaran ka dulur sapaguron pada-pada ngaguruk mad Tasim. Sanajan ku manehna geus kanyahoan yen tingkat pangabisana aya di saluhureun Madtasim. Tapi kanyataanana Andi geus kungsi ngaguru ka Madasim anu pikeun Ki Odimah Andi teh geus dianggap dulur petkuh hinis.
Pamiarsa sadayana nu pararegek, lain lantaran ku sono-sono teuing Andi ku Aki Musani ditahan teh, tapi Andi teh rek diuji kakuatanana. Lantaran ti heula teh Andi geus dilatih kakuatan jasmaniah. Sacara lambat laun leungeun buntung jeung sukuna teh geus digemleng kakuatanana. Mimitina mah kitu weh ukur ku nyere terus dipindo ku awi meunang ngaruat anu saterusna mah dipindo ku haur gelempengan atawa ku tiwu kitu lakuna teh aya kana tilu bulana nyaeta mangsa Andi keur digemleng ku elmu-elmu sejena dina dekna ayeuna dicoba tetela matak reugreugikeun anu ngagemlengna da eta weh tiu gelempengan teh ngan sabletok-sabletok we parotong sedeng jeung suku anu diteungulna mah saeutik oge teu kerel-kerel.
Atuh waktu dicoba ku haur atawa ku awi gombong gelempengan. Andi teu cecel teu bocel malah kalaka awi anu beulah. Ibarat awi anu rek dijieun palupu. Waktu dicoba leungeun buntungna anu geus ditingkatkeun kakuatanana leuwih-leuwih matak kaget anu ningali. Da eta we dahan kai pasang anu gedena sagede pingping teh nepikeun ka ngadorokdok beunggas. Atuh Ki Jantra nu harita nyaksian nepikeun ka ngorejat baka tingkuwas lantaran disangkana matangkal kai pasang teh rek runtuh sarta tane anu ditincakna karasa inggeung lir ibarat aya lini luluwukan.
Ngan saminggu Andi aya ditambak baya poe ka mah manehna teh indit. Tapi samemeh indit, Aki Musani ngagelendut deui ku sagala pituah sarta wujangan anu teu kurang pentingna pikeun nyorang hirup jeung kahirupan sangkan pinanggih jeung kasalametan sarta kabjaan lahir batin. Pangpangna mah ulah ngalajur nafsu anu kadituna teh matak cilaka. Ceuk sakaol cenah nafsu teh ulah dipaun sabab moal bisa dipaehan tapi kudu dikadalikeun.
Sabab ari nafsu teh aya tilu unsur nyaeta sahwat, godob jeung natiko. Sahwat mah sipatna melencing, rarampas, leungi ti kaera, kecing, koret, mentingkeun diriadi sarta mangsa bodo kana naon-naon kajadian anu aya di sakureingeunana. Godog nyaeta tara daek ngelehan sok sanajan eleh, tara ngaku salah sok sanajan salah asa aing pangna resep dipuji kabatu resep nindas nandas aya pisan ras-rasan rek ngalakukeun nanaon teh beledag-beledug weh asal ngeunah ceuk sorangan ari natikoh mah sipatna bijaksana daek narima nasehat atawa pituduh ti batur anu kira-kira mawa mangfaat Daek narima elmu sejen bohikeun diri pribadi bohikun kepentingan hirup kumbuh resep nyieun kahadean sarta nyaho mana bener mana salah tah ku ayat natikoh ieu anu ngabedakeun manusa jeung sasatoan lantaran sasatoan mah ngan ukur kaancikan ku nafsu syahwat jeung godog kitu di antarana papatah Aki Musa ka Andi anu katarimana ku Andi mah kacida pikabungaheunana Lantaran anu karasa ku manehna kanyaahna Aki Musani teh lain ngan saukur kanyaah guru kanu jadi murid tapi teu beda we jeung kanyaahna ka anak atawa incuna pribadi tiak baya teh nyimpang heula ka Ki Odih di jangkurang kapaksa kudu ngarereb sapeuting lantaran Ki Odih keukeuh hayang diendonganus kitu weh keur saning Pangeran Sasat nu jadi marga lantaran maneh bisaanggih dei jeung sialara sarta Bahrowi.
Saperti anu geus dicaritakeun tiula yen karna teh aya di Gunung Kancing. Saanggeus salila-lila aya di dinya, jorojoy aya pikiran hayang marulang ka gajah ngambung. Lantaran ongkoh aya maksud sejenna rek ngaranjah ka lembur jangkurang. Harita teh anak buahna dibagi dua. Lantaran ari ngabring mah bisi matak nyurigakeun beh dituna teh bisi katohian manten kunu rek didatangan. Pokona mah anu kudu dijaga teh di jalanna. Ari ngabring-ngabring mah matak jadi bahan kacurigaan.
Nya diputuskeun anu kakajah ngambung mah wigena jeung limaan baturna. Sedengkeun karna Bahrowi Sudinta katut jumantta aritang urang. Harita aritna teh mup poek puguh rek ngalakukeun gawe demi ti bongohna. Inurana mah geus nyata nyaeta imahna suandana anu kaitung pangjugalana we di jangkurang mah. Kabeneran daratangna teh sawaktu pisan jeung Andi sarta Ki Jantra anu ngarendong di imahna Ki Odih. Sedengkeun posisi imah Ki Odih teh aya di sisi pisan lembur anu sajolna ti jalan torobosan.
Puguh we barang jol oge gebligna teh kadarengeun kuu di jero imah. Pikeun Andi mah anu teu leupas tina rasa curiga boa-boa cenah. Geuntak wae manehna kaluar. Ana breh teh bener we pertela ngembang boled horeng anu keur diteteangan. Sanajan harita peuting geus kasimpe tapi ari deudeulean mah teu samar deui lantaran kacaangan ku bulan anu datangna k peutingna keun. Komo kakarna mah geus teu kapalingan lantaran dina dadana nyeplok gambar lancah mau.
Kabeneran Jaka andika teh ku aing keur diteteangan. Andi ngajorelat ngahadang jajalaneun nya kitu deui Ki Jantra sarta Ki Odih jungjleng kigireun Andi. Sanajan ditutupan oge cungur sia euy. Kaciri culia rumpung Barowi. Ceuk Ki Jantra bari ngaggak. Puguh we boh karna komo deui Bahrowi keur mah ngarasa reuwas aya nu ngahadang katurug-turug Andi pisan. Eh utan teh hirup keneh sia teh Buntung. Ayeuna rek naon yeuh? Rek sosoroh nyawa.
Bae ku si Jaka moal burung ditedunan deuleu montong kalah hohoak sia teh. Jaka buktikeun heula saha nu asor sah nu unggul. Hadde bari saburut bae karna ngirimkeun jurus gunung gugur dina ulin padingdang. Lantaran lamun kapheulaan babar ulah-ulah bakal pinasti jeung cilaka. Eit garang keneh geuning Jaka. Andi ukur ngageserkeun kuda-kudana. Duk panimpug karna ditakis ku leungeun katuhuna. Memeh Andi narajang gilek karna ngalegot ka katuhu bari ngangsrodkeun suku kencana ka hareup.
Hiuk peureup kencana diasupeun anu satuluyna disusul ku peureup katuhu minangka jurus kembar anu datangna patutur-tutur maksudna hayang ngarubuhkeun lawan sakaligus tapi sakali ieu mah Andi teu ngarobah kuda-kudana du leungeun kenca karna teh ditakis ku leungeun katuhu ah ceuk karna ngagoak bari ngajaul ka tukang lantaran leungeun katuhuna dipapag ku leungeun buntung tapi lantaran manehna geus cukup ngawasa elmu batu karang karena masih bisa nahan pangaruh leungeun buntung anu sakitu hebatna monong ngejat sia Jaka ceuk Andi nyusul tepus sakali ieu mah si Jaka teh moal sina lolos haram pikeun aing kudu ngejat ku pantar sia buntung karena bari ngagentak ngolekeun awakna dina gerakan pucuk awi ka tebak angin teunggeulan ujunganana ti geus hasil ngahanca punuk Andi tapi pikeun manehna lain deui matak ngaranjug tetela Andi teh kuat nyanggana Ngan ukur ngareuk saeutik sarta leungun buntungna ngahiuk neangan sasaran.
Tapi hanjakal teu keuna kana sasaran lantaran karena kacida tapisna ngagunakeun gerakan pucuk awi kat tebak angin anu ayeuna geus leuwih hebat lantaran geus disampurnakeun salila cicing di Gunung Kancing. Coba ragap awak aing Andi. Ceuk Harna bari ngoleabkeun badanna ka gigireun Andi sarta hiuk teungulan ujunganana teh rek dipake ngahanca punuk deui. Cukup sakali jakaal ceuk Andika ngagentak ngawangun gerakan jukut riut anu pikeun karna mah geus matak ngaranyug deui bae lantaran tetela punuk anu geus nyampeuk teh hese pisan rek dihanca dihanca deui tetep teu keuna mong kalakah joget jaka ceuk Andi bari nejekeun sukuna dina jurus walang sungsang sarta teis deui cekuk ka kemplong karna teu bisa disalametkeun anu balna daek teu daek manehna kudu ngajongkeng tapi bener Karna teh miboga daya tahan anu kacida hebatna manehna ngagentak hudang.
Tapi sanajan kitu ari pangaruhna mah panejeh Andi teh lumayan matak seueuh. Cacak lamun lain ninggang ka manehna. Tangtu badanna geus tutung lantaran panejeh Andi teh lain samane puguh jurus walang sungsang anu geus dieusi ku ajian semu gunting di sejen pihak nyaeta Jumantta anu keur patutunggalan jeung Ki Odi. Harita geus ting hari ngagunakeun bedogna tapi tetela pangabisa Jumanta aya dishandapeun lawana. Eta weh lamun manehna teu rikat mundur geus tangtu bakal kacolongan nyawana.
Gerakan berog dina jurus turih wajit pangleler tim Mad Tasim anu jadi guruna. Najan teu pati sakumaha hebatna digunakeun ku Ki Odi. Tapi tumrapna ka Jumantta mah kacida matak ripuhna. Nepikeun ka sababaraha kali manehna ngalaman ti babaranti ngejat pikeun nyingkahan panarajang lawanna. Ki Jantra anu keur disanghareupan ku Bah Rowi jeung Sudinta. Sanajan bener manehna dihur ku duaan tapi saeutik oge teu pisan ngarasa seber.
Malah dina narajang teh Bahroi geus teu beda we jeung bagong bayangan. Manehna ngarasa gemes kacida. Geus mah aya pasal samemehna katurug tadi disabit-sabit ceuli rawingna. Tapi Ki Jantra anu gerakanana geus mantep sarta hatena geus toh pati bebeakan dina tarungna. Kurang-kurang cingceung mah nu jadi lawan teh geus moal hanteu. Duanana pasti bakal kaleungitan sirah dihakan ku bedogna Ki Jantra. Borelakna bedog anu kasorot sinar bulan kacida matak seber hate pikeun anu borangan.
Hiuk bedog Bahru ukur karasa anginna. Tapi ku Ki Jantra geus bisa kajudi ti mana jolna korbati bedog Sudinta nyuruntul ti hareup rek ng hanca sira Ki Jantra teu gugup ngagentak Nyerongeng cari barengan suku katuna ngangsorod ka hareup saah rek ngadeukeutan Bahrowi anu ayeuna aya di katuhueun Sudinta hiuk bedogna disabetkeun ka katuhu dibarengan suku katuna ngajengkat sajalan jeung gerakan bedogna terang-terang dua bedog geus hasil ditakis kitu kulawi ti bedog Ki Jantra disabetkeun ka kenca dibarengan ku gerakan suku Kenca.
Ki Jantra sakali imah narajang ngagunakeun gerakan cacar bolang meunang mulungan ti Andi anu tumrapna ka Bahowi jeung Sudinta lain deui kagetna lantaran jelas beuteungna rek dibeset ku kituna ngagentak duanana ngajaul ka tukang mun Bahroi mah salamet lantaran kaburu ngejat sudintama gerakanana teh leuir teuing balukarna teu burung kulit beuteungna katodel ku congo bedog sanajan teu nepikeun ka budal badil oge eusi beuteungna tapi kulit beuteungna mah tetep katu Setah Sudinta ngagoak bari peureum sarta nungkupan beuteungna ngarasa hariwang sok sieun enya eusi beuteungna teh ngaburusut karena nu ayeuna geus tandang deui teu talangke sebrut narajang dina jurus badak cihe tapi Andi kalawan sakilat ngawangun gerakan jukut riut plos badan nubruk angin sarta culana oge plusplos teu keuna kana sasaran hiuk teungulan kedet andi dina ulit Madi teh ngahanca punuk lawan tapi karena rikat ngagilek bari nakis ku leungeunna desa kakuatan bantrok hiuk leungeun buntung nyuruntur rek nuotog dada karena ngagentak kenca bari narik suku kencana ka tukang des leungeun buntung dihanca ku teungulan ujungan and ngajorelat muiun badanna bari ngangsorodkeun suku katuhuna ka hareup serut ngasupkeun tonjokan leungeun katuhuna tapi karena rikat ngalelepkeun badanna dina gerakan sero nyusuk Terus ngajorelat gigire and bari sukuna and rikat ngawangun gerakan malangung mangka-mangka anu dihantemkeun teh leungeun buntungna anu teis ngabeletuk kana muncangan karna anu tumrapna ka karna manehna nepikeun ka ngagoak nahan kanyeri.
Tapi nya kitu lantaran karena miboga ajian batu karang manehna teh ukur engke-engkean we. Hayo geura ketrukeun kabeh pangabisa teh Jaka Andi ngajaga teu terus narajang hayang nyaho kumaha ketakna heula nu jadi lawan alah wah kagede hate sia untung angguran mah geura lawanan ieu bedog aing ceuk karna bari seret mesat bedogna can nanaon geus ngaluarkeun siia jaka bae urang layanan ieu ku suluh tembal andi bari seret nyabut haur koneng anu diselap Dina tonggongna ka dieu urang cacag ku aing tah regang teh.
Ceuk Harna nganaker pamikirna naon atuh kakuatanana haur koneng dibanding bedog manehna. Nyarita kituna teh bari saburut bae narajang ngagunakeun gerakan lancah maung. Eh Andi ngarenjag lantaran gerakan lancah maung teh sarimag pisan jeung gerakan ruyung kawung Wijana. Tapi lantaran gerakan bedog karna teh kacida hebatna dibandingkeun jeung gerakan duyung kawung Wijana, Andi teu loba mikir deui manehna ngakeunak luncat ka Gigir bari nyabetkeun haur konengna derekdek derekdek haur koneng dihakan ku bedog karna sarta akibatna kacida hebatna lamun gerakan bedog karna ngadadak muihna jadi ngendoran lantaran seuseut katahan ku gerakan haur koneng sedengkeun badan Andi mah nepikeun ka ngageternahan lantaran teu beda weh haur Koneng teh jeung anu diasupkeun kana jari-jari puteran seukeut bedog.
Tapi tetela ari haur konengna mah teu cecel bocel. Reg gerakan bedog karna eureun. Jelat manehna kagigireun Andi bari satekah polah nyabetkeun bedogna. Tapi Andi teu kapalingan gerak manehna ngagendak Nyerongenca bari ngababadkeun haur konengna. Bedog karna dibabuk koleweng jeng. Bedog karna meceleng. Hiuk haur koneng dipake ngababuk suku. Tapi karena teu ieu ngejat manehna percaya sapinuhna kana kakuatan ajian batu karangna.
Kalaka sakilat ngahembatkeun teungulan ujungan kana punuk Andi anu kayaanana teh keur doyong. Teu anta parah deui gejret teungulan ujungan teh ngahanca punuk Andi. Bareng jeung eta haur koneng Andi geus teu bisa dicegah dei ngahanca bincurangkarna. Pamiarsa sadayana nu baruday. Lain deui hebatna atuh Balukarna. Mun Andi mah teu kerel-kerel, tapi Balukar anu tumibaka karna mah lain deui manehna kontan ngoceak sarta badanna langsung ngarumpuyuk.
Leungit budi ilang daya ngalaman ngalungsar di pakalangan. Bari mulas-melis manehna teh sasambat. Ah aduh tobat. Ah tobat Andih kaula ampun ampun. Ceuk Arna, badana geus taya daya upaya lir kapaskeun ku Ibun. Bahroi bareng mireng sialara ngalungsar di pakalangan bari teu daya upaya. Manehna lain bebela narukeun pati kanu jadi gegedugna, tapi ieu mah kalakah cul ki Jantra beungbeeng bae lumpat mapay jalan anu tadi. Jumanta katut Sudinta nya kitu keneh teu sirikna paheula-heula mangplet nuturkeun Bah Rowi.
Geus puguh Sudinta nu geus taya untupan deui mah. Tatu dina beuteungna beuki dieu teh karasana beuki peurih. Sawios Pajantra te kedah diudag engke oge moal ka mana sawios. Andi gentak ngahulag ka Ki Jantra anu geus sabenyeng-belenyengna we rek ngudag. Eh Jaka coba ayeuna geura Budi dosa andika geus kacidaan numpukna karahayat nimbulkeun kabalangsakan gawe ukur babadog jeung rarampog saeng-nengna kaula andika geus nyieun fitnah naon anu dipalar ku andika teh naon dek nepakeun geugeuluhu geus komo ka Nyi Tarsiah Andika geus ngagadabah kahmatanana nepikeun ka ngaja di buah.
Tapi tetela andika teu tanggung jawab malah make aya guam rek nepakeun geugeuluk ka kaula. Heh. Memang Andika teh Jaka geus tai hampuraunana euweuh guna dihurupan oge. Ceuk Andi bari ngamangkeun haur konengna. Sedengkeun karna sumegruk nyuuh kana taneuh, Cipanona murubut bari ngarasakeun kanyeri dina bincurangna anu geus teu bisa deui dicengkatkeun siga nu lumpuh. Bari ngarasa paur sok sieun Andi bener-bener luas ngahukuman sakadaekna.
Anu pikeun manehna mah ngan saukur bisa pasrah kana naon anu baris tumiba. Sanajan manehna masih keneh betah di alam rame. Ampun Andih. Kaula nedah hirup ampun. Ceukna nyaritana melas-melis. Teu perlu ampun Jaka oge anjeun teu perlu lila-lila hirup arian saukur ngagalak sakemas teh Jaka. Ceuk Andi bari rek ngahiukeun hawuru koneng dipake ngababuk sirah karna. Tapi ngadadak gerakan hawur konengna teh ngarandeg. Lantaran kadenge galindungna sora Aki Musani nungtoreng keneh kana ceulina.
Andi omat musuh anu geus menta dihampura mah ulah dibinasa. Hah? Teu meunang dibinasa. Memang saur Aki Musani musuh anu geus menta ampun teu meunang dibinasa. Tapi da si Jaka mah lain deui. Lamun teu meunang dibinasa, tangtu manehna kudu dirangkepkeun jeung Nyi Tarsiah. Memang ieu teh pamentan Nyi Tarsia anu teu jaah jeung kahayang hatena. Miharep si Jaka Soh lantaran butuh ku bapa pikeun anak anu keur dikandungna. Sanajan anu sabenerna mah manehna miharep ka diri aing.
Tapi manehna nolaka ka aing lantaran butuh sosok bapa pikeun anakna. Lamun si Jaka ti dunia, tangtu manehna moal nanduk ka aing. Kadar eta anakna butuh bapa, aing oge sanggup ari kudu jadi bapana mah. Gerentes Andi bari ngahembatkeun deui hawur konengna. Tapi waktu rek sabekbekun ngadadak manehna ngeureunkeun deui haur konengna. Sabab kadenge deui omongan Aki Musani nu anyar pisan katampa ku manehna. Lamun aing nepi ka ngabinasa si Jaka nganung harti aing teu ngabogaan sifatnaoh tangtu aing te beda ti sato.
Duh hapunten abdi aki. Andi jumrit tina hatena bari panuna peureum satikah polah ngalawan nafsuna pikeun ngabinasa karna alias si Jakalara. Teu anta parah deui bes bae hawur konengna teh dibebeskeun kana lebah tonggongna. Ampun Andih. Ampun. Karena pok deui pok deui ngalengis menta dihampura. Hade Jaka ku kaula dihampura. Geus kitu mah. Lain kitu nya. Hade hade Jaka ku kaula dihampura. Geus kitu mah Andi gewat nyampeurkeun ka Ki Odi.
Maksudna rek bebeja yen moal jadi ngendong. Lantaran si Jakalara teh rek dibawa ka lembur ujung. Uting eta keneh. Puguh we Ki Odih teh ngarasa hanjelu tapi manehna bisa maklum kana alesan Andi. Antukna mah geus teu bisa kumaha manehna kapaksa ngidinan. Nya geus kitu mah bral bae arit ninggalkeun jangkurang bari ngagondeng karena leumpang mapai jalan anu ngan saukur dicaangan ku cahaya bentang sarta bulan sapasi anu cukup teu matak ti tatarajong.
Pamiarsa sadayana nedunanana mah memang enya karena teh teu jalir kana kasanggupanana. Sanggeus dua poe aya di lembur Hujung, Prung Bae Karna teh dikawinkeun ka Nyi Tarsia. Malah Andi oge nyaksian lantaran manehna ngarasa hariwang sok sieun karena kabur dina waktuna. kawin dilaksanakeun kalawan rerencepan ngan saukur tatangga anu dareukeut weh anu dibarejaan teh sakitu oge geus cukup pikeun nganyahokeun yen Nyi Tarsiah bener-bener geus boga salak tapi nyaeta ayana karna di lembur hujung teh ngan ukur kana samingguna poe ka mah karna teh les bae ngiles ti imah Nyi Tarsia paribasa leungit tanpa lebih ilang tanpa karana Sasatna mah manehna teh indi te karana pamit, lunta te karana bebeja, cohagna mah kabur jadi pamajikan.
Puguh da kawin oge ku kapaksa meh sieun ditandasa ku Andi. Puguh we tumurapna ka Nyitar siah mah lain bae mangrupa teungulan batin anu kacida hebatna. Manehna ngarepkeun karna teh lantaran ngingetkeun kanu keur dikandungna. Di mana orokna brol ka alam dunia teh aya nu ngabaeukeun ku bapana pribadi? Atuh dina jaga geus gede budak teh moalna tanyakeun nu jadi bapa da puguh salilana katungguan. Tapi ayeuna bet kieu kabuktianana anu pikeun nyitar sia mah kalah kan nambahan kasedih kapeurih lantaran ayeuna mah tetela peta lakuna si Jakalara teh teu beda jeung Bangbara.
Manehna diseuseup mangsana keur seger ngandung madu mamanis. Geus layu mah dipiceun teu beda we jeung miceun runtah kajarian. Ngan anu jadi tenang teh pedah we ayeuna mah geus kasaksian ku tatangga. Yen manehna boga anak teh ku ngaliwatan usikum kabale nyungcung. Teu hariwang lamun disebut ngandung anak teu bapaan teh. Tapi sanajan kitu tetep we hatena mah sedih peurih lir ibarat geurihan jajantung asa didudutan kabina-bina ku sabab kanyunyenyerian kunu jadi salaki.
Boro tadina mah diharepkeun sanajan bener ka manehna teu misuka atuh nyaah-nyaah kanu jadi anak. Heueuh cineukna mah daek-daek nungguan nepi ka orokna gubrag ka alam dunia. Ku kituna mah Nyi Tarsia teh geus teaya halodo panyadapan deui. Beurang peuting gawena ngan sumegruk nalangsa jeung ceurikan nasib dirina nu sanyatana mah ieu teh lain kahayangna sorangan. Tapi samata-mata keuna ku pamaksa nu jadi bapana nyaeta Ki Jantra nalika masih keneh jadi anak buahna si Jakalara.
Pamustunganana kalawan teu kanyahoan ku sapangeusi imah. Gereles bae Nyi Tarsiah teh kabur ti imahna. Atuh lain deui bungbengna Ki Jantra dibaturan ku Andi Maluruh ka ditu ka dieu. Kaler kidul ngulon ngetan teu sirikna mebes disungsi. Tapi luput Nyitar Siah teh teu kapanggih malah teu kasusud tapak-tapakna acan. Geus disungsi ka imah Adria dumeh manehna teh kawawuhan Andi weleh teu kapanggih. Malahan waktu nepungan Adria teh Andi kalah kadi wawadian.
Majar teh kade cenah ulah balangah. Sing caringcing pageuh kancing saringset pageuh iket. Lantaran si Husein teh ayeuna mah sasat ngakalakeun dumeh eta Nyi Eis katingalina teh siga nu teu pati madep kanu jadi salaki. Anu ceuk si Husein mah cenah Nyi Euis teh tangtu diheureuyan ku Andi. Hah? Astagfirullah. Nyaan bener nu torogaan si Husein teh nya Pia. Teu naon-naon tangtu manehna teh ku abdi bakal disanghareupan sacara lalaki.
Andi nyaritana rada heuras. Ku kituna mah Andi teh ngarasa katurug katutuh. Geus puguh bebendena direbut. Ayeuna ngadon dituduh anu lain-lain. Namung Jang Andi manehna teh ayeuna boga andelan nyaeta guruna si Jalal jeung si Badra. Teu naon-naon P. Ari nyata-nyata mah manehna miharep sarta mikabutuh nyawana si Andi. Bae ku abdi oge moal dipake ngejat sanajan satunjang beas. Andi ayeuna mah nyaritana bari semuunyeuh. Eukur mah manehna keur meujeuhna bingung balas mikiran anu leungit.
Hayoh deui ayeuna ngadon meunang beja anu teu pikagunaheun. Nya munasabah we lamun getihna langsung naek ka luhur. Tapi kituna teh teu lila gancang bae manehna me hate ku cara maca istigfbar sababaraha kali. Andi teu lila di Cipancar teh. Saanggeus nepungan Ki Sahudi katutbina manehna balik deui ka hujung bari mawa kabingung anu pohara pikiranana museur ka Nyi Tarsia nya kudu ka mana neanganana bari leumpang teh teu weleh ngahruk tungkul pipikiranana ku malayang teu paruguh cacakan lamun teu dibarengan ku Ki Jantra mah geus tangtu Andi teh bakal ti gurawes kana gawir eukeur mah kaayaan poek katurug leumpang teh estuning teu malire deui kana tincakeun.
Cag urang tunda heula lalampahan Andi. Ayeuna urang nyaritakeun kumaha kaayaanana karna. Sabelecetna ti lembur hujung teh biwur bae ka gajah ngambung. Ari jol teh kasampak anak buahna kabeh keur ngariung. Puguh we pikeun Bah Ruwi mah lain deui ngarasa reuwasna lantaran manehna teh ngarasa boga dosa beunang disebutkeun teaya pisan kabelana kanu jadi dunungan. Atuh tumrapna kakarna barang ningali Bahrowi ujug-ujug pudigdig we napsuna teh bijil.
Puguh geus diajam ti anggalna. Teu anta parah deui. Ngan habek-habek bae Bahrewi teh dihujanan ku panyiksa sarta saeutik oge teu dibere ampun. Sanajan geus adu-aduhan menta ampun sarta totbatan teh. Terus we dihanca digebot sarta dijejekan. Geus puguh ditampilingan mah matak paur anu ngadengekeun. Anu saterusna Bah Rowi teh diluluh teu beda we anu keur ngaluluh taneuh keur bahan kenteng. Anu pamustungannana mah jedak bae Bahrowi teh dibabuk ku teungulan ujungan anu tumeratna ka Bahrowi ukur bisa guranggerung sarta satulu mah manehna teh ngajehjer teu eling-eling beres ngaluluh Bahrowi karena ngareret ka Sudinta jeung Jumanta sarta teu antaparah deui seak gampleng-gampleng anu duaan teh ditampilingan pilih genti.
Habekabek jurus jongjolong notog teh dipake latihan ngahanca gaduh anu duaan. Ceko ceko bobokongna dijejekan nepikeun ka antukna mah duanana teh narangkuban. Sudinta katut jumanta ukur bisa gegerungan bari sanduk-sanduk menta dihampura. Geus untung teu nepikeun ka di luluh siga Bah Rowi oge. Lantaran dina pikirna karna. Wajar lamun Sulinda jeung Jumant mah kabur oge lantaran tingkat pangabisana jauh hanap pisan. jeung dina kaburna oge pedah ningali Bahrowi anu mangprula ret karna kawigena jeung batur-baturna anu ningali anu keur amuk-amukan teh maranehna bati ngadedempes teu beda jeung titinggi digebrig napasna satekah polah dipareg sok sieun si jakalara teh jadi murang maring kamaranehanana cacakan kuningali oge geus matak kukurayeun tapi alusna teh karena teu katutuluyan murang kanu sejen geus karuhan ningali Bahrowi Sudinta katut jumantta ngajaloprak mah manehna gek wae diuk dina batu bari panona mah buburilengan sakur anu kareret mah kabeh tingis sok sieun dipake meupeus keuyang ingetkeun ku kabehan sing sabay anu ngabogaan hate kecing leutik burih sarta wani ninggalkeun babaturan tanpa izin kaula tangtu moal bina ti kie I bisa-bisa hukumanana lewih ti kieu.
Didudut nyawana oge ku aing teu nanaon. Pokna bari panuna mah tetep muncereng. Anak buah dipelong hiji-hiji anu tumrapna kabeh ngayekyek jempling te wani nyuara pangaruh hate anu beuki peot. Poe harita mah kabeh gawena ukur pating laliud teu puguh. Hate bangreung kunu jadi gegedugna anu katembongna baketut haseum. Re peuting asa beuki teu paruguh ngadon nyaksian Bah Rowi anu gegerungan ngararasakeun balas panyiksa urutari beurang.
Sudinta ngarasa tatuna urut sabetan bedog Ki Jantra teh asa tambah nyanyautan. Ngan jumta anu rada meueusan teh. Tapi ari pamuluna mah nguyung teu beda we ti hayam anu kaceke. Caturkeun isukna karena kakarada sare. Malah kawigena mah manehna geus daek ngajak nyarita. Atuh pabeurangna manehna nyalukan Arda Sim. Sing horeng teh rek ngajakan ka Cisaat. Nyi Enoh geus heubeul teu diteang-teang. Ku kituna mah Karna teh geus ngarasa sono lumayan weh jadi ubar kana hatena anu keur karusut.
Rek dikeureuyeuh soteh bane wae Nyi Enoh mah teu ujug-ujug ngabereuhilureuh siga Nyi Tarsia. Da ari rupana mah memang jauh lamun dibandingkeun jeung Nyitaria. Manis Nyitar sia mah kempot kitu nya. Teu kungsi lila Karna jeung Arda Sim geus ngagaredig muru ka Cisaat. Kabeneranana teh deui Sukri bebende Nyi Enoh oge keur megog we dicisaat. Sakitu geus kanyahoan Nyi Enoh Nyolowedor oge. Eh keukeu weh Sukri teh ngaheroan.
Ku kituna mah hatena geus murilit pageuh ka Nyi Enoh. Atuh Nyi Enohna sarua deui itu ieu dilayanan malah boga rasa bagja dumeh ku itu ku ieu pada misuka. Puguh we sukri lain deui ti buburanjat mireung si Jaka datang ka Cisaat teh. Untung keneh sakitu oge teu nepi ka kanyahoan. Ku kituna biricit bae manehna ngacir bari hatena mah tetep nga kanu ditinggalkeun. Atuh ka si Jaka lain deui ngageremetna dumeh ngarasa diganggu kanikmatanana.
Eluh pamiarsa sadayana waktosna geuningan parantos teu nyekapan deui nya. Cag urang tunda ieu lalakon si buntung jago tutugan. Insyaallah kin urang lajengkeun dina episode anu salajengna. Bobot sapanon carang sapakan. Cag urang tunda dihanjuang siang urang teuneun di hanuleum sieum. Paranti nyokot ninggalkeun mangsa datang ka sambeur deui. Wallah mufik. Wasalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.
The words are the caption track's own and nothing is reworded or re-transcribed. Paragraph breaks are placed between sentences so the text reads as prose.
Free tools for your own script: paste a draft and see where it stands before you record it.
Paste your draft and see where viewers are likely to drop off, with a rewrite for each weak line.
Paste the first 30 seconds of your own draft for a hook score and rewrites.
Check your draft against YouTube's advertiser-friendly guidelines before you record it.
Read this channel's public videos and transcripts, and download a writing brief for it.